Puriding Puringkak

Obrolan Reujeung Bangsa Jin

Pasusubuh mangsa adzan ngalanglaung asa aya nu ngahudangkeun, awak asa bẻda karasana. Saterusna mah siga biasa wẻ teu aya nu anẻh.

Share
Obrolan reujeung bangsa jin
Share

Ku Ẻlih Hẻrlina

Asa karesel cicing di imah ukur kadua orok. Pagawẻan di imah geus rẻngsẻ. Tuman sapopoẻ ku pagawẻan. Kiwari kapaksa kudu numpi, alatan salaki teu ngidinan digawẻ deui sanggeus boga budak.

“Tamba kẻsẻl mah atuh ulin wẻ di teun Mamah!” Kitu ceuk manẻhna basa kuring ngomong kẻsẻl cicing di imah.

“Enya ah mending gẻ di ditu, ngarah teu kareueung teuing.” Ringkinik budak diais dibawa ka imah indung. Basa datang kasampak keur saruwung. Sigana indung keur ka warung, adi keur ka sarakola. Ari konci imah mah apal neundeunna. Bus wẻ ka imah. Budak sarẻ tibra, disarẻkeun wẻ di kamar hareup. Rarat-rẻrẻt di imah euweuh pigawẻeun. Dina mẻja aya buku ngagolẻr, buku dicokot dialak-ilik, ditingali judulna rada muringkak bulu punduk, “Obrolan Reujeung Bangsa Jin” gambarna seuneu luhureunana aya wujud jelema sapotong. Buku dialungkeun deui kana urutna, tuluy nyetẻl TV tapi euweuh nu ramẻ. Tuntungna mah nyetel radio, kabeneran aya lagu-lagu heubeul. Asa kabawa ka mangsa lawas, teu karasa reup kasarẻan.

Asa aya nu ngahudangkeun basa kadẻngẻ budak ceurik. “Duh Si Adẻ!” Kasampak budak geus nyaring bari ceurik, nyot wẻ disusuan. Budak rẻpẻh malahan reup deui sarẻ. Rẻt kana leungeun, buku tẻh bet dicekel, sigana bieu bakating ku reuwas jadi ngarawẻl buku, tamba kesel bray dibukaan tuluy dibaca. Bab kahiji, asal muasal Bangsa Jin. Bab kadua, kaayaan bangsa Jin dibandingkeun jeung Bangsa Manusa. Karẻk dua bab, indung jeung adi nu bungsu daratang. Di imah jadi haneuteun, budak nu keur saẻ ogẻ jadi nyaring diolẻg ku bibina.

Pasosorẻ, mangsa mulang. Buku dibekel, asa panasaran can kabaca kabẻh. Di imah, sarẻngsẻna masak, ngurus budak jeung awak sorangan bari nungguan salaki balik buku dibaca deui. Bab tilu, jalma-jalma anu bisa wawuh jeung bangsa Jin. Basa salaki mulang buku kapaksa diteundeun heula sanajan panasaran ogẻ. Siga biasa ngawulaan salaki, ngobrol ngalẻr ngidul bari ngoconan budak nu keur meujeuhna pikaresepeun.

Wanci tumokẻ, salaki geus peureum ngagolẻr gigreun budak nu sarua geus tibra. Kuring can aya pitunduhan. Buku dihanca deui, ayeuna mah beuki ramẻ nyaritakeun ngeunaan carana bisa asup ka alam jin makẻ ayat-ayat tina Al Qur’an. Rẻngsẻ maca bab ẻta, kaayaan peuting geus jumempling, saukur kẻrẻk salaki jeung rẻnghap budak nu kadẻngẻ.

Panasaran, hayang ngabuktikeun nu aya dina ẻta buku. Lalaunan cengkat tuluy abdas, Deker tahajud terus wiridan. Tahajud didawamkeun sanajan rada belang betong kẻnẻh ogẻ. Saterusna nyobaan wirid nu aya dina buku. Rẻngsẻ solat jeung wirid, teu aya nanaon tuluy wẻ sarẻ.

Pasusubuh mangsa adzan ngalanglaung asa aya nu ngahudangkeun, awak asa bẻda karasana. Saterusna mah siga biasa wẻ teu aya nu anẻh. Beberesih, solat, nyiapkeun kaperluan salaki nu rẻk ngantor, nyeuseuhan, gẻgẻroh, ngamandian jeng ngadangdanan budak, balanja ka warung jangeun pasakeun poẻ ieu. Rẻngsẻ pagawẻan, bari gogolẻran gigireun budak nu keur tibra, gep deui kana buku, angkanan rẻk nganggeuskeun maca.

Sakolẻpat katingali aya nu ngajuringkang di tengah imah. Geuwat cengkat, bisi aya sẻmah, dialak-ilik ka luar ogẻ euweuh sasaha. Bus deui ka kamar, karẻk gẻk dina kasur, kadẻngẻ sora nu diuk dina korsi mani atra ngarekẻtna ogẻ. Geuwat ditempo deui, euweuh nanaon tapi aya nu ngolẻbat ka dapur, terus disusul, di dapur teu aya nanaon saukur hordẻng ririaban. Gentak istigfar, “Boa ẻfẻk tina amalan peuting,” gerentes hatẻ. Di hareup kadẻngẻ nu keketrok, gentak ka hareup bari gegetun,”Na ari sia rẻk ngagoda aing?”

“Kunaon Mah, ieu mah Bapa, tinggaleun kacamata.” Singhorẻng salaki balik deui.

“Hiii Bapa, Itu hayam batur balangor.” Ngabẻlẻhẻm asa ẻra ngomong kasar.

“Oh kitu, muhun sok wẻ, Bapa mah ka kantor deui!” pokna bari ngusap tarang kuring, lẻos wẻ indit deui.

Asup deui ka kamar sanggeus ngoncian panto, terus solat Dhuha. Rẻngsẻ solat budak nyaring. Terus dihuapan bari diajak cacarita, budak ceuceuleukeuteukan seuseurian tapi panonna melongna asa lain kakuring.  Alhamdulillah nepi ka mangsa salaki balik teu aya nanaon deui.

Wanci tumorẻk, siga biasa solat tahajud terus wiridan. Barang cengkat di gigireun aya nu cengkat ogẻ. Ngarupakeun lalaki tengah tuwuh dangdananana siga ajengan. Dua dampal leungeunna dirapetkeun dina dadana, manggut hormat ka kuring. Biwir ngageter, rẻk ngajerit teu bisa.

“Assalamualaikum,” pokna.

“Waalaikumussalam.”

“Hampura Nyimas, kusabab ayeuna anjeun bisa ningali bangsa kaula. Seja ngawanohkeun diri, kaula Karzan nu salila ieu ngajaga anjeun.”

“Ngajaga? Naha kunaon kuring bet kudu dijaga?”

“Jangji kula ka Uyut Nyimas, rẻk satia ngajaga turunanana, utamana mah nu boga tanda bodas dina luhur bujal.”

“Uluh, cucungah ningali tanda bodas dina luhureun bujal kuring.”

“Teu kitu Nyimas, keur bangsa kula mah, teu aya nu ngahalangan kana paningali.”

“Naon sababna kudu dijaga, rarasaan teu aya nu kudu dipikahariwang?”

“Nyimas, bangsa lelembut loba nu resep ka anjeun, jadi mun teu dijaga anjeun bisa dibawa ku maranẻhna.”

“Euleuh, kutan kitu, jadi salila ieu kuring dijaga ku anjeun, naon buktina?”

“Nyimas inget basa dompẻt nyimas leungit di lapang, geuning kapanggih deui tina handapeun kasur, terus basa Nyimas labuh tina kẻrẻtẻk nu kuduna notog kana aspal tur bakal kagẻlẻng mobil tapi kalah ngacleng ka sisi jalan ngaliwatan mobil bari teu nanaon, ẻta alatan ku kula dipangku, jeung rẻa-rẻa deui.”

Sajongjongan ngahuleng, bener pisan naon nu diomongkeunana tẻh. Kuring remen meunang kaanẻhan. Basa keur kuliah di Jogja, duit sidik tinggaleun di imah di Bandung tapi kapanggih tina saku calana anu padahal karẻk meunang ngistrika, basa dikodokkan tẻh pan sidik teu aya nanaon. Basa keur muncak ka Gunung Papandayan halabhab jol aya nu mẻrẻ aqua sabotol terus nu mẻrẻna teuing ka mana ngalẻosna.

