Home Warta Katumbiri Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar
Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Share
ilustrasi reklame nu ngarempak. (foto: Net)
Share

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H. Juniarso Ridwan S.H., M.H., MS.i., nétélakeun yén di dunya bisnis mah, kagiatan publikasi (iklan) hiji produk téh bagian nu teu bisa disapirakeun. Publikasi téh keur nyebarkeun béja, nu dipiharep bisa ngirut masarakat ka éta produk.

Salah sahiji wangun publikasi produk téh nyaéta média reklame. Nurutkeun éta Pulitisi Golkar téh, aya dua jenis média réklame dumasar di mana merenahkeunana, nyaéta di luar rohangan (outdoor) jeung di jero rohangan (indoor).

“Nu remen janten picarioseun téh perkawis média réklame di luar rohangan. Jalaran sumebar di unggal juru. Ti ngawitan spanduk, baliho, umbul-umbul, postér, selébaran, billboard, ogé videotron. Ukuranana gé rupi-rupi gumantung rohangan nu diperyogikeun dina ngadugikeun amanat iklan, mangrupi gambar atanapi teks,” ceuk Juniarso tandes naker.

Éta Ketua Fraksi Golkar  DPRD Kota Bandung téh ngémbohan yén Kota Bandung baris jadi leuwung réklame upama henteu dirarapih. Aturanana kaunggel dina Peraturan Daerah Nomer 17 Taun 2017 ngeunaan Penyelenggaraan Réklame, ngan dina palaksanaanana mah pasoléngkrah. Lantaran sababaraha hal ngaweung:

a. Nangtukeun titik keur nancebkeun tihang réklame nu teu maliré kaayaan sabudeureun;

b. Sagawayah nunda jadi sareukseuk di hiji lokasi;

c. Ukuran widang reklame teu sarua;

d. Konstruksi tihang nu teu miduli kana aspék kaamanan jeung katahanan;

e. Kontén nu rupa-rupa téh teu luyu jeung étika ditilik tina aspék sosial jeung kaséhatan.

Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H. Juniarso Ridwan S.H., M.H., MS.i

Balukarna réklame téh henteu rapih. Angot kalolobaan tihang média réklame nu teu dilengkepan ijin. Juniarso nandeskeun hal éta kudu dibebenah. Dijieun Peraturan Daerah anyar ngeunaan penyelenggaraan reklame. Da éta tas aya réngkolna dina Peraturan Wali Kota Nomor 25 Taun 2023.

Aya sababaraha hal nu kasebut anyar dina aturan penyelenggaraan reklame, nyaéta:

a. Daerah Rumija (ruang milik jalan) dipahing aya tihang réklame;

b. Bando jalan (nu malang sisi jalan), kudu ditartibkeun, da teu merenah sacara fungsional, paur jadi mamala keur nu lalar liwat;

c. Wangun jambatan nu malang di jalan téh pikeun nu laleumpang, lain tempat widang reklame;

d. Widang reklame mah asup persil atawa dina kaayaan nu diiwalkeun bisa napel na témbok gedong;

e. Jalan mah ditilik tina hierarki jeung aspék téknis, dibagi sababaraha kategori, nyaéta kawasan steril, seléktif, jeung husus;

f.  Jarak tihang reklame ditangtukeun dumasar tinimbangan téhnis, kaéndahan kota jeung kandungan kontén  nartibkeun.

Juniarso Ridwan nandeskeun yén loba tihang reklame nu euweuh ijin, sagigireun teu nyumponan sarat téhnis ogé kandungan kontén. Butuh tarékah nu ditataharkeun ti anggalna sangkan miboga data akurat jeung personil nu siap. Kitu deui jeung waragad nu nyukupan.

“Sangkan lungsur-langsar téh kedah aya koordinator nu luyu sareng tugas pokok fungsi kadinasan. Tah Satuan Polisi Pamong Praja tiasa janten tinimbangan,” pokna. Juniarso miharep ka hareupna réklame di Kota Bandung téh bisa mapaés kaéndahan kota, sarta puseur Pendapatan Asli Daerah. **

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

BRI Masrahkeun Pakét Lebaran Pikeun PWI Jawa Barat

BANDUNG – BRI Regional Office Bandung ngaliwatan program “BRI Peduli-Berbagi Bahagia Bersama...

Katumbiri

Lawungan jeung Média, ISBI Bandung Medar Rarancang: Dies Natalis ka-57, Ngukuhkeun Dua Guru Besar Anyar, Tatahar UTBK-SNBT 2025

Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung baris ngagelar runtuyan kagiatan di bulan...

Katumbiri

Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi

Kiper Persib Bandung musim 2010 – 2011, Markus Haris Maulana, ngalegaan ambahan...

KatumbiriWarta

Aswan Asep Wawan, SE. Kudu Babarengan Sangkan Cibiru Jadi Leuwih ‘Mantap’

Jumaah, 21 Maret 2025, lumangsung acara Résés anggota DPRD Kota Bandung, Aswan...