Home Atikan Budaya NGARAK OGOH-OGOH NGUSIR BUTHA KALA
Budaya

NGARAK OGOH-OGOH NGUSIR BUTHA KALA

Share
Ogoh-ogoh Bali
Share

Ditulis ku: Wijati Rikma Dewi

Salian ti Galungan, Kuningan, Saraswati, Pagerwesi, reujeung Nyepi, sabenerna umat Hindu Bali masih kénéh ngarayakeun poé kaagaamaan lianna, saperti hari raya keur tutuwuhan, sasatoan, jeung sajabana, malah saban purnama ogé, masarakat Bali suhud sarembahyangan di pura, sab cenah dina masing-masing purnama téh, ceuk élmu palintangan Bali, saban bulanna mibanda kakuatan alam anu béda-béda pikeun kahirupan umat manusa di alam dunya. Sanajan kitu, ari hari raya anu panggedéna mah nyaéta Galungan reujeung Nyepi téa. hari raya Galungan dilaksanakeun tiap genep bulan sakali.

Inti anu dilakukeun umat Hindu Bali dina poé Galungan, asana teu béda jeung umat Muslim anu ngalaksanakeun Idul Fitri. Saréngséna marulang sembahyangan di pura, masarakat Bali bur-ber silaturahmi nepungan kulawargana pikeun silih pénta panghampura, ka indung bapa, nini aki, dulur, katut baraya reujeung tatangga. Nu matak, masarakat Bali anu hirupna ngumbara di kota, ti saméméhna ngéstokeun marulang ka lembur sangkan bisa kumpul jeung sakabéh kulawarga. Sakumaha ilahar anu rék kumpul kulawarga, geus tangtu ti anggalna tatahar pasakan anu loba.

Masarakat Bali anu tara bauan ka sing saha baé anu nganjrek di lemah caina, leuwih témbong rasa toléransi agama jeung rasa duduluranana, dina poé Galungan. Lian ti sasayagian keur kulawarga jeung barayana, maranéhna ogé sok ngahaja nyayagikeun keur sémah, boh batur sakantor boh tatangga anu ngagem agama séjén. Tangtu baé dahareun nu diluyukeun jeung aturan ageman anu dianut ku sémah. Utamana pikeun baraya atawa kawawuhan nu ngangem Islam, lian ti nyagagikeun pasakan anu dihalalkeun numutkeun hukum Islam, ogé cara nyuguhkeunana maké tempat anu misah, boh méja, piring, gelas jeung sajabana.

Ku ayana masarakat Bali anu mampuh nyantélkeun tali silaturahmi ka sing saha baé anu datang ka sarakanana, ngajadikeun anu ngumbara betah mulan-malén di Bali, kaasup urang Sunda (Jawa Barat) anu mingkin dieu mingkin loba anu  milih Bali pikeun tempat kahirupanana.

Béda reujeung hari raya Galungan anu tujuanana ngalubarkeun diri tina dosa jeung papada umat, hari raya Nyepi mangrupa perayaan pikeun ngareuah-reuah dina mapag taun baru Saka. Taun Saka nyaéta pananggalan anu masih kénéh dipaké ku pamaréntahan Provinsi Bali. Sanajan kitu, éta ogé teu sagemblengna maké pananggalan mandiri, tapi dicampur. Nginduk kana taun Maséhi ongkoh, da tangtuna kudu tumut kana aturan pamaréntah pusat, taun Saka ogé dipaké ongkoh, sab ngitung pananggalan ritualan reujeung hari raya kaagamaan, ngindung kana pananggalan taun Saka.

Ku kituna, poé peré sakola jeung kantor pamaréntahan Provinsi Bali, moal sarua waktuna reujeung provinsi-provinsi lian di Indonesia. Sanajan kitu, hal ieu teu mangaruhan kana kagiatan sakola Muslim anu mingkin gun-gen di Bali, sabab aktivitas sakola Muslim Bali tetep ngindung kana jadwal pamaréntah pusat.

