Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur kaum muslimin muslimat mah. “Lao ta`lamu ummati maa fii Romadon, latamannau an takuunas sanata kulluhaa Romadon”. Nu hartosna, upama seug umat kami apal kana kautamaan nu aya dina Romadon, mangka yakin umat kami bakal miharep sakabéh bulan téh Romadon. Margi agungna kamulyaan Romadon, mangka boh pribadi boh lembaga kaagamaan, salawasna sawadina ‘fastabiqul khoerot’ keur lomba-lomba dina milampah ibadah atawa kahadéan. Atuh ibadah dina bulan Romadon ogé, lain ukur puasa, solat, zakat, tapi ogé kaasup kagiatan lianna saperti dina raraga ngaraketkeun ukhuwah Islamiyah di antara Majelis Taklim, hususna nu aya dina asuhan IPII (Ikatan Pengajian Ibu-Ibu) Mujahidah Darul Hikam Dago Bandung sa-Bandung Raya nu jumlahna kurang leuwih 70 MT, lomba rias wajah kaondagan, fashion show, ogé nu utama program ngagungkeun Al-Qur’an ngaliwatan évaluasi hifdzil Qur’an.

“Dina raraga ngajagi jati diri kaum muslimah, dina Romadon taun ieu ogé, Insya Alloh, Ikatan Pengajian Ibu-Ibu Mujahidah Darul Hikam ngayakeun rupa-rupa kagiatan. Sapertosna waé aya program énggal, fashion show nu dialpukahan ku widang seni budaya. Kitu deui aya lomba rias wajah kaondangan, nu tujuanana supados kaum muslimah tetep katingal geulis sareng éndah, tapi ogé henteu nabrak syaréat Islam nu katalanjuran. Namung kagiatan utamina mah nyaéta hifdzil Qur’an surat An-Nur ayat 31 ti para majelis ta’lim. Nu hapalan kana téks sareng tarjamahanan ogé barjamaah sasarengan,” ceuk Anna Agustiana, M.I.kom., salaku panatacalagarana.
Masih ceuk Bu Anna, kagiatan saperti évaluasi hifdzil Qur’an baris lumangsung tanggal 15-16 Maret 2025. Kagiatan lianna aya nu tos dilaksanakeun, sapertina waé saméméh Romadon, silaturahmi ka para pinisepuh, ogé aya kagiatan di ahir Romadon, saperti ‘Itikaf, tadarusan, ogé dipungkas ku halal bihalal bada idul fitri.
“Mudah-mudahan dina tina kagiatan Romadon taun, tiasa ngahontal harepan nu luyu sareng jejer témana, nyaéta ningkatkeun karancagéan sareng langkung mikacinta kana Al-Qur’an sangkan langkung kiat dina katakwaan nu saéstuna,” pokna deui.


Ibadah puasa mah luhur pisan palajaranana kanggo senjata ningkatkeun ibadah saterasna. Ku kituna, utamana kaum muslimah sawadina mampuh mageran paripolah, ku cara tetep istiqomah ngalarapkeun syaréat Islam, kaasup dina raksukan sapoépoéna. Dawuhan Alloh dina potongan surat An-Nur ayat 31 : Wa qullil-mu’minaati yagḍuḍna min abṣoorihinna wa yaḥfaẓna furụjahunna walaa yubdiina ziinatahunna illaa maa dzohara minhaa, walyaḍribna bikhumurihinna ‘alaa juyụbihinna… Nu hartosna: “Jeung caritakeun ka mu’minat supaya nungkulkeun panénjo-panénjona, jeung ngaraksa laranganana, jeung ulah pisan maranéhna némbongkeun papaésna salian ti anu geus biasa nembrak, jeung kudu sina nuruban dadana ku kudungna…”
Kagiatan Romadon di Darul Hikam 1446 H nu di antarana binaan Dra. Apt. Hj. Nina Sri Inayati, memang euyeub kacida. Lian ti kagiatan kaum muslimah, ogé aya kagiatan umum saperti kajian Islam Kontemporer. Harita oge nara sumberna H. Sodik Mudjahid, Ketua Yayasan Darul Hikam.
“Dina mangsa parobahan, muslim di tatar Sunda Jawa Barat ogé kedah istiqomah nu pengkuh agamana, luhung élmuna, hadé ahlakna, ogé jembar budaya. Hartosna, Sunda Islami kedah teras nanjeur, nu kantenan dasar agamana nu kedah kiat pisan. Ku cara kitu, Insya Alloh mekarna Islam di Jawa Barat langkung pikabitaeun,” ceuk H. Sodik tegesna.
Syaréat agama Islam mah mulya. Lantaran kitu, salawasna kudu jadi obor dina kahirupan, nu larapna dina ngalaksanakeun kawajiban saum romadon ayeuna, dipalar mampuh merangan hawa nafsu, dugi ka leres-leres lampah paripolah aya dina jalan nu bener luyu jeung papagon agama.***
Leave a comment