Carita Lucu

Ngodok Saku

Geus aya kopi jeung lalawuhna mah laju ngobrolkeun proposal. Aya cenah keur kagiatan mah, teu disebutkeun angkana mah. Ngan Dikdik hayang aya kasapukan, kudu aya késbék dua puluh persén. Ti dinya rada ragot téh. Atuh da gedé teuing sakitu mah. Nu usahana gé can tangtu kabéré.

Share
ilustrasi carlu ngodok saku
Share

Ku Ratna Kusumaningrum

Pédah sababaraha kali upload SW difoto jeung Pa Déwan, kuring dibéré tugas ngamprah proposal kagiatan. Acara gedé, tingkat provinsi légégna mah. Teu éra rék ngasongkeunana gé. Pupuhu mah miharep meunang loba. Tapi kangaranan méré mah gumantung kaihlasan. Kabiruyungan rikat pisan mairanana téh. Cenah engké aya staff-na nu ngabaran.

Aya nu nga-WA, ngenalkeunana mah Dikdik, staf Pa Déwan. Ngajak panggih di hiji kafé dina tanggal nu ditangtukeun. Atoh puguh gé. Geus kabayang bakal narima duit. Satutas dibéjakeun ka pupuhu, aya duaan nu hayang milu, Gungun jeung Nadim. Heug wéh tiluan nu inditna. Kasampak tas didagoan ku Dikdik jeung Erwin.

“Pesen heula kopi, Kang!” Dikdik nawaran.

Erwin ngasongkeun daftar menu.

Najan semu éra gé da bangun nu mangpang-meungpeung. Gungun jeung Nadim mesen kopi alas salawéan. Kuring mah standar wé V60 nu duapuluh rébu.

“Sakantenan atuh sareng lalawuhna,” Dikdik nawaran deui.

Beuh diasongan deui daftar menu ku Erwin mah kawas nu kokoro manggih mulud. Gungun jeung Nadim paresen deui tuangeun. Kuring maenya nyonodan. Pesen baé roti bakar malas rébu.

Geus aya kopi jeung lalawuhna mah laju ngobrolkeun proposal. Aya cenah keur kagiatan mah, teu disebutkeun angkana mah. Ngan Dikdik hayang aya kasapukan, kudu aya késbék dua puluh persén. Ti dinya rada ragot téh. Atuh da gedé teuing sakitu mah. Nu usahana gé can tangtu kabéré.

“Kanggo operasional, Kang. Pan pendak téh kedah diongkosan, ngaleueut, sareng sajabina,” kitu ceuk Dikdik téh.

Najan kerung heula gé ah keun baé batan ngabulasin mah. Nya sapuk wéh rék méré 20% satutasna duit katarima. Tas kitu mah ngobrol ngalér ngidul. Tungtungna mah ménta dicolok paslon kepala daérah di kabupatén jeung provinsi nu didukung ku partéyna Pa Dewan. Méh beuki yakin dienyakeun. Diwuwuhan ku muji-muji. Geus milih mah sabodo teuing.

“Tuang atuh Kang da atos waktosna,” rada haseum meureun baham téh da tatadi bacéo, lalawuhna tas béak.

“Mangga ieu daftarna,” ayeuna mah Erwin ngasongkeun daftar menu persanguan.

Rasa panasaran gedé pisan. Tungtungna mah angger milih nu mahal. Teuing asa teu seléra, kuring pesen nasi goréng wé.

Sabari dahar angger ngobrolkeun pilkada. Disaliksik alamat imah kuring, Gungun, jeung Nadim. Nepi ka ditanya saha ngaran kades, RW, jeung RT. Béak obroleun, béak ogé dahareun. Lawungan dipungkas ku amitan.

“Hatur nuhun tos nyéngsarkeun waktos. Katampi sagala rupina,” kitu cekéng téh.

“Sami-sami, Kang,” témbal Dikdik. Ngarérét ka Erwin, “Win, sabarahaeun,”

“Mangga sakedap.” Tas ngotrét, Erwin ngasongkeun bon téh dua. Ka kuring jeung Dikdik.

“Yeuh Win nu uing,” golosor lima puluh rébu.

Ningali kitu atuh kuring tiluan silih pelong. Gungun jeung Nadim olohok. Naha cenah jadi kieu? Ari sugan nawaran téh rék dipangmayarkeun. Ari pék ngodok saku. Kuring ngitung pesen naon waé, teu nepi kana gocap. Aya kénéh nyelip na dompét duit sakitu mah.

“Nu urang dalapan puluh salapan rébueun. Nu manéh sabaraha?” ceuk Gungun.

“Afogato salawé, peanut butter cake hargana tilu puluh rébu, steak sapi lada hitam opat puluh rébu. Anjir cepé kurang gocéng!” Nadim nepak tarang.

Kuring gogodeg. Enya da tas jadi kabiasaan nyuguhan tamu téh. Pédah panggihna di kafé meureun jadi teu apal saha tamu saha tuan rumah. Bayar séwang-séwangan.

“Ti payun nya Kang. Dua puluh persén aman nya!” cenah bari nyéréngéh.

“Aman!” témbal téh. Aman beungeut manéh hurung. Tina meunang persénanana ogé can tangtu katutupan operasional ieu.

“Ton, talangan heula nya ku manéh! Urang teu mawa duit pisan!” Nadim ngaharéwos.

Euh aing mah! Ni hayang ngawewelkeun méja kafé! Na atuh mani sok kokomoan!

Edisi majalah: 3005

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carita Lucu

Palanggan Online

Mangsa jadi pagawé balanja online téh ukur keur soranganeun. Ti harita mah...

Carita Lucu

Pahili Kérésék

Ku Imat Rohimat Bungah pisan mun kantor ngayakeun raraméan. Sidik ceuyah ku...

Carita Lucu

Buah Beulah

Ku Asep Subagja Nu matak ulah sagala teuing diaplod, boh di media...