Puriding Puringkak

Nyimpen Amanat

Geus tilu bulan geringna teh. Ubar-aber ka mamana, ka dokter itu, ka mantri ieu, angger taya robahna, taya mendingna, kalah awakna we nu beuki ngorotan...

Share
Share

Ku Dedy Ardiansyah

Keresek—eusi botol cai—dicepengan pageuh pisan, sok sieun murag deui cara tadi. Tadi teh teuing kumaha mimitina da rarasaan mah nyepeng teh pageuh pisan. Atawa, pedah keresekna leueur kitu, atawa… ah…. da henteu rarasaan mah, ati-ati pisan nyepengan teh ti samulangna di imah pa ustad ge, tapi naha atuh bet murag. Anu hemeng mah, sanggeusna dirawu, naha peupeusna lain peupeus jiga ilaharna mun murag, da ieu mah jiga nu dibeubeutkeun atuh nepi ka ancur, atuh eusina teu kapuluk pisan matak bieu era-era ge menta deui cai do’a ka pa ustad. 

“Wayahna, ati-ati mawana… aya nu teu rido mun si ibu damang….” pa ustad ngawanti-wanti.

“Oh, muhun… hatur nuhun pa ustad, hapunten kana kataledoran abdi, make jeung murag sagala atuh, duh…”

“Teu nanaon, ati-ati we. Sabab nu deleka mah teu resepeun mun usahana gagal. Kedah loba tawekal… insyaalloh aya dina panangtayunganana…”

Sajongjongan ngahuleng.

Pa ustad ukur seuri.

“Ke maksadna kumaha ieu teh?” 

“Sumuhun…” bari angger seuri.

“Euuu… aya nu?” melong pa ustad, mastikeun naha bener naon nu disangka teh cocok jeung kanyahona.

Unggeuk. “Tapi ulah geruh, bilih janten pitnah.”

“Na saha cenah mangkelukna!” nyel ambek.

“Hiss… pan saur bapa ge tadi, ulah geruh.”

“Oh…” unggeuk. “Asa cucungah we atuh pa ustad, na saha cenah mangkelukna!”

“Mangga ayeuna mah ieu cai candak, dieueutkeun sagelaseun we, sibeungeutkeun, teras sesana dianggo ibak…”

“Muhun…”

“Bismilahan heula nya dugi ka tilu-kali mah…”

Unggeuk bari ngajak sasalaman. Terus nangtung bari ngarawu keresek, lain deui dijingjing ayeun mah, tapi ditangkeup bakat ku sieun murag cara tadi.

Rumasa, ngaku we jawara, loba anak buah, sahaok kadua gaplok, tapi nalika disinghareupkeun kana kaayaan kieu mah teu walakaya. Rampang-reumpeung teu bisa kukumaha ningali pamajikan anu geus teu walakaya mah, jampe-pamake geus dibacakeun, sakabeh wewesen geus diketrukeun, tapi teu mempan, angger taya robahna, kalah awak we pararanas.

Geus tilu bulan geringna teh. Ubar-aber ka mamana, ka dokter itu, ka mantri ieu, angger taya robahna, taya mendingna, kalah awakna we nu beuki ngorotan…

Ubar alternatif dicobaan, angger teu mempan. Tungtungna mah sadrah, tumarima kana kanyataan.

Asa caang deui teh ieu dunya pedah kabeneran basa keur nyaloan di pasar, keur istirahat ngadenge obrolan nu keur baralanja, didedengekeun, nepi ka ahirna mah dicobaan bieu datang ka imahna pa ustad. Ngan nu teu nyangka teh, na dosa naon atuh nya nepi ka aya jalma nu niat deleka ka pamajikan. Da rarasaan mah najan kalakuan borongongong-baragajul ge asa teu boga dosa ka batur uing teh, eh…

Matak naon mun enya kanyenyerian ku uing mah naon salahna ajakan uing gelut, kacaduna dipangmundurkeun dipakalangan.  

“Kumaha cenah, kang?” pamajikan nu keur ngalempreh jiga nu atoh, nepi ka rek hudang sagala.

