Home Warta Katumbiri Ngaraketkeun Silaturahmi, PWI Jabar jeung BRI Kota Bandung Maén Badminton
Katumbiri

Ngaraketkeun Silaturahmi, PWI Jabar jeung BRI Kota Bandung Maén Badminton

Share
Katum Badminton PWI Jabar jeung BRI 1
Katum Badminton PWI Jabar jeung BRI 1
Share

Kota Bandung – Persatuan Wartawan Indonésia (PWI) Jawa Barat jeung BRI Kota Bandung, maén badminton pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi dina pertandingan nu lumangsung pinuh ku suasana akrab.

Najan kitu, pertandingan tetep daria nu lumangsung di GOR PWI Jabar di Jalan Wartawan II No. 23 Bandung, Salasa (26/11/2024) pasosoré.

Wakil Ketua PWI Jabar Bidang Organisasi, Ahmad Syukri miharep, kagiatan éta bisa ningkakeun sinergi antara PWI Jabar jeung BRI Kota Bandung.

”Mudah-mudahan ku ayana kagiatan ieu langkung ngaakrabkeun antawis PWI Jabar sareng BRI Kota Bandung pikeun silih rojong dina rencana-rencana ka payunna,” ceuk Ahmd Syukri.

Lian ti éta ceuk Ahmad Syukri, ku olahraga bisa mopohokeun saheulaanan kana kagiatan atawa pagawéan nu geus biasa maneuh dilaksanakeun.

Katum Badminton PWI Jabar jeung BRI 2
Katum Badminton PWI Jabar jeung BRI 2

“Nu jelas, ku kaluarna késang bakal ngajantenkeun awak janten seger,” ceuk Ahmad Syukri deui.

Sedengkeun Humas sarta Protokoler BRI Regional Office Bandung, Dadan Setiawan, miharep kagiatan éta téh lain ukur saharitaeun.

“Salami ieu pendakna téh ukur dina Romadhon. Tapi alhamdulillah ayeuna mah dina kagiatan olahraga,” ceuk Dadan.

Kagiatan pertandingan harita dipungkas ku undian doorprize ti BRI Kota Bandung.

“Aya 15 doorprize kalawan nominal anu bénten kanggo para wartawan. Sakali deui ngahaturkeun nuhun ka PWI Jabar anu parantos ngayakeun kagiatan ieu,” ceuk Dadan deui. ***

Edisi majalah: 3005

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...