Kota Bandung — Bahasan Raperda (Rancangan Peraturan Daerah) ngeunaan Pelindungan dan Pemberdayaan Perempuan ku Pansus 5 DPRD Kota Bandung téh tas nepi kana subtansi. Salah sahijina medar pasualan palayanan kaséhatan di Rumah Sakit Bandung Kiwari pikeun wanoja nu dirogahala.
Nurutkeun Wakil Ketua Pansus 5 DPRD Kota Bandung, H. Rizal Khairul, S.Ip., M.Si, bahasan Raperda téh tas nepi pasal 18 nu gurat badagna. Rarancangna baris ngayakeun study tiru jeung konsultasi ka kementrian.
“Raperda Pelindungan dan Pemberdayaan Perempuan tina hasil konsultasi téh seueur pakuat-kaitna. Sanaos sabéngbatan mah asa teu sapira, nangung seueur nu kedah ngahiji utamina ti antara Organisasi Perangkat Daerah (OPD) di lingkungan Pemkot Bandung,” ceuk Rizal Khairul tandes naker.
Rizal ngémbohan yén pasualan wanoha mah éstu énténg bangga. Dipiharep Wali Kota bisa nyambungkeun. Lantaran aturan bisa nanjeur ku rukun gawé antar OPD. Rizal nandeskeun yén éta lain ukur Dinas Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak, tapi dinas lianna saperti, Dinas UMKM, Dinkes, Dinsos, Disdukcapil, Dinsos, Dispudpar, Disdik Kota Bandung kudu miroséa kana pasualan wanoja, sangkan aya panangtayungan.

Rizal miharep satutas Perda réngsé dibahas jeung disahkeun téh bisa méré dampak positif utamana ka wanoja di Kota Bandung. Kum kaom wanoja téh asa ditangtayungan tur diurus. Salah sahiji upayana bisa disadiaan pelatihan husus wanoja.
“Satutas wanoja nu janten korban téh diurus, tah ka payunna kedah kumaha? Saéna mah dijurung motékar, salah sahijina sina ngiringan pelatihan sangkan gaduh kamahéran,” pokna.
Pikeun nyumponanana, éta Pulitisi Partéy Golkar DPRD Kota Bandung téh miroséa kana waragad nu ngarojong kana layanan kaséhatan pikeun wanoja nu jadi korban. Pansus 5 DPRD Kota Bandung téh konsultasi ka Kementrian Kesehatan, pikeun ngurus tatu nu dirasa ku wanoja nu jadi korban rogahala téh teu bisa disubadanan BPJS. Lantaran pasualan éta mah dipasrahkeun ka kementrian séwang-séwang.
“Supados tiasa konsén dina ngawaragadan. Salah sahijina kanggo Bandung Kiwari upami aya wanoja nu janten korban téh tiasa lalandong sanaos teu dikover BPJS. Nanging mémang warga nu kirang mampuh,” pungkas Rijal. ***
Leave a comment