Home Gaya Hirup Implik-implik Nyapédah ka Puncak Sawiyah
Implik-implik

Nyapédah ka Puncak Sawiyah

Disebut puncak sabab mémang perenahna aya di pagunungan anu hawana matak nyegerkeun kana awak. Pamandanganana geus jelas éndah.

Share
Implik Nyapedah ka Puncak Sawiyah 1 Rombongan Haji Deni
Share

Keur nu resep olah raga sasapédahan, Puncak Sawiyah mangrupa nu kudu ditalukkeun. Sabab lian ti tempatna anu kasebutna jadi tangtangan, alamna gé kaasup éndah. Siga kumaha?

Disebut puncak sabab mémang perenahna aya di pagunungan anu hawana matak nyegerkeun kana awak. Pamandanganana geus jelas éndah. Warna-warna héjo anu disuguhkeun tina réana tatangkalan di pagunungan matak béngras ogé kana mata.

Teu matak héran mun kiwari éta tempat wisata nu bisa disebutkeun can pati lila ayana téh jadi pangjugjugan keur nu resep katingtriman. Komo dina jamanna peré sakola mah, Puncak Sawiyah jadi salah sahiji tujuan wisata kulawarga.

Perenahna aya di kawasan Taman Nasional Gunung Ciremai, persisna di Désa Sangiang, Banjaran, Kabupatén Majaléngka Jawa Barat.

Lamun dipilampah ti puseur kota Majaléngka mah anggangna kurang leuwih 25 km. Nyaéta ka Jalan Maja-Talaga. Saterusna ngénca nu engkéna nepi ka Désa Tejamulya. Di pertélon nuju Sangiang ngatuhu jeung ngénca deui anu jalanna réa tanjakan.

Lian ti pamandangan alam anu kacida éndahna sarta hawa pagunungan anu matak nyegerkeun kana awak, Puncak Sawiyah ogé mangrupa tempat wisata anu aya trék sapédahna. Kiwari jadi salah sahiji nu pangonjoyna di Kabupaten Majaléngka.

Hal kitu dilisankeun ku Haji Deni Supardan anu sababaraha waktu ka tukang ngajaran tangtangan nyapédah di éta tempat.

“Wajib dicobian. Margi Puncak Sawiyah salah sawios trék sapédah favorite nu janten tujuan komunitas sapédah ti mana mana,” ceuk Haji Deni pingpinan Komunitas Sapédah Caruluk ti Kota Bandung.

Haji Deni anu ka dinya jeung baladna, Sena, Tagor, Isrud, Konar, Akew jeung Tarman téh ngarasa panasaran. Hayang ngabuktikeun langsung, ulah ukur béja wungkul.

Lalampahan Haji Deni ti Bandung téh malem Minggu, 30 Nopémber 2024 kana mobil. Sapeuting mondok di Cikijing. Isuk-isukna langsung muru Puncak Sawiyah. Di Puncak Sawiyah kurang leuwih jam 8 langsung turun kukurusukan ka Panyaweuyan. Finishna di Désa Sukasari anu lalampahanana kurang leuwih 2 jam perjalanan.

Panasaran

Nurutkeun Haji Deni, trék sapédah di Puncak Sawiyah didésain saperti kitu nyaéta ajangkeuneun keur nu resep ‘énduro’ atawa ‘downhill’ sanajan bisa waé ti handap heula diboséhna.

“Sapanjang ‘ngapruk’ (istilah keur nu osok kukurusukan di komunitas sapédah) pamandangan kacida saéna. Ngéléhkeun pamandangan trék sapédah di tempat sanés,” ceuk Haji Deni deui.

Sangkan ulah sasab rombongan Haji Deni dikawal ku ‘Marshal’ atawa disebut ogé ‘Local Boy’ nyaéta Deden Rahman salah saurang anggota ti komunitas Bedegong Mountain Bike di Kampung Talaga.

Ku ayana Deden Rahman ceuk Haji Deni kacida nguntungkeunana. Mayar karcis asup ka Puncak Sawiyah gé henteu sakumaha mistina. Kitu deui bayaran keur Deden gé saiklasna.

“Nu jelas, rombongan moal sasab. Bakal aya dina trék anu leres,” Haji Deni nandeskeun.

Jasa saperti Deden Rahman minangka ‘marshal’ atawa ‘local boy’ dina dunya sapédah mah geus umum. Diperlukeun pisan lamun rombongan mémang can apal lapangan.

Najan rombongan Haji Deni ngaku yén Puncak Sawiyah salah sahiji trék sapédah anu cenah juarana dina hal pemandanganana, tapi tetep cenah kudu leuwih ditingkatkeun deui saranana. Utamana jalan-jalanna.

Padahal minangka tempat wisata alam geus nyumponan sarat pisan. Pihak nu ngokolakeun nyadiakeun spot poto anu aralus. Malah lain waé ku para kulawarga didatangan téh, tapi ogé ti instansi atawa sakola anu biasa ngayakeun kémping atawa out bound.

Komo mun isuk-isuk atawa burit, keur nu resep popotrétan mah kacida hadéna. Sababaraha spot poto anu disadiakeun ku nu ngokolakeun bakal jadi panineungan nu hésé dipopohokeun.

Nurutkeun Haji Deni saparakanca, hayang ka Puncak Sawiyah deui. Panasaran cenah mun can nyaksian pasir nu jadi héjo alatan ngagumplukna kebon bawang daun anu jadi ciri tatanén di Puncak Sawiyah.

“Sanés waktos bakal disorang deui,” Haji Deni Supardan nutup obrolan. *** (éép nr)

Majalah edisi 3009

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Implik-implik

Banjarmasin Kota Sarébu Walungan

Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut...

Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan...

Implik-implik

Tebing Karaton Éndahna Pamandangan di Lamping Gunung

Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan...

Implik-implik

Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar

Keur sabagian jalma, kopi dianggap jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi...