TANGGAL 9 Désémber nu bakal datang, panceg 79 taun lumangsungna perang rongkah di sapanjang jalur Bogor-Sukabumi-Cianjur. Perang anu jadi catetan dina sajarah Inggris, tepi ka diasupkeun kana kurikulum di akademi militer di nagarana.
Dina éta perang, Inggris adu hareupan jeung pasukan républik, sakumaha anu ditulis ku Kolonel A.J.F. Doulton, dina bukuna The Fighting Cock, “ … dina tanggal 10 Désémber, sanggeusna serangan pihak lawan leler, lalampahan konvoy diteruskeun ngajugjug Sukabumi. Sajeroning kitu, Royal Air Force terus ngayakeun sorangan udara anu paling rongkah dina perang di Pulo Jawa.”
Éta téh pangakuan jujur ti pihak Inggris, sajeroning angkatan perangna dikirim ka Indonésia anu karék bubulanan merdéka. Maranéhna sama sakali teu nyangka baris nyanghareupan kakuatan républik anu sakitu hébat sumanget tempurna. Disebutna ogé: “perang paling rongkah di Pulo Jawa”. Jadi, sesebutan “perang rongkah” téh lain ceuk urang, tapi ceuk pihak itu, anu teu mustahil mun ceuk pandangan urang mah aya unsur dijieun-jieun.
Heug waé, anu disebut Hari Pahlawan téh dumasar kana peristiwa 10 Novémber 1945 di Surabaya, Jawa Timur. Tapi, mun urang ngabandungan pangakuan ti pihak lawan (dina hal ieu pasukan Sekutu), perang revolusi di Incdonésia anu dianggap hébat mah justru anu lumangsung ti mimiti tanggal 9 Désémber. Lain sapoé, dua poé waktuna ogé, tapi bubulanan, bari jeung henteu di satempat.
Dina perang di wewengkon sabudeureun Sukabumi, pasukan Inggris karoroncodan. Perwira militerna loba anu tiwas, kitu deui peralatan tempurna loba nu ancur. Naha ku naon atuh tepi ka ditulis jadi buku ku Kolonel Doulton gé, terus dijadikeun bacaan wajib pikeun taruna Akademi Militer Inggris, ari lain ku rongkah-rongkahna mah. Cacak lamun ukur perang kékétrékan, bet piraku teuing maké digegedékeun dina sajarah militer Inggris. Ieu buku anu ditulis ku éta perwira Sekutu téh tangtu dumasar kana fakta, sabab Doulton kaasup bagian tina éta perang révolusi, tur saméméhna ancrub dina Perang Dunya II.
Sakumaha anu aya dina catetan sajarah Indonésia, tugas utama pasukan Sekutu anu datang ka dieu téh pikeun mulang-mulangkeun tentara Jepang anu geus jadi jejebolan atawa tawanan perang, lantaran nagarana éléh dina Perang Dunya II. Tapi, di satukangeun Sekutu téh aya tentara Walanda deuih, anu datangna ka urang boga maksud séjén, nyaéta rék ngarebut kamerdékaan bangsa urang.
Éta pangna tentara Sekutu dianggap musuh gé. Katurug-turug deuih urang Walanda anu karék dibébaskeun ti tempat interniran Jepang geus mimiti ngacowkeun. Kaasup sabagian urut KNIL anu kitu peta téh, sabab maranéhna mah tetep ngarasa ngadunungan ka Walanda. Ari KNIL téh nyaéta tentara Hindia Walanda anu umumna mah bangsa urang kénéh.
Tanggal 30 Séptémber 1945, Divisi India ka-23 anu dipingpin ku Mayjen Hawthorn, jeung Divisi ka-26 anu dipingpin ku Mayjen Chambers cunduk di Jakarta. Divisi India téh saenyana tentara séwaan, anu di urang mah sok disebut pasukan Gurkha. Ti Jakarta, pasukan Inggris disebarkeun ka kota-kota lianna.
Konvoy pasukan Inggris anu rék ngajugjug Bandung téh ngaliwatna ka jalur Cikampék-Cirebon, jeung aya anu nyokot jalur Bogor-Sukabumi-Cianjur. Tah, anu ngaliwatna ka Sukabumi anu diserang rongkah ku pasukan républik mah, sakumaha anu ditulis ku Doulton dina bukuna. Waktu rék asup ka wewengkon Sukabumi, éta konvoy diserang ku pasukan républik ti Resimen III Sukabumi anu dipingpin ku Letkol Eddie Sukardi (lahir di Sukabumi, 18 Februari 1916).
Dina mémorna, Pertempuran Konvoy Sukabumi-Cianjur 1945-1946 (terbit taun 1997) Eddie Sukardi ngadadarkeun pangalamanana. Disebutna ogé ngepung wakul oray matih, lantaran pasukan Sekutu anu disanghareupanana téh pohara samaktana, katurug-turug geus boga pangalaman dina nguyup getih sajeroning lumangsungna Perang Dunya II. Dina éta konvoy aya 150 treuk anu ngakut atawa ngamuat pasukan 5/9 Jats, dikawal ku tank Sherman, panser wagon, jeung brencarrier.
Mimiti dicegatna téh ti lebah Bojongkokosan, dina jalan anu pungkal-péngkol, di sahandapeun jungkrang nangtawing. Pasukan anu dipingpin ku Eddie nempatan posisi di saluhureun jalan, nyarumput dina biwir gawir. Saméméhna, dina jajalaneun anu baris dipaké liliwatan tentara Sekutu téh geus dipasangan ranjow darat.
Mun diukur ku kalkulasi élmu perang, kakuatan tentara républik téh jauh aya di sahandapeun Sekutu. Masing kalah kumaha ogé tentara pihak ditu mah geus baroga pangalaman di danalaga waktu nyanghareupan pasukan Jerman jeung Jepang, katurug-turug dideudeul ku sajumlahing senjata anu geus modéren pikeun ukuran jaman harita. Ari tentara républik, keur mah tacan boga pangalaman, katambah-tambah pakakas perangna ogé ukur satimu-timuna. Minangka punjulna téh dina sumanget anu ngagedurkeun héroismeu.
Cacak lamun kudu perang adu hareupan mah, tangtu waé kakuatan pasukan républik kacida ganjorna. Ngan ku sabab ngagunakeun taktik nyegat dina jajalaneun, katurug-turug tempatna rumpil, pasukan Inggris teu pati bisa meta. Posisi maranéhna aya di handap. Ari tentara urang bisa neregteg ti luhur.
Ceuk Doulton dina bukuna, “Kendaraan panghareupna kapaksa eureun lantaran aya hahalang anu dipasang dina jajalaneun. Dina luhur gawir, pasukan Indonésia anu umumna maraké seragam tentara Jepang, nyarumput dina lombang. Tina luhur gawir maranéhna mimiti nyerang téh. Tingbelewer ngalungkeun bom molotov cocktail kana kendaraan anu keur konvoy. Tangtu waé lain pagawéan babari nyanghareupan serangan musuh anu sakitu ngadadakna mah. Musuh anu teu katempo jirimna nyarempod dina gawir. Pangawalan infanteri nyebar sapanjang 12 km jalan raya. Komo deui dina geus reup peuting. Komandan Batalyon Jats tatu parna satutas serangan munggaran. Hiji kendaraan ancur, kendaraan séjénna loba nu ruksak parna. Utamana mah para supir, plak-pluk tina treuk, tiwas katiruk pélor matak ginggiapeun.”
Saterusna ditulis ku Doulton, konvoy Batalyon Jats jeung Batalyon Gurkha kudu nahan serangan dina posisi anu teu nguntungkeun. Pasukan karék bisa ninggalkeun Sukabumi dina tanggal 12 Désémber. Jumlah anu tiwas aya 24 tentara, kaasup perwira RAF anu tugasna méré panduan ka pesawat udara, jeung tilu supir mobil ambulan.
Pasukan républik teu ngan ukur nempatan posisi di Bojongkokosan jeung sabudeureunana, tapi nyebar tepi ka Ciranjang, panjangna 81 km. Perang gelombang kahiji lumangsung tilu poé. Ari pasukan Sekutu mah apan bogaeun kapal terbang. Tah, ku serangan ti awang-awang dibalesna téh.
Pasukan républik diteregteg ku pélor anu diutah-utahkeun tina kapal terbang. Cacak mun teu dideudeul ku skuadron udara mah, pasukan Inggris téh bakal burakrakan. Ari ti pihak tentara urang, apan teu bogaeun senjata pikeun nakis serangan udara. Da lamun kapal terbang ukur dikécéng ku bedil dorlok ti handap mah moal aya hartina atuh.
Éta pangna anu jadi sasaran gempuran udara Inggris téh lain ngan tentara wungkul, tapi deuih warga masarakat. Dina perang gelombang kahiji, anu gugur ti pihak tentara urang aya 25 jalma, ditambah ku 20 warga masarakat biasa.
Perang gelombang kadua diteruskeun dina tanggal 10-14 Maret 1946. Harita mah medan perangna geus leuwih nyebar tepi ka Ciranjang, Cianjur. Sarua ieu ogé ngagunakeun taktik nyegat musuh di jajalaneun. Ngan waé saterusna mah pasukan Inggris geus ningkatkeun kawaspadaan, ngeunteung kana kajadian nu enggeus-enggeus.
Ngeunaan perang konvoy anu dipingpin ku dirina, Eddie Sukardi nétélakeun, “Hikmah tina perang konvoy 9-12 Désémber 1945 téh, najan teu langsung Républik Indonésia diaku sacara de facto ku pihak Sekutu, sarta ngahudangkeun dunya internasional.”
Ari ceuk Doulton mah, “Bangsa Indonésia geus aya parobahan, boh dina sikep boh dina panampilan.”
Ari sikep urang ayeuna rék kumaha? Mémang enya, anu disebut sajarah téh milik jeung bisa dilelempeng ku anu keur nyekel kakawasaan. Cacak mun urang Sunda keur cumarita di ieu républik mah, jigana dongéng ngeunaan Hari Pahlawan téh bakal rada aya bédana.
Leave a comment