Puriding Puringkak

Nu Ngageugeuh Rohang Kelas Tilu

Karék sajam di jero rohangan kelas genep. Éka nu saméméhna segut danlat-donlot bari migawé tugas kuliah, dumadakan awakna ngarasa teu genah.

Share
Puriding Puringkak 3006
Share

Ku: Komala Sutha

BAKU ari geus maksa téh. Éka, budak cikal Agus jeung Ina. Wanci sareupna hayang ka sakola tempat di mana bapana jadi operator. Biasa wé teu paya kuota dadas. Pajar, aya tugas kuliah nu perelu danlat-donlot heula. Ceuk indungna, naha teu bisa diisukkeun. Ceuk bapana, bada isa atuh, ulah wanci sareupna. Ari aya kahayang teu bisa dipugag. Kalah nyalahkeun, bongan di imahna teu masang waipay. Sarwa salah, kadua kolotna ngahempékeun antukna, bari ngingetan sangkan solat magrib di sakola.


Song, bapana mikeun konci saruntuy. Keur mah pancénna dobel di éta sakola téh, ngajagaan sakola deuih da taya caraka. Purah muka tutup sakola jadi tanggungjawabna. Éta gé Agus sok pirajeuneun ka sakola ari bada isya téh mun aya gawéeun nu patali jeung operator tur butuh internét. Sakapeung dibaturan ku anak-anakna, tampolana nyorangan.


“Hayu, Dwi!” ceuk Éka ka adina. Dwi nu keur anteng manco hareupeun léptop, saenyana wegah, tapi sieun lanceukna ambek. Teu wani nolak, tungtungna cengkat.


“Kadé sarolat magrib! Sakeudeung deui gé adan!” Ina ngingetan.


“Muhun, Mah!” Dwi nu némbal. Lanceukna mah ngajéwang konci motor métik nu diasongkeun ku bapana tuluy kaluar imah. Ngahurungkeun motor. Gék Dwi diuk tukangeun Éka luhur sadel.
Anjog hareupeun sakola dasar, bareng jeung kapireng sora adan ngalanglaung ti masigit di lembur nu anggang ti sakola. Tangtu, sakola perenahna mencil. Hareupeunana, lapang baskét bogana SMP. Kuloneun, wangunan sakola dasar tatangga nu nonggongan, béh kidul jeung wétaneun lapang, wangunan sakola SMP nu simpé pisan. Poék meredong di lapangan. Kitu deui tepas-tepas kelas.


Akah-ékéh Éka muka panto gerbang, da geus rada macét, mun ku bapana mah sok tapis muka. Dwi mantuan. Panto gerbang diésérkeun sanggeus bisa dibuka. Dwi hemar-hemir ngarasakeun kaayaan sakola nu paroék. Tadi bapana gé ngawawadian nitah ngahurungkeun lampu tepas sabab kapohoan, nu dihurungkeun ukur rohang kelas tilu, bubuhan éta rohang perenahna pangjuruna.


“A… di mana nya stop kontak lampu tepas?” tanya Dwi bari leumpang lalaunan nuturkeun lanceukna nu leumpangna semu gancang.


“Teuing atuh, Dwi,” témbal lanceukna haré-haré, teu paduli lampu tepas poék da geus apal jalan ka rohang kelas genep. SD Sirnaraga mah sakola nu pangleutikna. Teu boga pakarangan. Rohangan kurang, malah sabagéan tepas dipaké rohang keur guru, ari beurang pabaliut jeung murid mun guru keur dariuk di dinya téh. Operator ari baranggawé gé di rohang kelas genep, matak ari anak-anakna rék internétan gé nya sok ka rohang éta.


“Kumaha atuh, nya?” Dwi semu bingung.


Duanana geus aya hareupeun rohang kelas genep. Éka mah geus tapis néangan konci kelas genep. Teu kungsi lila, bray panto muka. Poék meredong. Dwi muringkak. Ngarasa aya nu keur nyerangkeun di jero rohangan. Éka nitah adina ngahurungkeun lampu kelas genep. Geuwat dampal leungeun Dwi mapay témbok deukeut panto. Bray, hurung. Rohangan caang. Najan rohangan geus hurung, Dwi masih ngarasa aya nu keur nyerangkeun di jero rohangan. Tapi, Dwi teu wani cumarita ka lanceukna, sabab sakapeung lanceukna sok ngagebés, malah sok nyaram sangkan ulah sompral. Naha lanceukna teu ngarasakeun kakeueung nu sarua? Kitu pikir adina.


Gék, Éka diuk hareupeun kursi muih nu jokna pulas héjo. Sok, ngaluarkeun léptop tina kantong nu disoléndangkeun ti imah kénéh. Bray, ngahurungkeun léptop. Nyambungkeun internét sakola. Mimiti manco. Dwi nu tadina diuk dina bangku murid, pindah ka gigireun lanceukna. Manéhna mah internétan dina hapé anyar. Dua adi lanceuk téh teu ngaluarkeun sora sakecap-kecap acan. Jarongjon sorangan.


Sabot kitu, ceuli Dwi mireng sora léngkah suku di lebah tepas. Tarangna kerung? Saha? Naha bapana? Tapi piraku da teu kareungeu sora motorna. Tuluy bapana nyebutkeun moal ka sakola nuturkeun, asal panghurungkeun lampu tepas. Dwi bingung di sagédégeun rasa keueung. Poho deuih, teu nanyakeun lebah mana sakelar lampu tepas. Keur mah, saban ka sakola ari peuting, sok jeung bapana. Kakara ayeuna kadua lanceukna. Ari rék maluruh sakelar di sapanjang témbok kelas, daksakala aya rasa keueung. Manéhna gé ngarasa ahéng sasarina teu ngarandapan sieun saperti peuting harita, sanajan kungsi ngadéngé bapana ngobrol jeung indungna—cenah, sok mireng béja carita yén di rohang kelas tilu sok rajeun kawénéhan. Aya aki-aki nu nyarandé kana punduk, atawa ibu-ibu dicindung beureum nu leungeunna nyampay kana taktak, atawa budak leutik nu nangkod dina bitis. Kasorangna ku budak awéwé ngaran Niha. Teu katempo ku budak séjén mah, kitu deui ku guru. Saban Niha nyorang, sok ceurik bari tutuduh ka mahluk-mahluk éta.


Karék sajam di jero rohangan kelas genep. Éka nu saméméhna segut danlat-donlot bari migawé tugas kuliah, dumadakan awakna ngarasa teu genah. Nyareri. Pangpangna dina bitis kénca jeung tonggong. Bangun aya nu nyarandéan. Ogé aya nu nangkod kana bitis, pageuh tur beurat. Tapi rasa nyeri téh ditatahan saheulaanan, terus manco kana léptop.


Dwi ngarérét ka lanceukna nu dumadakan ahéng. Dwi hélok tapi teu wani nanya sok inggis ngaganggu nu keur segut, apal adat lanceuk nu babari ambek teu paya kaganggu. Ngan nu karasa ku Dwi sorangan, taktakna ngarasa beurat pisan, semu nyeri deuih. Rét, ngarérét. Yakin, taya sasaha iwal lanceukna nu jadi guligah najan masih manco. Naon atuh nu nyeri kana taktak téh, pikir Dwi bari ngusapan taktak ku dampal leungeun. Tikorona dumadakan hanaang. Jung cengkat, kaluar kelas, bubuhan deukeut di dinya, aya dapur basajan. Top kana gelas dina erak, laju nyokot cai tina galon. Leguk nginum ngaleklek nepi ledis sagelas jangkung. Tikorona karasa adem tapi taktakna masih karasa nyeri. Gelas ditunda deukeut coét nu nangkub dina balé leutik, manéhna babatek awak. Bari ngarasa aya nu keur ngawaskeun ti lebah lorong tepas nu meredong.


Ngararasakeun kakeueung, tapi Dwi bet wegah asup deui ka rohang kelas genep, sok sieun tonggongna aya nu nyarandéan deui. Éka nu keur ngarasakeun bitis jeung taktakna beurat tur nyeri, ngarérét ka adina nu nangtung teu jauh ti lawang panto. Asa aya nu ahéng tina polah adina, pikirna, boa-boa ngarandapan nu sarua.


“Dwi… ku naon?” tanyana.


“Nyareri ieu, A…” témbal adina bari leungeunna mencétan taktak kéncana.


Éka reuwas. “Naha sarua, Dwi. Ngan Aa mah… nyeri tonggong… jeung… bitis,” ceuk Éka. Ngajelenging kana ceulina obrolan kadua kolotna ngeunaan murid kelas tilu nu tonggongna sok ditangkodan aki-aki, taktak kénca nu sok disampayan leungeun ku ibu-ibu ditiyung beureum. Tara ka rohang séjén mah. Boa kakara ayeuna ngalanto ka kelas genep.


Teu miduli léptop nu hurung, jung Éka cengkat tina pangdiukan, muru panto kelas nu ngagemblang. Dwi terus rasa, inget ka murid nu bitisna sok ditangkodan pageuh ku budak leutik. Nu ngageugeuh rohang kelas tilu! Pundukna muriding. Hiiii…


“Geuwat ingkah ti dieu!”


“Ta-tapi… koncian heu-la…”


“Baé ku Bapa wé sina ka dieu sakalian mawa léptop Aa!” ceuk Éka bari tuluy ngajéwang leungeun adina, diajak lumpat kaluar ti éta sakola. Sanggeus di lapang baskét SMP, berengbeng lumpat deui notog-notogkeun manéh. Maranéhna hanjakal teu sarolat magrib heula sakumaha peupeujeuh indungna.***
Babakanpasantrén, 9 Oktober 2024

Edisi majalah 3006

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Puriding Puringkak

Sanggeus 24 Taun

Meureun nu peuting téh hayang ulin jeung alo kuring, nu sok padahal...

Puriding Puringkak

Orok Leungit Tina Aisan

Ku Agus Mulyana Dicarék éta ogé ku mitohana mah. Ulah waka mulang,...

ilustrasi puriding puringkak
Puriding Puringkak

Datangna Alatan Diondang

Imah nu mimitina tingtrim téh jadi kacirina geueuman saprak dicicingan ku pangeusi...

Puriding Puringkak 3005 warna
Puriding Puringkak

Sapatu Butut

Ku Agus R Munggaran Can lila pindah ka imah kontrakan anyar pamajikan...