Nyaritakeun Nomer Husus Milangkala Manglé, moal leupas ti nu naratasna, Raden H. Uton Mukhtar. Nya, anjeunna anu medalkeun, mingpin sarta ngapingna téh. Kituna téh, nepi ka 23 taun dugi ka anjeunna mulang ka Kalanggengan, Rebo, 13 Juni 1980.
Dina Manglé No. 739 ( 19 Juni 1980 –taun ka 23) , Ki Umbara, nétélakeun, yén mingpin majalah basa Sunda (Daérah) jaman kiwari, nepi ka bisa hirup méh tilu likur taun bari medal dina waktuna kawilang lain pagawean méméh mumuluk. Ceuk kekecapan kolot mah, moal henteu aya jampéna!
Ki Umbara, nandeskeun, H. Uton Mukhtar medalkeun majalah basa Sunda Manglé téh, hayang méré panglilipur ka urang Sunda jeung ka nu ngarti kana basa Sunda, bari sasieureun sabeunyeuran bisa milu ngaraksa jeung ngariksa basa katut budaya Sunda. Atuh béh dituna, cenah, hayang méré kahirupan ka karyawan-karyawanna jeung ka sakur nu ngarojong kana ieu majalah.
“Sakumna ais pangampih kudu tukuh kana tujuan Manglé. Omat ulah kabawa ku sakaba-kaba, ulah nuturkeun luak-leok kumaha ramenan bae,” Ki Umbara malikan kasauran H. Uton Muchtar.
Saterusna, ieu panaratas Manglé ge nandesekun, “Pedah ayeuna masarakat keur resep kana carita-carita jeung gambar porno. Ulah, teu meunang. Urang mah, tetep dina panglipur manah anu séhat. Lamun kabéh Ais Pangampih tukuh kana éta tujuan, insya Alloh Manglé bakal manjang majang pusaka tuturunan karuhun urang. Beuku panjang umur Manglé beuki panjang mangpaatna.”
Katukuhan H. Uton Muchtar, ceuk Ki Umbara, éstu teu bisa dionggét-onggét. Malah sakapeung mah karasa pisan neugtreugna. Upama waé dina sual ngaran Manglé, sesebutan majalah panglipur, bentuk aksara Manglé, simbul manglé kembang malati jeung candrasangkala kudu angger tempatna di hareup. Potret di hareup gé kudu mojang wae, kumaha waé alesanana, ti nu hayang ngarobah teu aya nu mental.
Nya kitu deui sual eusi, kudu tetep nyumponan sarat majalah panglipur anu séhat. Anu matak kacida tukuhna kana sual-sual bieu, rusiahna mah, saurna, lantaran beunang anjeujna Istikharoh atawa tos kenging restu ti remana. (*)
Edisi majalah: 3005
Leave a comment