“Naon alesanana anjeun urun kumawula ka Uyut kuring jeung turunanana?”

“Kaula kahutangan budi, anjeunna nu geus nyadarkeun tina lampah sasar, matak kaula jeung saturunan bakal urun kumawula, ngajaga ngariksa pangersa jeung turunanana.”

“Bener tatẻh taya pamrih?”

“Bangsa kaula mah tigin kana jangji, tara lanca-linci, kula lain jin anu sok nyiliwuri, kula jin Islam sajati.”

“Naha karẻk ayeuna papanggihna?”

“Pan Nyimasna nu karẻk bisa nembus ka alam kaula, Nyimas bakal loba titingalian, bongan lalangsẻna ku Nyimas geus dibuka, lain kaula waẻ nu bakal katingali tapi nu sẻjẻn ogẻ, dina rupa-rupa wangun. Bangsa gaib teu boga wangun mandiri jadi tong anẻh mun nyimas bakal ningali nu aranẻh.” Ngadẻngẻ kitu mah asa soak.

“Walah, kuring embung ningali nu karitu ah, kumaha cara sangkan tong bisa ningali nu teu paruguh deui Karzan?”

“Nyimas kudu kanu bisa nutupkeun deui lalangsẻ goibna.”

“Haduh kumaha atuh?”

“Keun Nyimas, da moal wanieun ngaganggu, dijaga ku kaula.”

Sapeuting ẻta mah bener wẻ, loba titingalian nu aranẻh, parandẻnẻ kitu teu wani geruh ka salaki mah. Apal kana adat-adatanana, sok hariwangan. Hal nu kieu mah paling ogẻ kudu jeung bapa ngobrolna.

Isukna sanggeus salaki indit, kuring ogẻ gura-giru nepungan bapa. Untung bapa keur teu ka mamana. Daradag wẻ dicaritakeun sagala nu karandapan. Bapa unggut-unggutan, bari mẻsem.

“Ari hidep sok laweun, atuh mun ngelmu kudu anggeus, karẻk bisa muka can bisa nutupna geus dicobaan. Sok geura baca deui sing telek aya jang nutupna ogẻ.”

“Euleuh kitu? Kumaha Bapa wẻ pokona mah ulah ningali deui nu karitu. Horẻam ningali deui bukuna ogẻ.”

Bapa imut teras anjeunna babacaan saterusna ditiupkeun kana embun-embunan bari diusapkeun kana panon kuring. Karasa nyẻrẻsẻt asa aya kaluar tina embun-embunan. Awak lalauanan asa jejeg deui nincak dina lemah.

“Geus tah, ayeuna mah moal loba titingalian nu teu paruguh,” saur bapa bari imut.

“Hatur nuhun Pa. atuh Si Karzan ogẻ ayeuna mah moal katingal deui nya?”

“Baruk, hidep geus wawuh jeung Si Karzan?”

“Muhun Pa, pan basa kamari waktos abdi tiasa ningal nu karitu tẻh, pan manẻhna nu pangheulanna ngawawuhan.”

“Enya keun wẻ da si ẻta mah salilana ogẻ bakal marengan. Tong sieun!”

“Muhun Pa, tos ah kapok moal uprak-oprẻk deui.”

“Tapi da mẻmang hidep mah, engkẻ dina mangsa umur geus cukup tetep bakal bisa wawuh jeung bangsa lelembut, moal bisa dihalangan da geus dicawiskeun ti dituna. Keun wẻ tong salempang.”

Kuring ukur bisa calangap, singhorẻng kitu.

Kadatuan,  Agustus 2020

Edisi majalah: 2983

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Puriding Puringkak

Sanggeus 24 Taun

Meureun nu peuting téh hayang ulin jeung alo kuring, nu sok padahal...

Puriding Puringkak

Orok Leungit Tina Aisan

Ku Agus Mulyana Dicarék éta ogé ku mitohana mah. Ulah waka mulang,...

ilustrasi puriding puringkak
Puriding Puringkak

Datangna Alatan Diondang

Imah nu mimitina tingtrim téh jadi kacirina geueuman saprak dicicingan ku pangeusi...

Puriding Puringkak 3006
Puriding Puringkak

Nu Ngageugeuh Rohang Kelas Tilu

Ku: Komala Sutha BAKU ari geus maksa téh. Éka, budak cikal Agus...