Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Gék, diuk dina batu gédéngeun lawang candi. Wanoja jangkung nu maké setélan calana jins jeung kaméja panjang héjo, nyurup jeung tiung panjang sipon héjo toska, nyetél jeung sapatuna két pulas bodas.

Share
Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Share

Carpon Kiki Oke Yasminiati

Sanggeus mapay-mapay jalan satapak bari ningalian kekembangan di patamanan, Rukmini anjog ka candi nu dituju. Masya alloh, kakawasaan Gusti nu parantos nyiptakeun mahluk dina waktu harita. Bet, ku bisaan ngarungkal-ringkel batu; ditatah parasagi, ditumpuk-tumpuk ngajadikeun hiji patempatan pikeun tatapa. Tumpukan batu nepi ka luhur, teuing kunaon dirapetna nepi ka kiwari nangtung, weweg, ngabedega gagah ngalambangkeun bangsa nu kawasa dina mangsa harita.


Rukmini nuluykeun lalampahan bari ngagungkeun kakawasaan Gusti Alloh. Ras manéhna kana carita pangajaran di sakola, nu kungsi diterangkeun ku guru ngeunaan titinggal jaman baheula, candi nu dipaké ibadahna warga dina waktu harita.


Gék, diuk dina batu gédéngeun lawang candi. Wanoja jangkung nu maké setélan calana jins jeung kaméja panjang héjo, nyurup jeung tiung panjang sipon héjo toska, nyetél jeung sapatuna két pulas bodas. Dangdanan wanoja kiwari. Dina taktakna nyoléndang kantong leutik paranti nunda hapé jeung duit.
Inyana neuteup ka béh jauhna, palataran jukut héjo ngémploh. Ngabring jalma nu ngajugjung ka dinya. Loba ogé anu nyieun kamonésan sangkan nu daratang bungah jeung betah.


“Mau berfoto?” cenah, nyaritana meueusan.


Rét, ka handap neuteup ka nu boga sora agem. Bréh, lalaki tegep maké pakéan Hanoman, monyét bodas dina carita Ramayana. Sajongjonan ngahuleng. Ras inget ngeunaan gerakan gedig, bari ngangkatkeun dua leungeunna tuluy ukel jeung capang. Rukmini ukur imut bari gogodeg. Sababaraha urang nu maké pakéan pawayangan ngaléos tuluy nyampeurkeun ka nu séjén.


Ti kajauhan aya nu nyérangkeun. Pakéan pawayangan nu pikasieuneun, buukna ngarerewig, huntuna ditutupan kedok nu rangeténg. Beungeutna beureum, rupa buta anu gagah perkasa. Katempo siga nu keur amarah jeung bengis. Treup, paadu teuteup. Rukmini bet ras inget kana sorot matana. Di mana kungsi panggih jeung sorot panon nu éta.


Rumaja rancunit nu maké tiung héjo toska ngalungkeun implenganana ka mangsa ngampus; kungsi disandingkeun jeung Rahwana waktu ngajirim jadi Sinta. Sok sanajan bageur, tapi rupana pikasieuneun. Waruga raksasa nu boga pasipatan harak jeung bengis.


Sinta gancang turun, nangtung hareupeun jalma nu kakara datang. Manéhna ngan bisa neuleuman panon nu hanjelu. Ras ka dirina nu pikaijideun batur, moal ngalakon aya nu maturan. Dirina nu manghanjakalkeun kunaon bet dijadikeun buta raksasa nu pikasieuneun? Sigana mun seug bisa ménta ka nu Kawasa mah meureun hayang kasép siga Rama.


Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu meureun jalan hirupna diciptakeun pikeun nyingsieunan batur, sangkan batur ijid jeung geuleuheun. Sok sanajan lubak-libuk harta boga karaton. Sinta ngagelenyu, ku basa anu lemes manéhna ngabeberah haté Rahwana sangkan bisa mulangkeun dirina ka Rama nu jadi salakina.


“Kuring moal mopohokeun kajadian harita. Tisaprak harita, kuring teu weléh nganti-nganti,” pokna ngalubarkeun lamunan Rukmini.


”Kuring mah lain Sinta. Sakabéhna gé kapan ukur aya dina dongéng,” Rukmini ngécéskeun kajadian harita.
“Nu dianti téh teu burung pinarengan, ayeuna kuring bisa tepung jeung anjeun,” pokna bari nuyun Rukmini ka sisi ngajak diuk dina batu handapeun tangkal nu linduh.


“Harita, kuring kungsi merankan Sinta basa manggung di kampus,” jawab Rukmini ngalalakonkeun panineunganana waktu drama tari ngeunaan carita Ramayana.


“Enya, ti harita, kuring taya karep mulangkeun anjeun ka Rama. Tapi Hanoman tumorojog bari ngabuburak istana kuring. Kuring kasoran ti salaki anjeun. Kuring teu burung handeueul. Tapi kuring teu wasa nyeueung anjeun diléntaban seuneu pikeun ngabuktikeun mun anjeun masih kénéh suci. Satemenna Rama teu kudu kikituan. Inyana lir nu teu weléh cangcaya kana omongan anjeun. Masing percaya, sok sanajan jirim kuring téh raksasa, tapi kuring kacida hormat kana urusan banda nu lian. Kuring mah ukur miajrih kana kasatiaan anjeun.”


Aya nu nyelek dina obrolanana. Rukmini ngan cicing ngaregepkeun carita Rahwana.
“Kuring nunungguan anjeun pikeun ménta pangampura kana saniskara talajak kuring. Kuring bakal dicatet dina legenda minangka jalma nu pangjahatna di dunya nu kungsi nyulik hiji ratu. Tapi kuring moal ngarasa hanjelu duméh kuring kungsi tepung jeung anjeun.”


Rukmini nyiwit kulit leungeunna. Enya wé karasa nyeri aya nu ngajeletit. Manéhna sadar yén nu aya di hareupeunana téh nyata. Mahluk nu kungsi panggih dina carita anu kungsi dipintonkeun baheula.
“Mbak … mbak! Ngobrol jeung saha?” ceuk lalaki nu maké pakéan hanoman nyampeurkeun deui make basa Indonesia logat Jawa.


Rukmini ngagelenyu némbal anu nanya, ”Tadi kuring ngobrol jeung babaturan anjeun. Ka mana manéhna ayeuna?”


“Maksadna, Mbak?” ceuk manéhna deui.


“Enya, babaturan anjeun. Manéhna nu make kostum Rahwana.”


Dua baturna nu sarua maké kedok cakil jeung buta nyalampeurkeun. Nu jadi monyét bodas ngan ngahuleng ngadéngékeun obrolan Rukmini.


“Sajarah nu geus nyingkurkeun manéhna. Legenda kisah manéhna jadi mahluk nu pangjahatna. Boa enya manéhna keur napakuran kahandeueulna,” ceuk salasaurang nu jadi buta.


“Badé difoto sareng abdi saparakanca?” ceuk Hanoman.


“Mangga!” Rukmini atoheun diajakan dipoto ku nu tiluan. Maranéhna dipoto bari siga nu keur ngibing. Atuh Rukmini gé nurutan. Sanggeus hapéna dibikeun deui ka Rukmini, manéhna reuwaseun kacida. Dina poto aya nu ngaréngkénék gigireun manéhna nu tadi kungsi ngajakan ngobrol.


Sidik jalma nu ngaléos ngajakan dipoto téh ngan tiluan. Rék digeroan deui tapi aranéhna keur ngolo nu kakara daratang. Rukmini neuteup poto, cikénéh manéhna panggih asa dina impian.

Bumi Resik Panglayungan, 2024

Majalah edisi 3010

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...

Carpon Ai Wawang-SUHADMA
Carita Pondok

Suhadma

Carpon Ai Wawang “Baku ari geus asup ka imah batur teu permisi...