Carita Lucu

Palanggan Online

Jaman digital mah usaha téh teu kudu maké modal. Asal bisa ngamangpaatkeun platform pasar digital, nyaéta jadi dropshiper.

Share
Share

Ku Asép Muchtar

Jaman digital mah usaha téh teu kudu maké modal. Asal bisa ngamangpaatkeun platform pasar digital, nyaéta jadi dropshiper. Kari ngabagikeun produk, terus nyambungkeun ka dieu ka dieu. Genah pan meunang bati ari gawé lolobana bari gogoléran.


Aya kana sabulanna jadi dropshiper téh. Enya ti saprak dieureunkeun gawé wé da pabrikna bangkrut.

Mangsa jadi pagawé balanja online téh ukur keur soranganeun. Ti harita mah jadi didagangkeun. Ti mimiti tuangeun, pakéan, nepi ka aksésoris hapé. Sakali waktu mah, ngapdétkeun kopi dina SW nu dibagikeun otomatis kana Facebook. Loba nu harayangeun. Samalah mah Aji langsung pesen.


“Sabaraha nu kitu?”


“Opat puluh rébu, 250 gram, kopi arabika Gunung Halu,” cekéng téh.


“Ngeunah teu?”


“Kapan nu di Kafé Ngopi Santuy gé maké éta,”


“Heueuh atuh, pesenkeun nya?”


“Rék nu kumaha spesifikasina, biji atawa giling?”


“Biji wé,”


Kitu ringkesna mah. Laju pakét téh datang. Manéhna gé ngiberan. Nga-WA rada teugeug.


“Naha bijil téh nu kieu?” cenah dina katerangan foto na WA.


“Pan didinya lain pesen biji kopi?” témbal téh. Da salaku padagang mah nurutkeun kumaha nu dipesen wé.


“Ari sugan téh nu kari siap ditinyuh?”


“Éta mah ngaranna digiling, rupa-rupa éta gé, aya nu giling halus, sedang, jeung kasar, gumantung prosesna,”


“Kutan téh kitu? Gening rada pabeulit ogé nya?”


“Ngaranna gé kopi kelas atuh,”


“Terus ieu biji kopi dikumahakeun?”


“Nya digiling atuh maenya dibaheum!”


“Digiling ku naon?”


“Aya alatna. Rék pesen?”


“Cik nu kumaha?”


Dikirim foto grinder. “Tah éta tujuh puluh rébu,”


“Sok lah pesenkeun!”


“Tah nya, mun geus bubuk, ditinyuhna gé maké alat,”


“Heueuh apal urang gé,”


Ngirim foto Vietnam Drip, “Ieu mah murah ngan salawé rébu,”


“Sakalian jeung éta,”


“Aya deuih nu V60, eudeuk,”


“Ah, hayoh wé, moal sakalian nawaran jeung tékona?”


Kuring nyakakak. Ari milik nya, teu karasa, tina ngabandungan nu kuciwa, bisa nambahan barang nu kajual.

Majalah edisi 3010

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carita Lucu

Pahili Kérésék

Ku Imat Rohimat Bungah pisan mun kantor ngayakeun raraméan. Sidik ceuyah ku...

Carita Lucu

Buah Beulah

Ku Asep Subagja Nu matak ulah sagala teuing diaplod, boh di media...

ilustrasi carlu ngodok saku
Carita Lucu

Ngodok Saku

Ku Ratna Kusumaningrum Pédah sababaraha kali upload SW difoto jeung Pa Déwan,...