Puriding Puringkak

Orok Leungit Tina Aisan

Kakara gé nepi ka Cibingbin, geus kadéngé sora adan magrib. Wanci geus reup-reupan.

Share
Share

Ku Agus Mulyana

Dicarék éta ogé ku mitohana mah. Ulah waka mulang, sareupna! Pamali ceuk kolot téa mah. Ké waé geus liwat magrib mun rék maksa mulang mah. Leuwih hadé mah geus wé ngéndong. Da sarua di imah kolotna ieuh. Tapi Ceu Cicah keukeuh ngagugujeg Kang Usman salakina. Hayang mulang ayeuna. Éléh déét, Kang Usman nurut kana kahayang pamajikanana.

Wanci sareupna harita téh. Ti Bojong muru ka Cileuweung anu anggangna aya kana tujuh kilométer mah. Motor ngageuleuyeung lalaunan. Ceu Cicah diuk di tukang bari ngais orok umur tilu bulan.

Kakara gé nepi ka Cibingbin, geus kadéngé sora adan magrib. Wanci geus reup-reupan. Sora tonggérét mimiti ngurangan, nu tadina ngéar disarada sawaréh geus jarempé, kawas ngareureuhkeun kacapé.

Béak tanjakan nu di sisina aya lapang voli, ngadadak motor asa beurat majuna. Tuluy mesinna pareum, mogok. Kang Usman reuwas campur keueung, mangka jauh ka ditu ka dieu. Aya ogé di hareup wangunan SD anu ti soré mula ogé geus taya kahirupan. Euweuh jalma saurang-urang acan. Keur kitu, selengseng seungit kembang. Mani melenghir seungit kembang téh siga parfum disemprotkeun. Bulu punduk carengkat. Ruy-rey, késang badag késang lembut, balukar rasa sieun nu pohara.

“Turun heula, Mah!” Kang Usman nitah pamajikanana turun.“Béak bengsin, Kang?”

“Béak bengsin, Kang?”“Pinuh béngsin mah. Meunang ngeusi tadi beurang.”

“Pinuh béngsin mah. Meunang ngeusi tadi beurang.”“Naha atuh mogok?”

“Naha atuh mogok?”“Kateuing!”

“Kateuing!”Karek gé biwir balem, ana gayabag téh aya nu hiber gedé nakeran. Tina tangkal cengkéh sisi kénca tugu, meuntas jalan kana tangkal manggu beulah katuhu. Kang Usman nepi ka calangap nempo nu ngagayabag hiber téh. Alusna Ceu Cicah mah teu nempoeun. “Ari Akang ku naon siga ngadégdég kitu?” Pokna.

Karek gé biwir balem, ana gayabag téh aya nu hiber gedé nakeran. Tina tangkal cengkéh sisi kénca tugu, meuntas jalan kana tangkal manggu beulah katuhu. Kang Usman nepi ka calangap nempo nu ngagayabag hiber téh. Alusna Ceu Cicah mah teu nempoeun. “Ari Akang ku naon siga ngadégdég kitu?” Pokna.

“Tiris….!” walonna pondok. Tuluy nyelah deui motorna.

“Énggal, Kang. Asa keueung kieu abdi mah…,”

“Énggal kumaha? Puguh motorna gé teu hirup, na ku naon atuh nya motor téh!”

Yakin, nu tadi katingali téh lain manuk samanuk-manukna. Piraku manuk gedé-gedé teuing. Ras, inget caritaan mitohana tadi saméméh mulang. Kadé, lebah tugu mah ulah luak-lieuk. Komo wani eureun heula mah. Inget ka dinya, buru-buru nyelah motor, bari haté mah lelenyapan. Tapi motor keukeuh teu daék hirup.

Sanggeus meresihan busi, motor diselah deui. Dumadakan hirup. Geus kitu mah geuleuyeung deui nuluykeun lalampahan muru ka Cileuweung. Sanepina ka imah, kakara ogé jut turun tina motor, Ceu Cicah ngagoak reuwas.  “Akang…! Budak ka manaaaa…?” Pokna rawah-riwih ngudar aisan.

“Akang…! Budak ka manaaaa…?” Pokna rawah-riwih ngudar aisan.“Harrrr…, lain diais?” Kang Usman nempo kana jero aisan. Sidik orok téh euweuh.

“Harrrr…, lain diais?” Kang Usman nempo kana jero aisan. Sidik orok téh euweuh.

“Enya tadi mah diais. Ayeuna teu aya…!”

“Murag kitu?”

“Ah, piraku! Kudu karasa atuh!” Ceu Cicah teu kaampeuh tuluy ceurik midangdam. Atuh puguh tatangga nu dareukeut jul-jol daratang nyalampeurkeun. Ngarasa panasaran, keur wanci magrib aya nu ceurik aluk-alukan. Sanggeus nyarahoeun yén orok leungit, saréréa kumecrék bati héran.

