Masarakat kudu ngarti kana produk hukum sangkan mucunghul kasadaran dina ngalaksanakeunana. Salah sahiji produk hukum téh nyaéta Perda (Peraturan Daerah). Pikeun ngatik masarakat kana pamahaman Perda téh kudu ditingkatkeun kagiatan sosialisasi. Lantaran masih loba masarakat Kota Bandung nu can ngarti, antukna ngarempak aturan saperti jlug-jleg masang réklame tanpa ijin.
Hal éta ditepikeun ku Ketua DPRD Kota Bandung Asep Mulyana ka wartawan sababaraha waktu ka tukang. Nurutkeun Asep, DPRD Kota Bandung ngaliwatan Pansus-Pansus téh keur ngabahas sababaraha aturan saperti Raperda (Rancangan Peraturan Daerah) nu jadi cikal bakal Perda, di antarana Raperda Reklame, Raperda Cagar Budaya, Raperda ngeunaan panyalindungan ka wanoja, sarta Raperda Idéoligi Pancasila.
“Perda nu tas aya gé teu acan sadayana dipikahartos ku masarakat Kota Bandung, Buktosna mah upami ditaros téh masih seueur nu teu uningaeun kana éta Perda,” ceuk Asep tandes naker.

Ketua DPRD Kota Bandung ngémbohan yén dina ngabahas Raperda téh sok loba tinimbangan ngawadahan rupaning kapentingan ti sakumna pihak. Ku kituna dina prosés bahasan unggal Raperda téh Pansus-pansus di DPRD Kota Bandung tarapti pisan. Sangkan medal produk hukum nu nebarkeun mangpaat pikeun balaréa.
“Perda téh aturan nu kedah dilarapkeun. Ulah dugikeun ka aya pihak anu ngarasa kaabotan ku éta aturan. Janten apik pisan dina prosés bahasan téh. Sanaos kitu, Reperda kedah saénggalna réngsé,” pokna.
Medar Raperda téh pagilinggisik jeung rupaning kapentingan. Kudu apik nalik ngabahas, kitu deui telik pisan kana hal-hal anu sifatna detail. Hal krusial anu dibahas dina Raperda ngeunaan punishment.
Patali jeung bulan Romadon, écés Asep, kagiatan lumangsung sakumaha biasana. Ibadah puasa teu matak kateug kana garapan. Pansus-pansus terus ngeureuyeuh Raperda, pon kitu deui agénda studi banding gé terus dilakonan. “Nu paling penting mah teras nampi aspirasi ti masarakat. Perkawis éfisiensi mah, dilaksanakeun kalayan wijaksana. Nu teu patos peryogi mah dikirangan,” pokna.***
Leave a comment