Carita Pondok

Ngan Tikoro Nu Bacéo  

Kacipta kénéh kumaha bungaheunana basa kuring nyarita rék ngawin manéhna. Rék nékad wé, da hayang boga anak. Rék kawas kumaha hirup teu boga turunan. Naon nu dibélaan? Geus diwangwang ambekna pamajikan, tapi keun baé rék disanghareupan waé. Rék dilelemu, yén moal midua kaasih.

Share
Carpon Aam Amilia-ngan tikoro nu baceo warna
Share

Carpon Aam Amilia

LANTARAN teu wani kana motor, kapaksa maké taksi. Nyupiran mobil sorangan sieun teu apal jalan. Bubuhan kakara dua kali ka imah Armi téh. Kapok basa mapagkeun manéhna harita, méh-méhan sasab.

Rarasaan mah enya éta jalan ka lebah imahna téh. Tapi basa asup ka gangna, asa lain. Rarasaan mah aya warung méméh méngkol téh. Tapi warung téh bet loba geuning. Jeung naha atuh potongan imah téh mani méh sarua. Malah kawas nu seragam. Ngan nu inget téh  cét imahna héjo bolu pandan.

Mobil dipénta laun, basa geus asup ka gangna. Kuring kudu nepungan Armi poé ieu. Kudu poé ieu. Lantaran isukan kudu ka luar kota, marengan dunungan. Hég aya opat poéna. Basa ku kuring ditelepon cenah manéhna téh geus kawin. Teuing kudu bungah, teuing kudu sedih ngadéngé manéhna geus rarabi téh. Ngan asa ngurangan dosa. Sukur manéhna aya nu mikanyaah. Peupeuriheun ku kuring dinyerikeun. Deudeuh teuing, Geulis. Cacak sanggup mah midua haté, cacak wani mah ngabagi cinta jeung kanyaah, manéhna moal kudu dilésotkeun.

Bet lain kuring wungkul, supir taksi gé bangun bingungeun. Manéhna nanyakeun. Cék kuring, mun teu salah mah, méngkol sababaraha péngkolan deui.

“Da kapungkur mah, lebah dieu téh mung aya sawah wé sareng balong. Na mani téréh teuing. Abdi nembé sakali, mani pangling,” cék supir.

Tapi da kudu kapanggih. Kuring kudu ménta dihampura. Kuring rumasa nyieun dosa anu kacida gedéna ka manéhna. Mun ditarimana ku ambek mah puguh deui, ieu mah mani pasrah nyebut sawios da tos milik abdi cenah. Dileuleuyan mah kalah beuki asa kandel kasalahan téh. Jeung asa ngaheureuykeun deuih ka manéhna. Padahal da tadina mah geus gilig rék ngawin manéhna, sanajan henteu meunang idin ti pamajikan ogé. Kuring hayang boga anak.

Geus taunan kawin, pamajikan tacan katémbong rék kakandungan. Malah kalah brek gering, méh teu beunang dideukeutan. Bangun geuleuheun ka kuring téh.

Sora klakson motor kadéngé mani tarik, ngareureuwas. Tapi supir mah salsé wé.

“Bet ngabodo-bodo manéh. Pa, urang nyimpang heula ka warung,” cék supir

Tapi basa mobil eureun kuring nu turun, terus ka warung. Langsung dibagéakeun ku nu boga warung, bisi rék meuli naon. Rét kana gogoréngan.

“Cobi Néng nyuhunkeun pisang goréngna duapuluh,” cék kuring.

Bari nungguan pamulangan, kuring nanyakeun ngaran jalan ka imah Armi. Jawabanana pasti. Cenah Armi téh ngalanggan meuli loték ka manéhna. Nu matak apal ogé lebah-lebah imahna. Sanajan henteu kungsi nganjang.

“Muhun itu, nu péngkolan kadua. Tuh geuning aya warung nu rada ageung, méngkol wé ka kénca, Pa. Da saurna caket laundry,” cék nu dagang.  

“Nuhun,” cék kuring, bari terus mayar.

