Ditulis ku H. Rahmat Iskandar
Kuring kungsi nyatur hareupeun guru sejarah ti sababaraha SMAN di Majalengka. Eusina soal metodologi sajarah dina ngungkab sajarah Bagus Rangin. Sajarah Bagus Rangin memang karasa cunengneng di alam nu teu pati karampa. Sanajan tapak lacakna natrat kapapay nu nétélakeun yén bener Bagus Rangin katut perjuanganana téh aya, sarta natrat dina bukti bukti tinulis boh meunang jalma jalma nu hirup dina mangsa perang Bantarjati boh ceuk sajarawan kiwari. Teu aya nu nampik ayana pahlawan Bagus Rangin téh. Kacatet dina rupa rupa media nu aya dina jamanna.
Tapi nu jadi patalékan, urang mana ari Bagus Rangin. Putra saha ari Bagus Rangin , kumaha kasang tukangna, jeung saterusna. Naha enya Bagus Rangin téh kacerek di Désa Panongan malah maot di dinya kénéh, atawa aya katerangan yén Bagus Rangin téh maotna ditembak dina éksékusi hukuman mati di Indramayu. Mun kitu, di mana Bagus Rangin dikurebkeunana? Sarwa teu jelas. Ngeunaan pancakakina, adeg adegna, gawéna katut kasang tukangna, kabéh béda-béda. Jadi aya nu nyebutkeun asal-usul.
Bagus Rangin téh cenah urang Désa Blandongan, Rajagaluh (catetan de Haan). Hanjakal tug tepi ka kiwari ngaran éta désa nu cenah di Rajagaluh sisieun Walungan Ciputri, teu kapapay laratanana di wewengkon Rajagaluh. Aya deui nu nyebutkeun Bagus Rangin téh urang Demak, tuluy nganjrek di Jatitujuh. Tapi aya deui nu nyebutkeun yén Bagus Rangin téh masih réréhan ménak ti Karaton Kasepuhan. Karéréan peneliti maraké sumber data tina Tijdschrift voor Nederlands Indie jrg 23 nu medal dina taun 1861 atawa Cheribon Nomor 39/8 (koleksi Arsip Nasional RI) jeung Indische Archief kijdschrift de Indien, Jilid III tahun 1850.
Ceuk Purbacaraka (1988) mah, sajarah Bagus Rangin téh modonghol tina pasualan patelakna lingkungan kulawarga karaton. Waktu Sultan Sepuh wafat dina taun 1797, harita VOC kalah ka ngistrénan putra selir pikeun ngaganti Sultan Sepuh. Kapan cenah kuduna mah nu jadi Sultan Sepuh téh Pangéran Surawijaya. Tah ieu nu matak ambekna rahayat Cirebon téh. Taun 1798, Sultan Cirebon nu dianggap mapanas rayat dipiceun ka Ambon. Ceuk Atja ( Veth, 1878), taun 1802, timbul pacogrégan kulawarga karaton, ririweuh demi ririweuh nu beuki dieu beuki meuweuh sumebar ka mana-mana, tumerapna ka pamaréntah mimiti béakeun akal pikeun ngungkulan ieu pasualan.
Hol wéh tangtungan Bagus Rangin nu ceuk Atja mah kuwu di Kebagusan Jatitujuh nu satuluyna mah ku restu Sultan Cirebon diangkat jadi Senapati Jatitujuh. Bagus Rangin ngawangun Jatitujuh jadi puseur perlawanan numpes mafia tanah di Tatar Cirebon. Numutkeun catetan FW Stapel, tepi ka taun 1806, jumlah jalma nu barontak aya kana 40.000-na.
Dina taun 1806, Gubernur Jénderal Hindia Belanda Albertus Henricus Diese méré pancén ka Gupernur Pantai Timur Laut Jawa Nikolaus Engelhard. Ceuk Djoko Marihandono (guru besar sejarah di Fakultas Ilmu Budaya Universitas Indonesia), Engelhard nyieun laporan Rapport over de onlusten de Cheribon in1806 ingediend door Wijlen. Engelhard, in lessen Gouverneurvan Javajs-ooskust nu dimuat dina Indische Archief kijdschrift de Indien.
Numutkeun catetan Nina H. Lubis, gerakan nu dipimpin ku Bagus Rangin tujulna mah pikeun mélaan rayat nu tunggara akibat kerja paksa. Sanajan Bagus Rangin, santri nu teu boga kasang tukang salaku prajurit nu ngawasa élmu perang, tapi dina perang Jawura tétéla boga taktik perang modern.
Fakta jeung data sajarah nétélakeun yén Bagus Rangin ditéwak jeung dihukum témbak ku Walanda dina taun 1812. Ngan waé, rahayat Jatitujuh katut nu rumasa terah Bagus Rangin teu wasa ngaku yén kajadian nu milaraan sarupa kitu téh mémang enya tumiba ka Bagus Rangin. Sajarah Bagus Rangin kudu diimeutan deui ku métodologi sajarah nu maké tahapan heuristik, kritik, interpretasi, sarta penulisan historiografi. Soalna, masarakat réréana boga anggapan Bagus Rangin téh jalma nu diajén salaku jalma mulya tur terhormat numutkeun terminologi héroismeu. Bagus Rangin téh tangtungan pahlawan. Maranéhna teu bisa narima kana panuduh yén Bagus Rangin téh rampog, dalang rurusuh, ririweuh sarta premanis. *
Mitologi Bagus Rangin
Tanggal 21, poé Senén taun 2019, kuring ditanggap soal eunceup henteuna mun Bagus Rangin diperenahkeun jadi pahlawan nasional. Tempatna di Gedong Saté. Prof. Nina Lubis geus merenahkeun kuring milu nyatur dina éta seminar. Kuring kabagéan ngaguar soal Bagus Rangin di béh ditueun fakta nu geus kaunggel jadi data faktual dina “Indisch Archief Tijdschrift de Indien”, jilid III tahun 1850. Di dieu lengkep pisan guaran ngeunaan saha Bagus Rangin téh. Pahlawan atawa bégal. Saheulaanan mah kuring kudu aya dina pihak nu gugon kana mitologi rahayat Majalengka (Kertajati) jeung sabudeureunana yén Bagus Rangin téh taun 1812 teu dicangkalak ku Walanda sarta teu kungsi dihukum pati di Indramayu.
Tangtu lain pancén gawé énténg-énténg ngabuktikeun perjuangan Bagus Rangin ukur dumasar tradisi lisan nu tumuwuh di masarakat téh. Sabab dina disiplin élmu sajarah, ceuk Thucydides, kakara disebut sajarah mun geus napak dina sumber primér, kaasup bukti arkéologi, soal asal-muasal, aya sumber primer bukti mangsa heubeul. Jigana kuring mah kudu boga pamadegan nu kawilang béda jeung para ahli sajarah kiwari.
Mun teu bisa maké bukti primér, kumaha mun cara ngalalari sajarah téh maké elmu mustholahul hadits. Jadi nyukcruk bukti téh dumasar runtuyan sanad, rawi, jeung matan. Kapan dina hadits gé aya rupa rupa darajat hadits. Sanggem Mahmud Thahhan dina bukuna, Taisir Musthalahil Hadits, sanad (silsilah nu jadi saksi nu nyaksian langsung) hadits téh kudu dinisbatkeun ka Rasulullah SAW atawa kana sumber berita nu utama. Lian ti éta, matan (rumpaka) kudu sarua dina darajat nu mutawatir (dicaturkeun ku jalma réa sarta teu aya bukti yén jalma réa téh dituduh bohong babarengan). Tepi ka aya sesebutan darajat hadits nu sohih, hasan , dhaif. Nu pangbanggana mah rowina atawa nu ngariwayatkeunana.
Tah ieu mah jigana moal kagawéan 50 taun dina nyukcrukna gé. Jadi dina nyatur poé Senén harita, kuring satékah polah rék nembrakkeun bukti ayana tradisi lisan nu tumuwuh di masarakat nu sacara mutawatir dicaritakeun ku jalma lobaan, di tempat nu paanggang di genep kabupatén, sarta matan caritana méh sarua. Bagus Rangin téh teu maot sarta teu katéwak, tapi terus bajuang tepi ka taun 1850-an. Heu … heu, sarua wé nya jeung bukti primer geuning, malah leuwih bangga ngagawéanana.
Ari Bagus Rangin nu diaku ku masarakat Kertajati kiwari kapan semet sumber tradisi lisan. Dicaritakeun sacara oral ti buyut tepi ka incu. Rundayan Bagus Rangin nu nebar di mana mana, ti tungtung Cirebon, Majalengka, Indramayu tepi ka Karawang malah Banjaran nu kaasup ka Kabupatén Bandung, tukuh ngeukeuwéuk carita nu ditepakeun dina saban entragan jaman. Di Désa Sumber, Jatitujuh, rundayan Bagus Rangin ti Bagus Arsitem nu diwakilan ku Ki Bagus Sudono Husodo (Pupuhu Kuncén Bagus Arsitem) jeung indungna Nyai Bagus Sri Daeni (70) percaya yén saréngséna ririwéuhan Jawura taun 1812, jalma nu dirupakeun Bagus Rangin hul-hol di mana mana, ngawengku di Jatitujuh, di Léléa, di Kandanghaur, Bangodua, Cikedung, Terisi, tepi ka di Gabuswétan, di Subang, malah di Soréang, Bandung. Saha Bagus Rangin nu kacerek deleg jeung dihukum mati ku Walanda nu saenyana, para ahli waris Bagus Rangin kacida pageuhna nyekel rusiah.
Béja pamungkas nu diaku ku Erawan Sukma urang Banjaran nu ngaku terah Bagus Rangin, cenah Bagus Rangin téh saenyana disumputkeun ku Dalem Bandung RAA Wiranatakusumah nu tuluyna nyamur, ganti ngaran jadi Raden Sumapraja, malah ditikahkeun ka alona karanggaan Banjaran , R. A. Enji. Dugi ka maotna Bagus Rangin tumetep di Desa Bunut, Dangdeur, Kiangroké, Banjaran, Bandung.
Réa pisan katerangan nu nétélakeun yén Bagus Rangin téh teu jiga nu ditulis dina dokumen “Indisch Archief Tijdschrift de Indien”, jilid III tahun 1850. Tapi moal bisa dipedar sacara lengkep, lantaran kawawatesan ku waktu.
Edisi majalah: 2976
Leave a comment