Ku Fredi Kusuma
Rarancang pikeun rèrèndèngan nu geus ditataharkeun tèh jadi ruksak alatan duit! Patutur-tutur, duanana kakeunaan musibah. Teu gugur teu angin, Ridwan nundung Rènaldi di tempat gawèna. Keur kitu tèh indung jeung adi bungsuna katarajang panyakit TB paru. Di sagigireun èta, imah Èlma kaurugan, kebon jeung sawahna gè katutupan taneuh. Najan pada leungiteun simpenan pikeun jatukrami, duanana angger miara rasa cinta.
Saminggu sanggeus Rènaldi teu gawè di kantor majalah, Ridwan kabèjanakeun gering parna. Éta lalaki bucitreuk téh batuk tuluy utah getih. Getih semu hideung lalambaran ngabulen paku. Tengah peuting, jelema nu kumawasa di kantor tèh dibawa ka rumah sakit. Manèhna teu walakaya.
“Pa Ridwan téh ngantunkeun?” Èlma nandeskeun.
“Kitu rupina mah,” témbal Rènaldi.
Peuting ngadangding dipirig miripis ti isa. Di rohang tamu, Elma jeung Renaldi tepung sono.
“Nèng mah sieun…”
“Sieun kunaon?”
“Sieun kaleungitan Aa’,”
“Ih, da unggal jalmi gé bakal maot,”
Maranèhna geus layeut. Bakat ku layeutna, jadi remen mucunghul sieun pipisahan. Najan papada apal yén jodo mah rusiah Alloh Swt. Duanana maheutkeun jangji, rék ngaléngkah babarengan ka Balé Nyungcung. Najan nu diliwatanana jalan nu rumpil.
“Ibu, kumaha damang?” Èlma mèngparkeun obrolan.
“Alhamdulillah tos mendingan. Si bungsu gè sami. Oh enya, enjing Aa’ bade mios ka Garut. Andum dungana, Nèng…” pokna Rènaldi. Rènghapna karasa beurat.
“Muhun, Nèng mah teu welèh ngadunga nu saè kanggo Aa’,” Èlma mairan. Panon buleudna ngagilir kana kalénder nu aya gambar dirina jeung lalaki tegep ngaranna Rènaldi. Èlma ngabuleudan tanggal saban Rènaldi indit ka Garut. Kagiatan nu ngalindih jadwal apèl.
“Nèng sing sabar nya, mugia sagalana dipaparin kalancaran.”
“Aamiin,”
* * *
Ceuk béja nu kabawa angin mah, mun aya nu papacangan boga karep rék pasini diiket jangji suci, bakal nyanghareupan rupaning dodoja. Bisa jadi dodoja nu teu kabayang ti anggalna. Ujian nu meureun karasana beurat pisan.
Dua kulawarga geus pada wanoh, jeung silih anjangan. Rarancangna, khitbah sanggeus Lebaran, nikah di bulan Rayagung. Tapi asup bulan Rajab, Rènaldi geus teu bogaeun duit. Samalah nganjuk ngahutang keur nutupan pangabutuh.
Tabunganna bèak dipakè tatamba indung jeung adi bungsuna. Mèdis jeung non medis. Ujug-ujug gering parna tanpa ayana gejala mangrupakeun hal anu teu logis, najan duanana boga riwayat panyakit paru-paru. Beuki yakin satutas Rènaldi ngarasa awakna ngabigbrig sabot nyarèan kasur si bungsu.
Unggal disarèan, kasur adina sok baseuh waè lebah tonggongna. Lain baseuh ku kèsang atawa cihujan—euweuh rembes komo deui bocor. Sabot Rènaldi nyarèan èta kasur na ranjang dipan, manèhna gelut jeung panyakit, nu geuning pangirim ti popotongan adina. Kitu deui indungna nu geus taunan satru jeung tatangga—sarua sok ngirim panyakit sabot bongoh.
Sajeroning ririweuhan nguruskeun nu karitu patut, lalaki sembada gè bangun nu hariwang. Inggis paniatanna bolay. Ras inget ka dirina nu keur karerepet. Inget ogè ka kulawarga Èlma nu keuna musibah. Najan taneuh urug ukur nepi buruan, tapi kebon jeung sawahna bèak karuang.
Sagala nu nyampak, nu karasa jeung karampa, nu ngajurung Renaldi sangkan ngaléngkah leuwih jauh. Siga nu ngaharéwos, ieuh manéh téh dodoja na leuwih, kakuatanna gé kudu leuwih ti kitu.
Kudu kumaha atuh?
Mimitina mah baluweng. Bingbang ka mana rék nyorang. Sanggeus ngalenyepan, enya, da nu disanghareupan téh lain ukur nu karampa, aya ogé nu teu kaciri. Ditarékahanana, kudu ku nu teu kaciri deui.
* * *
Lalakon asmara Rènaldi jeung Èlma èstuning teu ngabulungbung. Renaldi paéh poso ngungumpul duit. Nu aya dina pikiranana ukur waragad keur nikah. Geus teu maliré godaan awéwé. Béda jeung Elma. Di antarana babaturanana aya nu jadi panglayar. Sok remen ulin-ulinan jeung babaturan, nu padahal mah méré kasempetan sangkan Elma bisa paduduan jeung jalu nu dijurungkeunana. Nu matak ambek nyedek ka Rènaldi, aya ogè nu datang ka imahna seja nanyaan nyi mojang nu geulisna tanding Raisa.
“Tingalikeun wè. Saha waè lalakina, deuk dikirim paku!”
Èlma mimitina mah nganggap heureuy. Barina gè, dina hatèna ukur aya Rènaldi. Èlma geus teu hayang mikabogoh ka lalaki sèjèn lian ti Rènaldi.
Tapi poè ayeuna, hate mojang kulit bodas beresih tèh kacida marudah. Ustad Karim datang deui jeung anakna, Ustadz Zakri. Munggarana datang, kulawarga Èlma nolak alatan geus neundeun omong ka Renaldi. Ayeuna mah bangun nu mèrè lolongkrang. Kapaksa alatan èra. Musibah urug ngalantarankeun kulawarga Èlma jadi boga hutang ka kulawarga Ustadz Karim. Modal tani tina nganjuk, nu kuduna dibayar tina hasil panèn. Teu katutup da keur dahar gé teu nyukupan.
“Nèng, ka dieu geulis. Ieu aya tamu…” indungna ngagentraan.
Èlma hamham deuk nepungan. Ukur ngeunteung. Neuteup sabeuleugeunjeur. Sakumaha nu ditepikeun ku Ustadz Karim dina ceramahna, nikahkeun budak awèwè nalika aya lelaki nu bener-bener micinta, jadi cara pikeun ngajaga ahlak.
Tok! Tok! “Nèng,” indungna ngetrok deui panto.
Najan horèam gè teu burung muka panto kamar. Diteuteup pameunteu indung nu sarua wegah. Sarua hamham sabot miwarang. “Tepangan heula wè sakedap mah.”
Kapaksa purun. Èlma ngalanggèor ka tengah imah. Salam ti kajauhan ka dua lalaki baju kamprèt nu melenghir parfum umroh. Sakedèt nètra neuteup Ustadz Zakri. Laju tungkul. Angger euweuh rasa najan èta lalaki tamatan pasantrèn, ogè boga gelar sarjana agama, jaba ti kulawarga nu boga tanahna hèktaran.
“Mangga dilaleueut. Duh hapunten teu aya nanaon,” indungna ngabagèakeun. Ari bapana mah angger mugen.
“Hatur nuhun. Ditampi,” kompak duanana mawa gelas eusi cai hèrang. Kedal bismillah. Diinum saeutik. Gelas ditunda deui.
“Janten kieu,” Ustad Karim karèk pok sanggeus dèdèhèman. “Maksad dongkapna ka dieu tèh…” sorana ngadadak peura. Ramo kèncana ngusapan tikoro. Sedeng nu ramo katuhuna nyepengan dada. “Badè taaruf, anu ka payunna insya Alloh janten tiasa ngalaksanakeunn salah sahiji parèntah… uhuk! Uhuk!”
Kompak deui duanana batuk. Nyarepengan dadana sèwang-sèwangan. Batuk beuki rosa. Ngadèngèna gè linu. Indung bapana Èlma mimiti tagiwur. Ari Elma mencrongkeun panonna. Nyaksian dua lalaki utah getih. Getih hideung lalambaran ngabulen paku.
“Hayu urang candak ka rumah sakit!” Indungna Èlma hariweusweus.
Batuk teu eureun. Anggur mingkin rosa. Getih jeung paku kaluar beuki loba. Duanana ngagolèr, guling gasahan dina getih maranèhna sèwang-sèwangan.***
Leave a comment