Home Gaya Hirup Implik-implik Nimatna Liburan Di Kebon Kembang Lémbang
Implik-implik

Nimatna Liburan Di Kebon Kembang Lémbang

Tempat wisata kiwari terus tingpucunghul. Salah sahijina nu kawilang anyar the Gia's Grange nu perenahna di Lémbang. Siga kumaha éta patempatan anu di ngunggulkeun éndahna kebon kembang téh?

Share
Gia's Grange kebon jeung kafé.
Gia's Grange kebon jeung kafé.
Share

Kabupatén Bandung Barat geus sohor ku tempat wisatana. Pangpangna di daérah Lembang ti mimiti anu nawarkeun wisata alam, miniatur kota, kebun binatang, atraksi, pamandian cai panas jeung masih réa-réa deui.

Nu paling anyar nyaéta Gia’s Grange. Nawarkeun éndahna kebon kembang Aster jeung Alyysum anu didominasi warna bodas jeung bungur. Anu jelas, ceuk sababaraha anu pernah ngalaman datang ka dinya, Gia’s Grange béda jeung tempat wisata séjénna.

Disebut anyar, mémang Gia’s Grange mimiti dibukana 24 Désémber 2024. Alamat lengkepna nyaéta di Jalan Raya Tangkuban Parahu, Cibogo, Kacamatan Lémbang, Kabupatén Bandung Barat.

Di jerona lian ti anu diunggulkeun kebon kembang téa anu mekarna kembang téh ukur sabulan nepi ka dua bulan, aya ogé taman anu kawilang lega sarta kafé. Sedengkeun bukana poé Salasa nepi ka Minggu ti jam 09.00 WIB keur éta taman, sedengkeun kafé mah mimiti buka téh jam 10.00 WIB.

Di bagéan hareup (gapura) wisatawan bisa meuli tikét anu hargana Rp. 15.000 keur saurangeun. Éta téh geus kaasup waragad lamun hayang asup ka kafé. Di tempat ngajual karcis ogé aya anu dagang ‘bucket’ seger anu hargana Rp. 20.000 sarta engkéna sok digunakeun pikeun putrat-potrét di sabudeur kebon. Sabab di kebon mah wisatawan dipahing pisan lamun putak petik kembang.

Di kebon kembang henteu pati réa fasilitas anu disadiakeun. Tapi loba kréatifitas fotografi anu bisa dicobaan diantarana aya pendopo anu bisa digunakeun pikeun istirahat sarta popotrétan anu kasangtukangna kacida narik atina.

Lian ti pendopo disadiakeunn oge eunteung anu bisa dugunakeun pikeun ‘seselfian’ kalawan kasangtukangna kembang ‘Assylum’. Ngan nu daratang ka kebon kembang mah henteu diwatesanan ku waktu. Wisatawan bisa saseubeuhna ulin di kebon bari bisa ogé mawa sato piaraanana asal bisa ngajagana sarta henteu ngaganggu ka wisatawan séjénna.

Di luar sabudeur kebon aya kafé anu warnana konéng. Tempatna kawilang genaheun jeung lega. Tapi méja tempat daharna saeutik, sabab di kafé éta lian ti ngajual kadaharan ogé ngajual rupa-rupa aksésoris jeung nyadiakeun permaénan kartu saperti UNO kalawan haratis.

Jadi saupama henteu kabagéan meja, nu daratang bisa nyobaan maén kartu di luar rohangan éta anu tempatna sarua genaheun. Kitu deui wisatawan bisa nginjeum alat piknik anu disadiakeun kalawan haratis. Saratna, nu daratang kudu mesen heula dahareun anu aya di dinya.

Moal Rugi

Pikeun dahareun jeung inumeun menuna rupa-rupa anu disuguhkeunana kaasup unik saperti ’Omurice jeung Quesadilla’. Ngan ari cai hérang mah diharatiskeun dina botol jeung gelasna anu bisa dibawa ku wisatawan ka luar kafé.

Kitu deui wisatawan sanggeus mesen dahareun bisa ménta ka kasir disadiakeun karanjang, amparan sarta méja leutik pikeun kaperluan barangdahar. Tapi sabérésna kudu dipulangkeun deui ka tempatna.

Tempat dahar nu bieu disebutkeun téh perenahna katuhueun kafé. Lian ti aya amparan jukut héjo nu endah, aya tangkal, aya balong nu eusina lauk koi, ogé aya rupa-rupa tangkal kembang anu nambahan betah cicing di dinya.

Pikeun anu panasaran, leuwih hadé datang langsung. Ulin ka Gia’s Grange moal matak rugi. Sabab lian ti suasana anu éndah cocog keur sagala umur téh, Gia’s Grange mangrupa tempat wisata anyar anu suasanana béda jeung tempat wisata séjénna. *** (Muhammad Fachry)

Edisi majalah: 3012

Share
Written by
Muhammad Fachry - Kontributor

Web developer yang suka berkontribusi di bidang teknologi gawai dan sosial. Aktif berkontribusi di komunitas Bandung Local Guides dan Samsung Members.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Implik-implik

Banjarmasin Kota Sarébu Walungan

Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut...

Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan...

Implik-implik

Tebing Karaton Éndahna Pamandangan di Lamping Gunung

Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan...

Implik-implik

Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar

Keur sabagian jalma, kopi dianggap jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi...