Carpon Barudak

Novémber Rain

Share
Share

Karya: Kinanti Putri Binangkit
(Siswa SMPN 1 Cililin Kab. Bandung Barat)

Di luar, girimis turun. Sirah Dinar ngeluk. Panonna neuteup ti jero kelas dalapan C. Batur sakelas keur sempal guyon garogonjakan. Sawaréh aya nu keur medar rencana ngareuah-reuah poé milangkalana.

“Maranéh datang, nya! Ulang taun kuring tanggal 22, bakal ramé pisan lah! Indung kuring rék nyéwa tempat jeung ngondang batur sakelas kabéh!” ceuk Rina sumanget naker. Paroman beungeutna cahayaan.

“Kuring gé! Tanggal 27! Cenah bapa kuring rék méré kado nu gedé jeung mahal!” Salwa semu agul.

“Wéy, da uing gé sarua! Tanggal 15, téréh!” ceuk Fina embung éléh.

Dinar tibang ngabetem, ukur ngadédéngékeun wangkongan éta. Haténa pagalo antara sedih jeung sirik. Pikeun manéhna, bulan Novémber lain bulan nu kebek kabagjaan. Ti leuleutik, manéhna can kungsi ngareuah-reuah milangkalana. Indungna riweuh buburuh nyeuseuh pikeun nyumponan pangabutuh sapopoé. Sedengkeun bapana, geus lila tilar dunya.

“Éh, Dinar!” ceuk Rina. “Ulang taunna Novémber ogé pan? Tanggal sabaraha?” “17,” témbal Dinar pondok.

“Wah! Dinar gé kutan bulan Novémber!” ceuk Fahri rada tarik. “Traktir atuh! Piraku taya acara?”

Dinar nyéréngéh, nutupan rasa nyeri jeroeun dadana. “Teu aya,” jawab Dinar halon.

Rina jeung Fahri silih rérét tuluy saleuseurian.

“Ah, lebar atuh! Ulang taun pan kudu direuah-reuah!” ceuk Rina.

Basa bél disada, Dinar buru-buru mulang. Di satengahing jalan, girimis turun deui ti langit maseuhan lemah. Geuwat muka payung. Kaayaan harita nambah ngungun haténa. Rét ka imah- imah saligrong nu kaliliwatan. Laju nyawang kulawarga nu galumbira di dinya. Manéhna nyipta- nyipta kumaha rasana lamun manéhna ngareuah-reuah milangkala diriung ku babaturan sakelas, dibéré kado tur didaro’akeun.

“Ah, ngimpi, saukur… ngimpi,” gerendengna peurih haté laju ngarénghap jero.

Anjog ka imahna, sup ka jero. Imah leutik nu simpé. Indungna can mulang buburuh di imah tatangga. Dinar nyampaykeun switer nu semu baseuh, gék diuk dina lanté rohang tipi, neuteup témbok cét bodas nu geus marokplokkan.

Teu kungsi lila, bray panto muka. Jol indungna mawa palastik gedé nu beurat. Beungeutna témbong lungsé, tapi dumadakan imut basa nempo Dinar.

“Dinar, tos uih ning?” “Muhun, Mah.”

Sanggeus rinéh sakeudeung, indungna gék gigireun, laju neuteup anakna. “Dinar, Dinar uninga pan dinten ieu téh ulang taun Dinar?”

Dinar unggeuk.

“Hampura Mamah, Geulis. Mamah teu tiasa masihan nanaon. Mamah ngan tiasa ngadu’akeun hidep,” ceuk indungna dumareuda.

Dinar imut tuluy ngagabrug indungna. “Wios, Mah. Dinar alim kado da. Nu penting Mamah aya nyarengan Dinar.”

Indungna ngabetem, biwirna imut bari dampal leungeun ngusapan tonggong anakna. “Dinar budak nu kuat, bageur. Bapa pasti bagja ningali Dinar sapertos ayeuna.”

Tanggal 17. Dinar reuwas sabab aya amplop luhur méja basa manéhna karék mulang sakola. Panasaran, tuluy muka éta amplop. Tétéla surat nu geus konéng balas ku waktu nu laas. Surat nu ditulis bapana sameméh ninggalkeun alam dunya.

“Dinar, anaking. Wilujeng milangkala ka-14. Bapa teu tiasa nyarengan dina mangsa Dinar mangkak rumaja. Bapa nitipkeun du’a sareng cinta ka Dinar ngalangkungan Mamah. Bapa yakin Dinar budak nu kiat tur teuneung. Ku Bapa didu’akeun Geulis, hidep pinanggih jeung kabagjaan. Bapa bakal aya salawasna dina haté Dinar. Dina bulan Novémber nu ku urang sadayana dipikalandep.”

Cipanon ngalémbéréh maseuhan pipi Dinar. Tapi Dinar ngarasa reugreug. Lain kasedih nu dirasakeun dina bulan Novémber tapi parasaan bungah nu teu disangka-sangka. Surat ti bapana minangka kado milangkala pangéndahna nu kungsi katampa ku dirina. Rasa tunggara nu salila

bulan Novémber dumadakan sirna, baganti ku kanyaah nu taya watesna ti bapana nu geus teu aya dikieuna.

“Muhun, Pa …,” gerentesna. “Dinar bakal janten rumaja nu kiat tur teuneung kanggo Bapa sareng Mamah. Novémber nu istiméwa. Dinar tangtos bakal émut sateterasna.” ***

Hujan di Bulan Novémber 2024

Kantos dimuat di Mangle No. 3011 | 16 – 22 Januari 2025

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Barudak

Kuduna Mah Rudi

Ku: Hérmana Ti keur kelas hiji nepikeun ka ayeuna kelas opat, Nana...

Carpon Barudak Milu ka TPS warna
Carpon Barudak

Milu Ka TPS

“Hayu,” kuring heuay meni merelek. Satepina di imah, dug kuring saré luhur...

bapak bersama anak sedang berboncengan sepeda
Carpon Barudak

Milu Dagang jeung Bapa

Ku Wulan Ratnaningrum Ti peuting mula Ara geus omat-omatan ka bapana isukan...