Kuningan mangrupa kota beunghar ku tempat wisata nu suasanana masih asri. Salah sahijina Arunika nu loba meunang perhatian ti wisatawan. Siga kumaha Arunika nu désainna ngaharib-harib gaya Jepang téh? Manglé ngobrol jeung H. Deni Supardan nu kungsi ka dinya jeung rombonganana.
Pikeun nu geus biasa hirup di kota, ulin di pakampungan atawa pagunungan mangrupa hal nu sok dilakukeun. Pangpangna sanggeus sapopoé disibukkeun ku rupa-rupa kagiatan nu matak capé, sarta balukar patalimargana kandaraan nu matak bosen.
Salah sahiji nu jadi tujuan wisata téh nyaéta Arunika nu perenahna di Jalan Cigugur Palutungan, Cisantana, Kacamatan Cigugur Kabupatén Kuningan. Unikna, éta tempat wisata nu réa didatangan ku kaum rumaja téh ngahijikeun antara wisata alam jeung kulinér.
Soal pamandangan, tong dicaturkeun deui. Kacida éndahna. Nurutkeun H. Deni, Gunung Ciremai atra katembong ti Arunika.
“Atra pisan. Éndah pamandanganana,” ceuk H. Deni, pertengahan Séptémber nu geus kaliwat.
Nu matak jadi panasaran ka anu daratang, Arunika anu aya di dataran luhur dipapantes ngaharib-harib gaya Jepang.
“Éta rupina numawi pada panasaran téh. Tempat-tempat kanggo dipoto seueur kacida. Mangkaning ayana 1100 méter Mdpl. Janten tangtos kacida saéna upami dipoto,” H. Deni nerangkeun.
Basa H. Deni jeung rombonganana ka dinya mah ukur mayar parkir mobil 10 rébu. Ari asupna mah haratis. Ngan lamun ngahajakeun puta poto di tempat anu geus disadiakeun kudu mayar deui 20 rébu. Éta téh geus kaasup upama dipangmotokeun maké HP ku nu ngokolakeun.
Ku kituna teu anéh, nu daratang ka dinya ti rupa-rupa komunitas. Jeung lain warga sabudeur Kuningan wungkul, tapi ti nu jauhna. Saperti rombongan H. Deni anu ngahajakeun datang ti Bandung.
Kadieunakeun, Arunika leuwih dipikaresep. Jadi tempat wisata favorit di Kuningan. Komo sanggeus diadegkeun Joglo Arunika mah jadi leuwih réa anu daratang.
Lamun ti peuting, cahaya kulap kelip Kota Kuningan atra katénjo. Komo deui hawa di sabudeur tempat wisata anu matak nyegerkeun awak sabab aya di tempat luhur téa, matak betah hayang lila cicing di dinya.



Cocog Keur Kulawarga
Ti saprak diadegkeun taun 2022, Arunika geus jadi sabiwir hiji pikeun warga Kuningan. Jadi tempat wisata paling favorit anu lain waé dipikaresep ku kaum rumaja, tapi ogé nu geus kulawargaan.
“Nurutkun sim kuring mah cocog pisan kanggo wisata kulawarga. Margi tempatna raoseun pisan, pamandangan éndah, kulinér gé seueur rupina,” ceuk H. Deni.
Sarana tempat dahar gé tinggal milih kumaha karesep. Aya anu jero rohangan, aya ogé nu di luar rohangan. Pokona didésain sangkan wisatawan bener-bener sugema. Samulangna ti éta tempat téh dipiharep bakal jadi panineungan nu hésé dipopohokeunana.
Hal éta dienyakeun ku H. Deni jeung rombonganana. Sakali mangsa mah cenah kudu ngajaran deui ulin ka dinya. Datang jauh-jauh ti Bandung téh bener-bener sugema.
Ari sual hahargaan mah relative cenah. Aya anu kaasup mahal, aya ogé anu murah. Ngan ceuk jalma-jalma nu kungsi datang ka dinya, leuwih cocog cenah keur jalma-jalma nu ékonomina kelas menengah ka luhur.
“Nu masih panasaran mah sim kuring teu acan ngalaman siga kumaha suasana wengina. Margi jatahna ka dinya harita ukur dugi ka sonten. Aya bujengeun deui. Insya Alloh ka payunna mah ngajaran ka Arunika dugi ka wengi,” ceuk H. Deni nutup obrolan.
Edisi majalah: 2999
Leave a comment