Tanggal 15 Februari 2025, Prof Dadang ngawanohkeun buku ka balaréa, di Bandung. Éta judul buku téh, Memilih Langkah Jalan Tengah. Ceuk sakaol, éta buku téh, minangka vérsi basa Indonésia, nu saméméhna dina basa Sunda nu dijudulan, Milih Polah Siger Tengah (2013). Tapi, dina buku vérsi Indonésia mah ditambahan ku pangalaman anjeunna ka dieunkeun.
Upama Prof. Dadang milih jalan moderasi (siniger tengah), kawasna lantaran dadasar budaya jeung agama nu mangaruhan kana pipikiranana. Atuh, sikepna nu siniger tengah téh lir cai nu ngocor ti sunggapanana. Apan, saperti ceuk naskah Sunda Kuno, Amanat Galunggung, upama ceuk basa kiwari mah kira-kira kieu:
Aya ayeuna aya engké,
Henteu aya anu ayeuna moal aya anu engké,
Aya nu baheula aya nu ayeuna,
Henteu aya nu baheula moal aya nu ayeuna.
Ari tuturus kahirupan nu kabawa ka ayeuna téh, saperti ngeunaan paripolah sapopoé, tara leupas tina akar budayana. Kawas hirup ulah kaleuwihan, ceuk urang Sunda mah, sagala rupa gé ulah maké ‘teuing’ (keterlaluan). Dalah hal-hal anu positif gé, upama maké teuing mah, sok jadi kurang hadé.
Paripolah jeung buah pipikiran Prof. Dadang tumuwuh dina lingkungan masarakat Sunda-Islami. Éta dua padika kahirupan téh, karékam dina basa indung urang Sunda, basa Sunda. Da, ti antara basa nu pangpentingna keur mikawanoh ajaran paripolah téh basa indungna.

Ceuk Mikihiro Moriyama, panaliti urang Jepang, cenah, ciri atawa idéntitas urang Sunda téh, tina basana. Matak teu anéh upama UNESCO (organsiasi dunya nu kacida mitineungna kana atikan jeung kabudayaan), ngawawadianan sangkan masing-masing pribadi sadar kana pentingna basa Indung. Kitu téh, lantaran éta basa lain waé bisa ngarékam ‘produk’ uteuk, tapi deuih bisa némbongkeun gambaran rasa. Ari manusa, apan lain wungkul uteukna nu perelu téh, tapi deuih haténa atawa rarasaanana!
Kitu deui ngeunaan kabiasaan Prof. Dadang teu weléh getol nyiar élmu, lantaran luang téh ti papada urang kalayan percaya yén nu pangapalna kana hiji hal mah, ahlina atawa ceuk urang Sunda mah ‘’manukna’ téa.
Keur urang Sunda, nyiar luang bisa ti mana waé. Mun jadi jalma bodo gé keur urang Sunda mah teu kudu pegat pangharepan. Asal lain bodo katotoloyoh, tapi bodo aléwoh. Hartina, najan bodo atuh kudu daék tatanya tetelepék sangkan boga pangarti!
Ka saha nanyana? Nya ka nu apaleun. Ku pujangga, nu nyanggi Naskah Kuno Siksakandang Karesian mah, tatanya téh digambarkeun ku siloka;
Gajah nyaritakeun leuweung,
Lauk nyaritakeun laut,
Soang nyaritakeun talaga,
Kumbang nyaritakeun kembang.
Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si., teureuh Calingcing, Garut Jawa Barat. Bibit-buit tatar Sunda nu pangémbrat batinna téh budaya Sunda jeung agama Islam. Matak saur anjeunna, paripolah urang Sunda téh Islami.
Upama Pa Dadang ngabogaan pangaweruh nu jero dina budaya Sunda katut bag-bagan agama Islam, lantaran mémang dipuhit ti leuleutik. Keur budak, getol nyuprih élmu sakola jeung ngaji. Kituna téh diteruskeun di sakola nu leuwih luhur.
Niténan ketak paripolahna, Prof. Dadang Kahmad, kaasup di antara muslim nu nyunda. Kitu deui pamanggihna ngeunaan Islam-Sunda atawa Sunda-Islami, jinek naker. Prinsip-prinsip ajaran Islam bisa diadumaniskeun jeung ajén-inajén budaya Sunda, kitu deui prinsip budaya Sunda bisa adumanis jeung ajén-inajén ajaran Islam. Pasualan kiwari, lain kumaha nyundakan Islam jeung ngislamkeun Sunda, saur Pa Dadang mah, kari prak ngalarapkeun budaya Sunda jeung ngamalkeun agama Islam.

Dalitna agama jeung budaya, dina larapna mah, éstu teu sing pacorok, dina hal-hal anu tangtu mah, saperti dina ibadah mah, jelas wates-watesna. Saperti baheula, urang Calincing boga anggapan nu turun-tumurun ti karuhunna, yén urang dinya mah cadu munggah haji. Tah, pamanggih umumna masarakat nu kawas kitu, ceuk pamendak tur kayakinan Pa Dadang Kahmad mah kudu dilelempeng.
Carana? Waktu Pa Abdullah ramana Pa Dadang aya karep munggah haji, dirojong pisan ku Pa Dadang. Anjeunna ‘ngayakinkeun’ masarakat yén pandangan umumna nu saperti kitu téh, kaliru. Najan, mémang loba nu mangpaurkeun bisi kumaha onam, keyengna munggah haji nu miangna kana kapal cai, harita tetep dilakonan. Atuh mitos kitu téh, pegat nepi ka harita, sarta saterusna mah, urang Calingcing nu kawasa di jalanna, nungtutan marunggah haji.

Salaku urang Sunda, tangtangan nu kudu disanghareupan, kumaha carana urang Sunda bisa ka hareup kalayan dibarung ku jati diri kasundaan nu boga jiwa kosmopolitan ajaran Islam. Urang Sunda kudu ngabuktikeun, yén kalayan jihad Islamiyah, Sunda bakal terus nanjung, kalayan dibarung ku kabeungharan Sunda, Islam bakal tetep agung (Makalah Islam dan Budaya Sunda).
Di sisi séjén dalitna jeung budaya Sunda, témbong dina pribadi Pa Dadang nu ogé ‘bisa humor’. Kituna téh, teu leupas tina pangalaman keur budak, nu ogé resep maca, lalajo wayang, lalajo sandiwara jeung sajabana. Dina perkara lulucon mah, urang Sunda téh parigel pisan. Mémang, dina humor mah, aya babonna. Ngeunaan carita-carita Si Kabayan, dipedar dina Disertasi Lina Maria Coster-Wijman (1929) nu éta disertasi téh dibukukeun kalayan judulna Si Kabayan, wedalan Pustaka Jaya (2008).
Cek éta buku, teu aya di tempat séjén mah, carita-carita lucu nu beungharna kawas carita di Sunda. Aneka ragam lulucon atawa carita lucu di mana waé, nu kawas kitu téh aya dina carita Sunda, boh sabagian boh sagembelngna (kaca 17).
Urang Sunda dina ngaréka carita humor mah, produktif pisan. Tah, Pa Dadang gé humoris, da saperti dongéng anjeunna, ti antarana, dina hiji waktu Pa Dadang nepungan Pendeta nu keur nyaksian ngawangun geréja.
“Teu acan réngsé geuning, Romo?” saur Pa Dadang.
“Puguh gé teu acan, biasa waragadna.”
“Ah, maenya kawas nyieun masjid waé!” Sunda-Islami. Nu resep humor, jadi salah sahiji jalan pergaulan teu kahalangan ku wates-wates sosial, budaya, jeung agama, Tah, hal-hal nu saperti kitu, budaya Sunda, agama Islam, jeung pasipatan humor nu ngancik dina jiwa Pa Dadang nu jadi paripolah anjeunna leuwih tumaninah ngaléngkah di jalan tengah. (*)
Leave a comment