Dina nyanghareupan taun baru Saka, anu disebut hari raya ‘Nyepi’ téa, geus  karasa héabna ti sababaraha bulan saméméhna. Utamana para nonoman Bali anu tangtu geus ruang-riung jeung papada baturna pikeun ngararancang nyieun ogoh-ogoh.

ngarak ogoh-ogoh

Piisukaneun mapag taun Saka anyar, sakumna masarakat Bali ngabring ngajugjug basisir kalayan maraké baju adat kelir bodas pikeun Melasti nyaéta beberesih saméméh ngalakonan puasa. Geuning aya saeutik sasaruaanana jeung umat Muslim anu wajib beberesih mangsa arék ngalakonan puasa Romadhon, ngan tangtu béda dina prak-prakkanana, da apan dina poéan Nyepi ogé hal anu wajib dilakonan ku umat Hindu téh kudu puasa, ari paruasana nyaéta salila sapoé sapeuting, anu tujuanana pikeun mareuman rupaning hawa napsu anu aya dina diri. 

Réngsé Melasti, ngahaeub ka surup panonpoé, umat Hindu Bali ngalaksanakeun ritual Pegerupukan,  sab cenah dina waktu harita téh  mangsana datangna Sandhy Kaleu, mun ceuk urang Sunda mah Sandékala. Ritual Pengerupukan ieu tujuanana pikeun mersihan lingkungan sabudeureun tina rongrongan Bhuteu Kaleu (Buta Kala), lambang wujud sipat goréng anu sok ngaganggu kana kahirupan umat reujeung lingkungan sabudeureun.       

Baheula, dina ngalaksanakeun ritual  Pengerupukan téh cukup ku cara ngaluarkeun pakarang anu dianggap mibanda karomah, anu husus sok diteundeun di pura, laju diarak ngurilingan lembur bari mawa obor dipirig tatabeuhan, diémbohan ku nyeungeut pepetasan jeung sajabana sangkan ramé, mangrupa patéah pikeun ngusir Butha Kala téa malah mandar taun hareup anu bakal disorang, pinanggih bagja, leupas tina sagala halangan harungan.

Ti saprak taun 1980, aya kaparigelan nonoman Bali, ngadon nyarieun arca anu kiwari disebut ogoh-ogoh. Arca ogoh-ogoh anu dijarieun ngalambangkeun laku jeung sipat Buta Kala. Awakna garedé, kuku paranjang, létah ngelél jeung sajabana. Nya ti mimiti taun 1980 harita, upacara Pengerupukan sok sakalian bari ngarak ogoh-ogoh ngurilingan lembur, harepanana dina mangsa datang Sandhy Kaleu, lamun kaayaan lembur ramé ku lobana obor jeung tatabeuhan, rupaning duruwiksa bakal kabur, malah cenah sok aya ogé anu asup kana éta ogoh-ogoh, sab disangkana ogoh-ogoh téh balad manéhna.

Sok sanajan kadéngéna asa pamohalan patéah kikituan téh, tapi da buktina loba kanyataan. Sabada diarak, dina mangsa tengah peuting, loba nu kawénéhan ogoh-ogoh hirup sorangan, nandakeun yén duruwiksa anu diusir, nyayang atawa asup kana arca ogoh-ogoh téa. Ku lantaran kitu, réngsé diarak, éta ogoh-ogoh anu dijieun maké waragad nepi ka puluhan juta dina sahijina, peuting harita kénéh, dibarawa ka sisi basisir, laju diduruk dimusnahkeun.

Pikeun nonoman Kota Denpasar, nyieun ogoh-ogoh téh mingkin dienyakeun, sanggeus saban banjar diwenangkeun ngirim aleutan ogoh-ogoh anu dipirig gending sapuratina keur diabenkeun, patandang anu panghadéna meunang piala reujeung pangajén duit puluhna juta rupia ti Pemkot Denpasar.

