“Réngsé nya Lo?”
“Naon téa, Mang?”
“Milih kepala daérah!”
“Enya, Mang!”
“Alhamdulillah, masing-masing nu boga hak pilih bisa nganteur kahayangna!”
“Maksud Emang?”
“Bisa milih saha waé. Gumantung kana kereteg hate masing-masing!”
“Wujud démokratis tea.”
“Mémang, da pilihan gé diasadiakeun!”
“Enya, nu milih gé sakasuska!”
“Kitu pisan!”
“Saterusna, kari nganti bukti, Mang!”
“Naon téa, Lo?”
“Jangji kandidat nu ahirna kapilih jadi pamingpin!”
“Euh, éta, Lo?”
“Enya, Mang! Nu kapilih jadi pinunjul dina Pilkada, nu jadi gubernur, bupati, atawa walikota, kari nataharkeun masing-masing dirina geusan ngemban tugasna ti balará.”
“Kitu pisan. Sabada kapilih, engké dina mangsana mancén gawé, kari prak ngalaksanakeun tugasna!”
“Ari rayat mah, kari nganti bukiti jangji-jangjina!”
“Mémang wajar. Apan, dina mangsa kompanye atawa sosialisasi, aranjeunna téh, kedal jangji.”
“Minangka iber ka rahayat ngeunaan nu rék dipilampahna, nya?”
“Lir nu dagang, nawarkeun daganganana!”
“Lir nu rék barang beuli kudu muguhkeun ajén barang nu ditawarkeun ku nu dagang. Komo deui, nu ditawarkeun ku kandidat mah, ”
“Calon pamingpin gé kitu nya, Mang?”
“Kitu pisan. Malah aya leuwihna, calon pamingpin mah.”
“Leuwihna naon maksud Emang téh!”
“Garapan gawéna mangsa ka hareup nu kudu dilaksanakeun luyu jeung jangjina téa,”
“Ku lantaran kitu, kedal jangji gé, lain ukur jangji, da kudu luyu jeung kamampuh sagala rupana.”
“Tah, éta jangjina téa nu jadi harepan rahayat mah.”
“Lian ti kitu, naon deui, Lo?”
“Pamingpin anyar téh butuh pangrojong balaréa!”
“Kaasup rayat nu béda-béda pilihanana!”
“Nya, sanggeus aya nu kapilih mah, bédana pilihan gé réngsé!”
“Enya! Béda pilihan téh dina waktuna milih. Ari geus réngsé pilihan mah, pamingpin nu kapilih téh, apan jadi pamingpin rahayat sakumna.”
“Wujud démokratis téa, nya!”
“Enya, sabada pilihan mah, sagala program pamingpin anyar téh, lain ukur keur nu marilihna, tapi keur sakumna warga!”
Edisi majalah: 3005
Leave a comment