Buru-buru dicepengan taktakna sangkan pamajikan teu hudang. “Kedengkeun deui we…”

“Kumaha saur pa ustad teh?” jiga nu panasaran.

“Ning…, nyai teh aya nu ngaheureuyan…”

“Ngaheureuyan kumaha?” beungeutna langsung kuraweud. “iraha teuing nyai sok ateul ka lalaki sejen…”

“His… lain eta, maksud teh aya nu ngaheureuyan, aya nu neluh.” togmol.

“Hah!?”

“Akang ge teu percaya lamun lain pa ustad nu ngomongna mah.”

Sajongjongan ngahulang.

Teu lila…

“Kumaha atuh, nyai tiasa damangkeun deui teu, ceuk pa ustad?” pasrah.

“Ieu akang nyandak cai do’a.”

“Mana?” curinghak.

Ngaluarkeun botol dina keresek hideung nu titadi ditangkeup. “Diinumkeun sagelaseun mah, terus sibeungeutkeun, sesana dimandikeun. Memeh nginum, baca heula bismillah tilu kali mah…”

“Kedah iraha?”

“Ayeuna we langsung.”

“Enya atuh…” cengkat.

Sanggeus babayar ka warung, buru-buru balik deui. Teu wani lila-lila teuing ninggalkeun pamajikan ari lain urusan anu bener-bener penting mah.

“Nyi… nyiiii….” basa ningali kamar mandi nu geus kosong. 

Buru-buru ka hareup, susuganan keur aya di kamar, tapi kosong.

“Nyiiii… nyiii… na ka mana cenah!?” beuki reuwas.

“Ieu… di dieu!” sorana datang di pipir imah deukeut dapur.

Berengbeng lumpat.

Nyampak teh pamajikan keur moekeun anduk tah kuramas.

“Nyi.. ku naon ari nyai, pan keur gering?”

“Na da geus jagjag.” bari seuri. “Saatosna ibak teh da langsung jagag we.”

“Anu bener?!” colohok.

“Ari ieu buktina.”

Teu era deui, regeyeng pamajikan dipangku, terus diayun-ambing bakat ku atoh.

“Turunkeun era! Kumaha mun kapanggih ku tatangga!” jiga nu keuheul.

“Bae teuing, lain urusan maranehna…” 

“Turunkeun!” roroesan hayang leupas.

Berengbeng dibawa ka jero imah. Ngan nyampak nu bungsu anu geus balik ti sakola…

“Eeeyyy… si ibu sareng si bapa… eeyyy….” budak colohok.

“Tuh nya, turunkeun ah… era ku budak.” beuki keuheul.

“Hehehehe….” bari ngecagkeun.

Sanggeus diturunkeun, ngiciprit ka kamar bakat ku era.

“Ibu… ibu tos damang?” budak colohok bari lumpat ka kamar.

“Muhun, ujang.”

“Horeeee…” budak jol nangkeup. Terus ngageubig-geubig awak indungna.

“Ujang bade naon?”

“Hoyong mangku jiga tadi si bapa…”

“Hahahaha…” ahirna mah sarerea sareuri.

Bada Isa sila di teras imah. Teu kuat hayang ngaroko—da dijero mah teu bisa.

Bari ngarasakeun nikmatna haseup, paneuteup mencrong ka beh ditu, kana imah kosong anu ditinggalkeun ku lanceuk—anu sababaraha bulan katukang tilar dunya. Ninggalkeun hiji carita anu matak ngangres. 

Sapaninggalna lanceuk, urut pamajikanana asa rurusuhan kawin deui ceuk pamikiran uing mah. Jiga nu enya we masang status dina WA, merasa kehilangan. Nembongkeun vidio manehna keur ceurik, bari padahal ukur kedok. Da geuning anu sok datang basa tujuhna jeung opatpuluhna teh lain dulurna, tapi kabogohna.

Tah sanggeusna dua bulan kawin, eta mangkeluk teh datang deui ka dieu, rek ngajual imah titinggal lanceuk. Ngan ku uing dihalangan. Kelanan! Asa ngeunah we ujug-ujug rek ngajual imah keur modal dagang di pasar jeung salakina nu anyar.