“Moal tinggaleun mah, Ceu? Rarasaan geus diais padahal di imah kénéh.” Nyi Tuti némbrong.

     “Henteu, da sidik tadi mah aya.”

     “Urang téangan ayeuna mah ka jalan urut tadi, bisi murag teu karasa,” ceuk Mang Kupra méré saran.

     “Enya, hayu atuh urang téangan!” Kang Umar nyatujuan. Geus kitu mah sakur lalaki nu boga motor cluk-clak kana motorna, rék marengan Kang Usman nyusud tapak, balik deui ka jalan urut tadi. Ceu Cicah ogé paparahna mah hayang milu néangan, ngan padanyarék.

            Saléosna nu arindit rék néangan orok, di imah Ceu Cicah ngaliud jalma nu ngarasa panasaran hayang nyaho kumaha caritana orok bet leungit tina aisan. Diterangkeun saperluna, mulang ti Bojong wanci sareupna. Di tugu wates désa motor kungsi mogok, tapi teu lila geus hirup deui.

            Aki Uho nu ti tatadi campego ngabandungan dongéng Ceu Cicah katempo unggut-unggutan. Teu lila pok nyarita, “Ari Nyai kungsi titingalian teu basa tadi di deukeut tugu?”

     “Titingalian naon, Ki?”

     “Enya kawénéhan nempo nu anéh, sugan?”

     “Henteu. Duka upami pun lanceuk mah, da tadi téh ngadadak siga nu ngeleper  ngadégdég.”

     “Handapeun tangkal manggu gedé nu ngaroyom ka jalan, nya?”

     “Sumuhun, di dinya mogokna téh.”

     “Euh, pantes atuh.”

     “Kumaha kitu, Ki?”

     “Bisi ieu mah, bisi diiwat ku urang dinya.”

     “Ku saha, Ki?”

     “Ké waé geura bandungan. Ayeuna mah urang tungguan wé nu keur naréangan.”

Geus rada lila, abrulan nu néangan orok marulang deui. Tapi orokna mah teu kapanggih. Malah mitohana Ceu Cicah anu di Bojong ogé aya, milu néangan da abrulan téh parat néanganana nepi ka imah mitohana. Sapanjang jalan imeut ditéangan. Teu sirikna diasruk ka nu bala ogé, bisi orok kabunian.

“Geus kieu ayeuna mah, Nyai kudu milu. Hayu urang téang ka ditu! Sugan dibikeun deui ari dipénta ku indungna mah…,” ceuk Aki Uho bari jung cengkat. Sanajan can pati ngarti, bring deui saréréa indit naluturkeun.

Nu dijugjug ku Aki Uho téh tangkal manggu di wates désa. Malum kolot legok tapak genténg kadék, dipikolot ku salembur. Sanepina ka handapeun tangkal manggu, Aki Uho nitah Ceu Cicah nangkeup tangkal manggu. Tuluy manéhna gegerendengan teu pati écés sorana, bari ngurilingan tangkal. Barang puteran katilu, ana dengék téh aya sora awéwé nu ngajerit dituturkeun ku goarna sora orok. Sidik sorana ti luhur tangkal manggu. Saréréa reuwas, bari panon-panonna narempo ka luhur.

     “Wayahna, Nyi. Da lain anak manéh éta mah!” ceuk Aki Uho bari tanggah. Tuluy malik ka Kang Usman, “Jang Usman, sok naék! Cokot budak téh da geus dibikeun.” Aki Uho maréntah ka Kang Usman. Kalacat Kang Usman naék sanajan bari ngadégdég. Enya wé orok téh aya dibulen samping, nyelap dina cagak dahan manggu.

            Kalawan ati-ati pisan, orok disangkéh ku leungeun kéncana dibawa turun. Sanepina ka handap orok padamuru, komo indungna mah nepi ka midangdam bari ngagaléntoran pipi orok. Geus kitu mah, bring waé saréréa mulang.

Basa abrulan marulang bari mawa orok, nu nyérangkeun tina dahan manggu katempo ngeclakkeun cimata, bangun nahan kasedih. Buukna ririaban katebak angin peuting.***

Majalah edisi 3008

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Puriding Puringkak

Sanggeus 24 Taun

Meureun nu peuting téh hayang ulin jeung alo kuring, nu sok padahal...

ilustrasi puriding puringkak
Puriding Puringkak

Datangna Alatan Diondang

Imah nu mimitina tingtrim téh jadi kacirina geueuman saprak dicicingan ku pangeusi...

Puriding Puringkak 3006
Puriding Puringkak

Nu Ngageugeuh Rohang Kelas Tilu

Ku: Komala Sutha BAKU ari geus maksa téh. Éka, budak cikal Agus...

Puriding Puringkak 3005 warna
Puriding Puringkak

Sapatu Butut

Ku Agus R Munggaran Can lila pindah ka imah kontrakan anyar pamajikan...