Kota Bandung – Wakil Ketua Pansus 4 DPRD Kota Bandung, Dr. H. Radea Respati Paramudhita, S.H., M.M., nétélakeun yén aya 4 hal nu jadi pamiangan tina diwangunna Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kota Bandung. Dijieunna éta lembaga téh wangun kanyaah Pemerintah Kota Bandung. Législatif gé soson-soson ngararancang Perda mairan aspirasi masarakat.
Radea ngécéskeun yén hal kahiji nu jadi pamiangan dijieunna BPBD téh komitmen Pemkot Bandung pikeun ngawangun lembaga nu husus ngungkulan musibah di daérah ti saprak medalna Peraturan Daerah (Perda) Kota Bandung Nomer 3 Taun 2022 ngeunaan Pencegahan, Penanggulangan Bahaya Kebakaran dan Bencana.
“Dina Perda Nomer 3 Taun 2022 téh aya komitmen Pemkot Bandung yén dangka tilu taun kedah tas aya lembaga nu husus ngungkulan musibah. Ayeuna 2025, tas cunduk medalna BPBD Kota Bandung,” ceuk Radea tandes naker.
Demi titincakan nu kaduana, ceuk éta Pulitisi Partéy Golongan Karya téh, patali jeung bantuan ti Badan Nasional Penanggulangan Bencana (BNPB) nu teu bisa ditarima Kota Bandung lantaran can aya Badan Penanggulangan Bencana Daerah.
“Pangalaman waktos mahabuna sasalad Covid-19, teu nampi bantosan ti BNPB kumargi teu aya BPBD. Antukna mung tiasa nampi ti provinsi. Tangtos kirang saé margi kedahna tiasa nampi bantosan nu langkung seueur,” ceuk Radea bangun nu manghanjakalkeun.

Hal lianna nu ngajurung diwangunna BPBD Kota Bandung téh ngurangan bangbaluh Dinas Kebakaran (Damkar) Kota Bandung nu ngurus musibah. Ka hareupna mah Damkar téh fokus ngungkulan kahuruan. Nu pamungkas, nyinglarkeun kabingung masarakat upama kajadian musibah. Aya pamuntangan BPBD nu baris dilengkepan ku sarana prasarana.
Pansus 4 DPRD Kota Bandung lolongok ka dua lokasi nu dirarancnag jadi calon Kantor Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kota Bandung, nyaéta di Jalan Sérang jeung Jalan Banten. Nu nilikan éta témpat téh nyaéta Wakil Ketua Pansus 4 DPRD Kota Bandung, Dr. H Radea Respati Paramudhita, S.H., M.H., para anggota Pansus 4 DPRD Kota Bandung: Ahmad Rahmat Purnama, H. Soni Daniswara, Asep Sudrajat, Asep Wawan, sarta wawakil ti Pemerintah Kota Bandung.
Agenda lolongok bakal calon kantor BPBD Kota Bandung téh luyu jeung kagiatan rarancang jeung bahasa Raperda parubahan kadua Peraturan Daerah Nomor 8 Taun 2016 ngeunaan Pembentukan dan Susunan Perangkat Daerah, nu salah sahijina patali jeung rarancang pangwangunan Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kota Bandung.
Radea Respati nétélakeun yén survéy téh dilaksanakeun pikeun mastikeun pantes henteuna calon kantor BPBD. Pemkot Bandung jeung Pansus 4 miroséa kana rupaning hal. Ditilik tina kualitas wangunan, posisi stratégis, aksés nu nyumponan tangtangan ngungkulan musibah.
Pansus 4 DPRD Kota Bandung miharep wangunan gedong kantor BPBD bisa sagancangna aya. Di Jalan Sérang mah aya wangunan nu asup kategori cagar budaya di kawasan kantor jeung wisma BUMN nu lahan parkirna lega tur bisa diséwa. Demi di Jalan Banten mah lahan kosong. Pansus 4 baris sawala jeung sawatara pihak pikeun nangtukeun alternatif lokasi ti nu tas diancokeun.
“Kumargi taun ayeuna téh BPBD Kota Bandung kedah tiasa didamel. Dibujeng énggal wangunan sareng SDM. Nya tiasa ngamangpaatkeun tempat nu tas aya. Upami aya rarancang nu sanés perkawis pangwangunan gedong kantor di lokasi anyar, mangga baris dirojong,” pungkas Radea.***
Leave a comment