Uing ngarti. Emang eta imah hak manehna, aya sababaraha persen hak manehna nu jadi pamajikanana. Ngan nu leuwih utama pan hak imah teh keur anakna anu ditinggalkeun. Aya dua urang, ti manehna hiji, tinu baheula hiji.

Malah nu nguatkeun kana pamadegan naon sababna nahan eta imah, lanceuk samemeh maot kungsi nyarita; “Sanajan sakumaha butuhna ge, ieu imah moal dijual ku Aa, sabab Aa boga budak dua…” Eta nu ngajadikeun uing kuat nahan ieu imah. Najan dina kanyataanana uing disangka sarakah ku urut pamajikanana. Tapi da, uing nyaah ka anak-anakna. Mangkaning nu lanceukna mah geus rumah tangga, can bogaeun imah.

Eta ge kungsi dimusawarahkeun, imah teh mending dicicingan ku lanceukna, tah sesana anu keur adina jeung sabaraha persen keur indung terena dibayaran, tapi ditungtut. Ngan, jawaban eta mangkeluk teu kaciri bijil tina biwir nu ngabogaan budak. Nolak! Teu hayang cenah meunang duit saeutik-saeutik, lila. Iraha beungharna atuh. Lamun teu bisa mayar sesana gembleng, mening jual we ka batur!

 Tah ti harita, uing nu jadi adi teu bisa mutuskeun kumaha alusna. Da unggal aya musawarah ahirna jadi papaseaan. Teu manggih solusina.

………………….

Ke! Moal kitu?

Ah… piraku lamun eta mangkeluk anu ngaheureuyan uing jeung pamajikan uing teh, pedah kahayangna asa kahalangan ku uing. Tapi… piraku deuih…

Tapi?

“Kang…” pamajikan ngageroan bari muka panto.

“Aya naon?”

“Kadieu gera…”

Cengkat. Nyokot bungkus roko jeung gelas. Geus kitu mah asup nuturkeun pamajikan. “Aya naon?”

“Tah si ujang.” nunjuk ka budak.

“Aya naon, jang?”

Memeh ngajawab, budak teh melong heula kana panto jiga nu sieun. “Eu… harita teh…”

“Sing jelas, jang. Tong dipotong-potong.”

“Iihh.. ari akang.” pamajikan ngahulag.

“Harita, pami teu lepat mah basa si emang ngawinkeun ning.”

“Enya.”

“Eta mah atuh, dua-tilu bulan ka tukang. Enya, terus kumaha?”

“Harita ujang teu kahaja magrib-mabrib muka reregan. Di ditu tuh di bumina si uwa aya nu keur dodongkoan. Aya motor we di jalan. Terus aya nu ngajanteng rada anggang ti dinya.”

“Saha? Rek naon cenah?”

“Iihh.. si akang nya!” keuheul. “Sabar atuh, kang.”

“Enya, terus kumaha?”

“Ujang teh buru-buru melengekeun jandela hayang teges saha nu keur dodongkoan. Singhoreng si uwa.”

“Saha?”

“Istrina si uwa almarhum.”

“Na rek nanahaon cenah?!”

“Teu pati jelas, ngan nu jelas pisan mah basa ade Dadi nyarios kieu; “…ari mamih keur naon nyandak taneuh di dinya, ka kotor-kotor. Terus saur si uwa teh, jempe bisi kadenge ku batur! Tah kitu, pa.”

Uing jeung pamajikan silireret.

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Puriding Puringkak

Sanggeus 24 Taun

Meureun nu peuting téh hayang ulin jeung alo kuring, nu sok padahal...

Puriding Puringkak

Orok Leungit Tina Aisan

Ku Agus Mulyana Dicarék éta ogé ku mitohana mah. Ulah waka mulang,...

ilustrasi puriding puringkak
Puriding Puringkak

Datangna Alatan Diondang

Imah nu mimitina tingtrim téh jadi kacirina geueuman saprak dicicingan ku pangeusi...

Puriding Puringkak 3006
Puriding Puringkak

Nu Ngageugeuh Rohang Kelas Tilu

Ku: Komala Sutha BAKU ari geus maksa téh. Éka, budak cikal Agus...