Home Gaya Hirup Implik-implik Ngurilingan Éropa Dina Kapal Méwah
Implik-implik

Ngurilingan Éropa Dina Kapal Méwah

Share
Kapal Emerald Desitny tempat gawe Davin
Kapal Emerald Desitny tempat gawe Davin
Share

Teu karasa kiwari geus ka dalapan taun Irvan Adhi Frima gawé di Éropa. Nyaeta dina kapal méwah Emerald Destiny nu sapopoena mapay-mapay walungan Danube. Kumaha lalakonna? Manglé ngobrol jeung Irvan Adhi Frima nu kakara mulang ti Éropa.

Unggal miang ka Éropa, sok béda-béda waé pangalamanana téh. Contona basa ka Éropa taun 2023 mah anu biasa ngabring paling saeutik gé 10 jalma, harita mah kapaksa indit nyorangan. Lain kahayang éta téh, tapi da kitu dibutuhkeunna ku pausahaan tempat Irvan Adhi Frima digawé.

Harita Davin (sesebutan sapopoé Irvan Adhi Frima) inditna bulan April. Sedengkeun babaturanana anu sabenerna mah taya anu wawuh saurang-saurang acan, tapi ku sabab masih urang Indonésia kénéh, geus miang ti heula dina bulan Maret.

“Taun 2024 ayeuna mah tiasa disebatkeun normal,” ceuk Irvan Adhi Frima di panganjrekanana, Komplék Bumi Palasari Ciléngkrang Kota Bandung samulangna ti Éropa.

Lila kénéh cicing di Éropa batan di Indonésia ceuk Davin kadangkala aya rasa bosenna. Tapi diaku gedé ogé resepna. Pangpangna  mah di luar negri téh lain ulin teu puguh. Tapi gawé anu hasilna lian ti keur kaperluan dirina, ogé keur bunta-bantu bubutuh nu jadi ibu ramana.

“Pokona mios téh ti Maret. Wangsul deui Nopémber. Mangsana summer,” ceuk Davin deui.

Nu jelas dina taun ayeuna mah ceuk Davin bisa disebutkeun malikan deui ka asal. Nyaéta gawé dina kapal méwah bintang 4 nu ngaranna Emerald Destiny nu salila 6 taun jadi tempat gawéna Davin.

“Taun 2023 mah damel téh dina Kapal Scenic. Tapi masih sapausahaan kénéh sareng Kapal Emerald Destiny nyaéta anu suami istri urang Australia,” Davin nerangkeun.

Unggal poé Davin nu gawéna di bagian kabin téh lalayaran dina Walungan Danube anu kadua pangpanjangna di Éropa sarta meulah sabagéan gedé nagara-nagara di Éropa saperti Jerman, Austria, Slovakia, Kroasia, Hongaria, Walanda, Bulgaria, Rumania jeung lian ti éta anu ngamuarana di Laut Hitam.

Lansia

“Nu tarumpak Kapal Emerald Destiny 100 persén Lansia. Di sapanjang lalampahan téh tiasa nyaksian rupi rupi arsitéktur nagara-nagara Éropa sapertos Belanda, Jerman, Austria sareng sajabina. Di palabuan nu tos ditangtoskeun kapal téh sok eureun heula,” ceuk Davin anu unggal poéna gawé ti mimiti jam 8 isuk-isuk nepi ka jam satengah 2. Terus istirahat. Dituluykeun deui jam 7 nepi ka jam 9 peuting.

Unggal poé Davin ngurilingan Éropa. Mun istirahat dina lolongkrang antara jam 2 nepi ka jam 7 peuting téa, kadang sok turun di palabuan. Saukur ngajaran dahar di réstoran. Rasa sono ka kulawarga di Bandung mah teu jadi masalah teuing, sabab bisa ku Video Call.

Nu jelas, kolotna Davin sanajan rada beurat gé tetep wé ngidinan ari rék ka Éropa téh. Ku kituna Davin tara poho mawa oléh-oléh keur sepuhna. Pangpangnna keur ibuna nyaéta parfum, sendal jeung coklat.

“Pesenan Mamah,” ceuk Davin deui.

Dina sakali kotrak gawé anu lilana 7 bulan téh ceuk Davin gawé resmina mah ukur 6 bulan. Da nu sabulan mah bisa dipaké mulang heula. Tapi Davin leuwih milih dipaké gawe. Sabab cape ari kudu ka Bandung mah da jauh téa.

“Mending dimangpaatkeun damel wé. Capéna sami sareng wangsul ka Bandung, tapi ieu mah dibayar,” ceuk Irvan Adhi Frima nutup obrolan. *** (éép nr)

Edisi majalah: 3007

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Implik-implik

Banjarmasin Kota Sarébu Walungan

Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut...

Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan...

Implik-implik

Tebing Karaton Éndahna Pamandangan di Lamping Gunung

Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan...

Implik-implik

Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar

Keur sabagian jalma, kopi dianggap jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi...