Home Warta Katumbiri Nyarungsum Raperda Ngeunaan Mulasara Cagar Budaya
Katumbiri

Nyarungsum Raperda Ngeunaan Mulasara Cagar Budaya

Share
Wangunan cagar budaya di Kota Bandung. (foto: net)
Share

Kota Bandung-Anggota Pansus 4 DPRD Kota Bandung Ahmad Rahmat Purnama  A.Md., nétélakeun yén Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung ngaliwatan Panitia Khusus (Pansus) 4 téh keur ngeureuyeuh Raperda ngeunaan ngokolakeun Cagar Budaya. Raperda éta téh révisi tina Raperda saacanna. Disarungsumna Raperda téh dipiharep bisa leuwih daria dina ngokolakeun wangunan cagar budaya di Kota Bandung.

Nurutkeun Ahmad Raperda cagar budaya téh kudu sagancangna diverifikasi jeung disahkeun. Sangkan aya aturan nu nangtayungan, nu mangpaatna bisa leuwih daria dina mulasara wangunan cagar budaya di Kota Bandung.

“Angot di Kota Bandung téh seueur wangunan cagar budaya mung teu acan sadayana tiasa dipulasara. Kumargi teu acan aya payung hukum nu nangtayunganana,” ceuk Ahmad tandes naker.

Sagigireun payung hukum téh, émboh Ahmad, kasadaran masarakat gé masih kurang patali jeung mulasara wangunan cagar budaya. Ahmad ngécéskeun yén ijiran mah di Kota Bandung  téh aya kira-kira 1700 wangunan cagar budaya. Ngan 200 wangunan nu tas disahkeun ku Pemkot Bandung. kalolobaan mah can disahkeun, antukna masih loba nu teu kaurus.

Anggota Pansus 4 DPRD Kota Bandung Ahmad Rahmat Purnama A.Md

Nilik kana hal éta, ceuk Ahmad Rahmat Purnama, wangunan nu can asup kana cagar budaya kudu sagancangna diasupkeun kana dataa sangkan bisa kaurus. Tarékah mulasara wangunan cagar budaya téh kudu terus ditalingakeun. Utama komponén nu ngurus wangunan cagar budaya salah sahijina ngurus fisik jeung infrastuktur wangunan.

“Kanggo ngurus wangunan téh, tangtos peryogi waragad. Éta kedah aya réngkolna dina aturan. Teu aya waragad nu mantes mah, atuh ngurusna gé henteu daria,” pokna.

Ceuk éta Anggota Pansus 4 DPRD Kota Bandung téh, kudu aya tanaga ahli di widang wangunan cagar budaya keur nangtukeun asup henteuna kana kategori. Hal éta ngabantu vérifikasi jeung rékoméndasi. Tanaga ahli gé nu ngungkulan polémik wangunan cagar budaya.  Henteu kitu mah, dina sataun téh tarékah nangtukeun wangunan cagar budaya ngan bisa ngaverifikasi 10 wangunan, laju disahkeun jadi wangunan cagar budaya.

“Cobi wé diémut upami kitu carana. Tah aya 1700 wangunan di Kota Bandung téh. tiasa réngsé verifikasi sadayana wangunan téh peryogi sabaraha lami? Kedah seurieus lebah dieu mah,” ceuk Ahmad tandes naker.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

BRI Masrahkeun Pakét Lebaran Pikeun PWI Jawa Barat

BANDUNG – BRI Regional Office Bandung ngaliwatan program “BRI Peduli-Berbagi Bahagia Bersama...

Katumbiri

Lawungan jeung Média, ISBI Bandung Medar Rarancang: Dies Natalis ka-57, Ngukuhkeun Dua Guru Besar Anyar, Tatahar UTBK-SNBT 2025

Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung baris ngagelar runtuyan kagiatan di bulan...

Katumbiri

Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi

Kiper Persib Bandung musim 2010 – 2011, Markus Haris Maulana, ngalegaan ambahan...

KatumbiriWarta

Aswan Asep Wawan, SE. Kudu Babarengan Sangkan Cibiru Jadi Leuwih ‘Mantap’

Jumaah, 21 Maret 2025, lumangsung acara Résés anggota DPRD Kota Bandung, Aswan...