Tasikmalaya geus sohor tempat wisatana. Utamana tempat ngeueum cipanasna sabab ku ayana Gunung Galunggung. Salah sahijina Citiis nu perenahna di Kacamatan Padakembang, Kabupatén Tasikmalaya. Siga kumaha? ***

Ilaharna tempat wisata anu aya di sabudeur Gunung Galunggung, réréana nawarkeun wisata pamandian cai panas anu langsung ngamangpaatkeun aliran cai ti Gunung Galunggung. Kaasup Citiis nu kiwari sok ramé pada ngadatangan.
Ngan teuing kumaha mimitina, Citiis anu hartina cai tiis téh sabenerna mah lian ti nawarkeun kaéndahan alam umumna di suku gunung, tapi sagala fasilitasna tempat ngeueum téh nawarkeun cai panas.
Kiwari, objék wisata pamandian cai panas Citiis nu perenahna di Mandalagiri, Kacamatan Padakembang Kabupatén Tasikmalaya téh teu weléh rame didatangan ku wisatawan kalawan rupa rupa tujuan. Utamana dina poé-poé libur.
Nu rék kemping aya fasilitasna da Citiis bukana 24 jam. Malah disadiakeun ténda séwaan bisi nu daratang teu mawa kalengkepan. Nu hayang ngadon botram gé cocog pisan sabab balakécrakan téh sakalian bari ngararasakeun hawa suku Gunung Galunggung jeung pamandangan nu éndah. Pokona Citiis tempat ngabrangbrangkeun pikir nu cocog keur acara kulawarga.
Nu jelas ka Citiis réréana mah nu tujanana rék ngeueum, ngojay atawa terapi.
Waragad asupna gé kawilang murah ka Citiis mah, Ukur Rp. 5000, keur sajalma. Parkir motor Rp. 3000,- jeung parkir mobil. Rp. 5.000,-.

Keur ngajugjug ka tempat wisata Citiis anu perenahna antara Ciawi jeung Singaparna, bisa ngagunakeun kandaraan boh roda dua atawa 4. Jalan kaitung lumayan, ngan sababaraha ratus méter deui ka tempat tujuan mémang kudu leuwih dibebenah.
Jaman kiwari mah moal pati susah néangan alamat téh. Tinggal muka Google Map wé geus pasti aya.
Ilaharna fasilitas anu aya di tempat wisata, Citiis gé kawilang lengkep. Aya musola, toilét, kamar ganti pakéan sababaraha hiji anu bareresih pikeun nu rék ngojay jeung anu lianna. Kaasup tempat parkir kandaraan nu kaitung lega.
Tempat Terapi
Tempat ngojay atawa ngeueum gé leuwih ti hiji. Malah dibagi dua. Ajangkeuneun keur barudak sarta pikeun déwasa anu jelas bakal leuwih lugina karasana. Kitu deui aya saung saung pikeun istirahat jeung warung-warung nu nyadiakeun liwet ciri kulinér di éta tempat.
“Pokona cocog kanggo acara kulawarga mah,” ceuk Ibu Tingting Hartini warga Perum Bumi Asri, Kota Tasikmalaya.

Ibu Hartini remen pisan ka Citiis anu sok dibarengan ku dulurna. Tujuan utamana nyaéta terapi ngeueum dina cai panas pikeun kaséhatan alatan kasakit stroke nu kiwari mah cenah alhamdulillah geus réa kamajuanana.
Nurutkeun Ibu Hartini, jalan ngajugjug ka Citiis ti imahna mah kurang ti sajam kana motor. Nyaéta ngaliwatan Bantar, Cieunteung jeung Tawang Banténg. Hanjakalna cenah kurang leuwih sakilo deui ka nu dijugjug, jalanna geus ruksak.
Ngahaja ka Citiis téh unggal Jumaah sangkan wisatawan teu réa anu datang. Jaba Jumaah mah caina gé bersih ku sabab poé Kemisna tempat ngeueum téh geus diberesihan.
“Kanggo sim kuring mah genah wé nu aya. Ngeueum asa teu kaganggu. Da ari Saptu atanapi Minggu mah sok pinuh. Pan sim kuring mah tujuan utamana gé terapi,” Bu Hartini nétélakeun.

Geus leuwih ti tilu bulan Bu Hartini terapi di Citiis unggal poé Jumaah. Hasilna karasa pisan cenah. Malah dulurna nu nganteur ogé sok pipilueun ngeueum ari keur aya anu karasa mah. Anu tadina puyeng atawa ungsrak ingsreuk, sanggeus ngeueum isukna sok cageur.
Ulin ka tempat Wisata Citiis, taya larangan lamun bebekelan dahareun ti imah. Hal kitu biasa dilakukeun ku Bu Hartini jeung dulurna téa.
“Tapi upami teu kabujeng mah, nya jarajan di lokasi wé. Liwetna raos, hargana gé mirah,” ceuk Ibu Hartini nu bakal tetep remen ka Citiis demi nyageurkeun kasakitna sakalian ngabrangbrangkeun pikir. ***
Manglé 3016
Leave a comment