Ku kituna éta upacara Pengerupukan téh mingkin taun mingkin ramé, Pawéy ogoh-ogoh jadi tongtonan anu matak pogot. Ti soré kénéh mangsana ogoh-ogoh karék dikaluarkeun ti banjar atawa ti tempat nyieunna, utamana masarakat Denpasar, arék Hindu atawa umat agama séjén, geus tingalabring ti suklakna, ti siklukna, muru jalan anu bakal kaliliwatan ku ogoh-ogoh anu rék diarak téa.

Tumplekna masarakat pikeun lalajo pawéy ogoh-ogoh jadi kasempetan pikeun anu daragang. Taun 2014, hayang néangan jajanan Bandung/Sunda téh najan ukur bala-bala, geus tangtu lapur, dina ayana ogé, paling anu disebut oté-oté. Teu béda ti bala-bala ngan pédah ukuranana buleud, sagedé kaléci gundu, adonanana tarigu reujeung togé.

 Ayeuna sanggeus 10 taun ka larung, kuliner Bandung nyayeud di Bali, ti mimiti géhu, bala-bala, cuanki, seblak, ciréng, cilor basréng jeung sajabana, moal hésé nyiar. Kitu deui warung sangu anu nyayagikeun pasakan Sunda, keur wilayah Denpasar moal matak ripuh néangan. Malah di mall Living Word, anu mangrupa mall pamggédéna, ti barang diresmikeun sababaraha bulan ka tukang, résto urang Bandung geus anjeucleu di éta mall bari pinuh ku nu meuli.

Tah, dina mangsa ngarak ogoh-ogoh gé, pagelekna nu lalajo, geus tangtu jadi kasempetan pikeun néangan kauntungan pikeun nu daragang, kaasup padagang urang Sunda anu ngahaja bubuara ngadon usaha di Bali, sab geuning harga saporsi seblak gé bisa tilu tikel leuwih mahal batan di Bandung. Siga Mang Udung urang Cicadas, Bandung, bélaan ngoprot késang saawak-awak, maksakeun seseleké nanggung dagangan rujak bebek, kabagjaanana meunang émboh, lian ti maréma, ogé meunang hiburan lalajo pawéy ogoh-ogoh. 

Dina émprona poéan Nyepi, sakabéh kagiatan di Bali total dieureunkeun, mangsa peuting unggal imah mareuman lampu, ti beurang dipahing mirun seuneu. Ku kituna saréréa tatahar asakan ti poé kamarina kénéh, keur nyumponan kabutuh dahar jeung ngopi salila poéan Nyepi.

Kungsi hari raya Nyepi ninggang dina poé Jumaah. Sab kabéh jalan ditutup, dijaga para pecalang (satahap hansip), umat Muslim ngéléhan manéh ngalaksanakeun solat lohor di imah masing-masing, tapi aya ogé anu kabeneran masigitna teu pati jauh ti imah anu bisa ngalaksanakeun jumaahan di masigit sanggeus ménta idin ka pecalang.  Malah miang ka masigitna ogé dianteur pecalang. Alhamdulillahna téh tacan kaalaman poé Idul Fitri mareng jeung poé Nyepi.

Kungsi aya aturan ti pamaréntah, ngeunaan umat Muslim teu meunang ngumandangkeun adan maké spiker, bisi ngaganggu umat nu lian. Tangtu baé aturan éta téh daék teu daék kudu digugu, siga anu dilakukeun ku umat Muslim Denpasar Barat. Ari mana horéng geuning umat Hindu ogé hideng, sarua henteu ngumandangkeun du’a trisandya maké spiker dina mangsa datangna waktu sembahyangan maranéhna. Hal ieu némbongkeun yén urang Bali miboga pamadegan kuat, pikeun nanjeurkeun rasa silih ajénan jeung papada umat, tanpa pilih bulu ngeunaan ras atawa agama. ***

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Budaya

Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Waktuna Sunda Mageuhan Idéntitasna

Rumah Aspirasi Berdaya kalayan rukun gawé jeung Manglé ngagelar acara ‘Saréséhan Seni...

Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Ku: Ceuceu Gumilang Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu...

BMKG
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

Ku : Edoy Suhendar Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat...

tradisi badud
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ditulis ku: Ummi Annadzriel Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal...