Ku Imat Rohimat
Bungah pisan mun kantor ngayakeun raraméan. Sidik ceuyah ku dahareun. Ari keur loba dahareun téa sok hayang kokomoan. Segut ngaremus jaba hayang ngaringkid keur dahareun di méss. Mangpang-meungpeung. Ngahajakeun meuli mah da sidik pakojot jeung pangabutuh. Ari ieu teu sirikna disampakkeun sagala aya.
Nu amisna aya dodol, donat, apem, getuk, ali agrem, jeung sabangsaning kukuéhan. Ditambah ku goréngan, ulén, kiripik, jeung balad-balad lalawuh sok ngajajar di minimarkét. Katambah rupa-rupa jenis bungbuahan. Geus kitu téh sangu tumpeng aya tilu. Kila-kila bakal loba sésa da diitung nu daharna teu kurang ti dua puluh jelema. Kasempetan badag cekéng téh.
Jarang aya acara ruang-riung kieu téh. Sakalina aya, dahareun matak barieukeun. Lain ukur acara tuang. Aya turnamen nguseup jeung rémi. Duanana gé kurang resep. Jadi sabot nu lianna aranteng, kuring mah metakeun operasi senyap. Néangan kérésék satilu-tilu. Keur nu amis, sabangsaning goréngan, sangu jeung deungeunna. Teu hésé. Sanggeus parinuh mah dihijikeun dina kérésék badag. Diamankeun wéh, ditunda di tempat nu rada mencil jeung teu matak curiga.
“Din, hayang mujaér embung?” Awan nawaran. Kuring unggek. Piraku rejeki ditampik. “Néangan kérésékna,”
Lantaran geus apal tempat nunda kérésék teu lila. Satutas turun ka tempat nguseup, horéng nu méré mujaér téh loba. Enya da nguseup téh nganteur kalangenana. Hasil nu sakirana saeutik jadi ngariridu mah dibikeunan wé.
“Alhamdulillah, nuhun, ah,” cekéng téh. Laju mawa kérésék. Naék deui, tunda digigireun dahareun.
Lain ukur ngamankeun keur sorangan. Kuring gé surti milu bébérés. Da teu bangga. Pira ngasupkeun sésa dahar. Enya diarasupkeunana kana kérésék badag. Ari kitu téh ditunda deuih gigireun. Éh gening loba nu kudu dibantuan. Manggulan korsi, ngabagi lauk, mérésan sésa eupan, jeung nyokotan wadah kotor. Pikiran jadi teu fokus kana babawaan. Tapi basa mobil rék balik mah, kaburu kénéh dibawa dua kérésékna.
“Asa barau parab lauk ieu téh,” ceuk Mang Nurdin nu nyupiran di hareup.
Kuring jeung Rohmat nu aya di tukang gé jadi ungas-ingus. Enya, bau eupan nu asalna tina kérésék. Goréhél téh kérésékna dibuka ku Rohmat.
“Saha ieu nu mawa eupan?” pokna téh. Terus muka deui kérésék hiji deui. “Ieu deuih, nanaonan mawa runtah?”
Kuring teu ngomong. Duanana gé meunang mawa kuring. Tapi da niatna mah mawa dahareun jeung mujaér. Géhél téh pahili kérésék. Salah mawa!***
Edisi majalah 3007
Leave a comment