Sup deui kana mobil.

“Tebih kénéh, Pa?” cék supir, bari majukeun deui mobil.

“Éta tos caket,” témbal téh.

Méh teu bisa saré. Reuwas basa meunang béja cenah manéhna geus kawin. Sanajan bungah, haté maké rada nyérédét. Téréh meunang jodo geuning. Can lila putus jeung kuring, geus aya béja kawin. Ukur dina WA ngabéjaanana téh. Tapi kuring gagancangan nanyakeun deui ka manéhna. Jeung saha? Kalah ada déh cenah jajawabanana téh. Padahal salilana gé manéhna mah daria waé, tara cetaan. Atoh aya, sedih aya. Boa-boa asal waé boga salakina téh. Ku kanyenyerian pédah diputuskeun ku kuring, terus narima saaya-aya nu haat mileuleuheungkeun. Kawin tanpa cinta, rék kumaha bagjana, cék paribasana gé.

Kuduna kuring téh buru-buru nepungan. Tapi aya béwara ti RT jeung RW, teu meunang waka ka luar ti komplék. Aya sasalad anyar anu nerekab gancang naker. Di lingkungan RW kuring aya saurang nu katerap éta kasakit. Ku kituna salembur éta ditutup. Sagala kaperluan cukup ku WA, SMS, jeung telepon. Barangbeuli ngan bisa ka toko nu bisa online. Kapaksa ngerem manéh. Ari geus dibuka deui, kuring leungiteun komunikasi. HP-na teu bisa ditanya. Ngabigeu.  

Abringan meri ti jalan lalawaneun kuring, maksa mobil eureun heula. Teu loba tapi da meureun tikusruk mun terus maju mah. Péngkolan nu itu cék tukang goréngan téh. Basa geus kaliwatan nu kahiji masih kénéh maju. Tah ayeuna mah apal. Enya bener ieu. Warungna, enya éta. Inget kénéh harita Armina ngajak eureun heula. Harita kuring nungguan dina motor, manéhna lumpat heula ka warung. Ngan nu kaciri téh meuli amplop. Teu terus ka imahna, kalah ngajak ka warung sangu nu rada jauh ti dinya. Tepung pamungkas meureunan. Tah enya deukeut ka laundry imahna téh, cenah cék tukang warung.

Kacipta kénéh kumaha bungaheunana basa kuring nyarita rék ngawin manéhna. Rék nékad wé, da hayang boga anak. Rék kawas kumaha hirup teu boga turunan. Naon nu dibélaan? Geus diwangwang ambekna pamajikan, tapi keun baé rék disanghareupan waé. Rék dilelemu, yén moal midua kaasih. Bakal adil, Insyaallah. Pamajikan gé yakin bakal ngartieun, yén kuring téh hayang boga anak. Moal enya ngorétkeun mun kuring kawin deui. Tapi sanajan kitu gé da harita can wani balaka ka pamajikan mah.

“Randi, nyikalan téh palay istri, palay pameget?'”

“Naon waé, kumaha pamasihan Gusti. Mun istri pasti geulis siga Armi,”

“Mun pameget pasti kasép siga Randi,” cék manéhna.

Mani asa geus enya rék ngahiji. Kacinta nu diuntun ti basa tepung di tempat kariaan sobat, bakal laksana. Tapi ka pamajikan mah kuring angger nyaah. Lain rék nganyerikeun, ngan hayang boga anak, cék kuring.

Manéhna dianteurkeun henteu tepi ka jero imahna. Di buruan wé. Kitu gé henteu buruan imahna pisan. Dua imah deui, kakara turun. Manéhna nunjuk imahna mah nu itu cenah dua suhunan ti éta. Anu cétna bolu pandan. Harita kuring ngadius mulang.

“Ieu rupina nya Pa?” cék supir.

Kuring déhém nyaenyakeun. Sidik nu éta imahna téh. Bener pulas bolu pandan. Supir dipénta nungguan, da kuring moal lila. Ukur rék ngeupeulan duit, itung-itung kado pernikahan.

