Kota Bandung-Anggota Panitia Khusus (Pansus) 3 Dewan Perwakitan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung Aan Andi Purnama, SE nétélakeun yén pedaran Raperda (Rancangan Peraturan Daerah) ngeunaan Penyelenggaraan Reklame téh kudu ngaladangan kabéh kapentingan, di antarana nata réklame nu mapaés kaéndahan kota sarta bisa ningkatkeun PAD (Pendapatan Asli Daerah) Kota Bandung.
“Dua kapentingan nu kedah diwadahan téh nyaéta, Nata réklame sareng nu kaduana Pendapatan Asli Daerah (PAD), duanana kedah dicumponan. Upami PAD-na saé, nu sanésna tiasa kacumponan. Janten panataan baris lancar, sumber pangasilan tina PAD gé tiasa optimal,” ceuk Aan tandes naker.

Éta Pulitisi Démokrat DPRD Kota Bandung téh ngémbohan yén dina tahapan pedaran Raperda Penyelenggaraan Reklame téh dimimitian ku Focus Group Discussion (FGD), laju konsultasi, study banding, jeung leuwih teleb deui ngabahas rancangan.
“Palanggeran éta kedah dibahas, kumargi dumasar invéstigasi pansus, réklame nu teu aya izin téh jumlahna dugi ka rébuan. Janten réklame nu sumebar di Kota Bandung téh seueur nu ilégal. Dina panataan réklame gé sakasampeurna, kedah tandes ngawitan ayeuna mah,” pokna.
Pedaran Raperda Reklame téh kaasup nata sangkan bisa ngawangun étalase Kota Bandung nu optimal, ogé pangasilan PAD Kota Bandung. Da réklame téh poténsina gedé, ku kituna dina ngurus ijin réklame téh kudu asup kana PAD Kota Bandung.
“Nganggo sistim by tayang mah tiasa nambihan PAD. Mung tina panataan baris kaganggu margi dina sawengi téh tiasa langsung seueur réklame nu dipasang. Janten persepsi anggota Pansus 3 DPRD Kota Bandung kedah sami heula,” ceuk Aan écés naker.
Aan ngémbohan yén lebah panataan mah kudu miboga sumanget nu sarua ngeunaan kaéndahan Kota Bandung. Satutas Raperda jadi Perda mah, Anggota Panitia Khusus (Pansus) 3 Dewan Perwakitan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung Aan Andi Purnama, S.E., miharep panataan réklame di Kota Bandung téh bisa nyiptakeun pamandangan Kota Bandung nu leuwih éndah, teu sareukseuk ku réklame. Aturan anyar mah ngabebenah titik-titik réklame. Ayana réklame téh mapaésan kaéndahan Kota Bandung.***
Leave a comment