Deudeuh Geulis, naon nu jadi impian téh buyar teu nyésa. Teu géséh saminggu, pamajikan ngagabrug, nyebutkeun positif cenah kakandungan. Manéhna némbongkeun hasil pamariksaan ti Ginekolog. Antara atoh jeung reuwas ngadéngé caritaan pamajikan. Bréh imut anjeun Armi, basa urang lalamunan rék gaduh budak. Lain bohong. Atuh apan sakitu taun kuring ngarep-ngarep pamajikan kakandungan. Henteu waé. Enyaan Geulis, Randi henteu niat ngaheureuykeun. Haté ratug tutunggulan. Atuda kuring téh heubeul teu wani nepungan. Kumaha nyaritana? Mutuskeun, da karunya ka pamajikan. Mangka nyiramna gé mani ripuh pisan. Tepi ka diopnameu sagala aya samingguna.

Ayeuna rék ménta hampura, sakalian ngawilujengkeun. Bongan anjeun Armi nu ngamimitian nyarita rék undur waé, sapu nyéré pegat simpay.

“Kanggo naon atuh abdi, ari Tétéh tos badé kagungan putra mah,” cék anjeun.

“Naha, keun teuing, urang angger kudu ngahiji,” cék kuring.

“Narah ah, janten pelakor bari teu aya alesan mah,” pokna.

Anjeun ngejat. Geulis, hampura. Kudu kumaha meresihan ieu rasa dosa?

“Milari saha, Pa?” cék awéwé nu keur sasapu di buruan, nénjo kuring.

“Dupi Bu Armi aya?” 

“Oh, sanés di dieu, da teu aya nu jenengan Armi. Cobi taroskeun ka nu bumina di dinya. Tah aya gang alit, lebet ka dinya. Taroskeun ka Bu Awis, bilih ngontrak di anjeunna,” témbalna mani rengkuh.

Haté ngagebeg, tapi teu burung nurut kana pituduhna. Enya langsung arapaleun basa kuring nanyakeun Bu Awis. Kuring nanyakeun naha Armi aya? Nu disebut Bu Awis téh bangun hookeun. Kalah malik nanya saha ari kuring. Dijawab gé kalah calangap. Jol aya awéwé séjén nyampeurkeun.

“Tos ngalih minggu kamari,” témbalna.

“Naroskeun saha Étéh?” cék nu anyar datang.

“Néng Armi,” témbalna.

“Oh muhun tos ngalih,” pokna milu nerangkeun.

“Manawi uninga ka mana ngalihna?”

“Duka,” cék duanana, méh bareng.

“Sareng carogéna?” cék kuring.

Duanana sili rérét, bangun nu baringungeun.

“Kumaha?” cék Bu Awis.

“Ngalihna tangtos sareng carogéna,” cék kuring, ngaralat. Kakara sadar pananya téh kawas nu bolon. Nya tangtu atuh pindah mah jeung salakina.

“Na, da teu acan, teu acan nikah,” témbalna rada aga-eugeu.

Kuring langsung amitan sabada nganuhunkeun. Awak asa ngadégdég.

Deudeuh teuing Geulis. Demi Randi, anjeun ngabohong. Meureun ngarah kuring henteu ngarasa dosa. Naha maké ngabohong tos nikah sagala? Naha maké ngabohong yén linggih téh ngontrak? Kudu ka mana kuring néangan? Kudu ka mana ménta pangampura. Supir taksi teuing nanya naon. Ukur ditémbalan ku peta, sina maju, terus balik ka tempat tadi. Da ngan tikoro anu baceo. Lantaran aya nu nambag dina dada. Beurat, beurat pisan. Tepi ka teu wasa nyarita.

Ti dinya nepi ka imah, teu ngomong nanaon deui. Terus turun wé, sabada mayar taksi. Basa supir taksi nyebutkeun ieu pisang goréng kakantun, ukur dijawab ku isarah. Kop baé kanggo Emang.

Edisi majalah: 3005

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...