Home Gaya Hirup Ngamangpaatkeun Poé Peré Naék ka Gunung Papandayan
Gaya HirupImplik-implik

Ngamangpaatkeun Poé Peré Naék ka Gunung Papandayan

Share
Rombongan Farhan jeung ‘pendaki’ lianna nu panggih di TWA Papandayan.
Share

Pikeun nu resep suasana alam, naék gunung mangrupa hal nu kaasup penting. Komo keur barudak rumaja mah. Lian ti hobby kaasupna gaya hirup. Saperti nu dilakukeun ku Farhan jeung babaturanana. Siga kumaha pangalaman ‘mendaki’ téh? Manglé ngobrol jeung Farhan Mutashim Billah. ***

Ti kénca; Wisnu, Farhan, Resa, Camila jeung Camel.

Gunung Papandayan, kaasup Gunung nu kudu ditalukkeun. Kitu nu sok dicita-citakeun ku para rumaja nu resep kana tangtangan mah. Ulah ceuk béja, tapi kudu ngalaman dipilampah. Komo deui kiwari mah geus mangrupa Taman Wisata Alam anu tangtu hal kasalametan para ‘pendaki’ téh kajamin.

Sabenerna béda-béda pamaksudan ulin ka Taman Wisata Gunung Papandayan téh. Aya anu saukur hayang naék atawa ‘mendaki’, aya anu ukur hayang popotrétan wungkul, aya ogé anu mendaki sakalian meuting.

Gapura jeung Peta di TWA Gunung Papandayan.

Nu dilakukeun ku Farhan Mutashim Billah mah nyaéta naék gunung sakalian meuting mondok moék di Gunung Papandayan nu kiwari dipikaresep ku para rumaja. Ngadegkeun ténda di tempat suni bari ngararasakeun jemplingna peuting sarta ngararasakeun tiisna hawa mun isuk-isuk hareupeun ténda bari nyuruput cai kopi.

Farhan miangna ti Bandung jeung babaturanana, Wisnu, Resa, Camila jeung Camel téh Saptu, 26 April 2025. Sanggeus markirkeun kandaraan, limaanana terus leumpang ka tempat ngadegkeun ténda di Ranca Saladah kurang leuwih 2,5 jam.

Nurutkeun Farhan, lamun mendaki komo bari rék meuting di gunung mah aya sababaraha hal anu henteu meunang poho. Diantarana anu kudu dibekel téh cai nginum, dahareun saperti mie instan jeung anu lianna.

“Sanaos aya anu daragang gé tetep bebekelan mah kedah,” ceuk Farhan, mahasiswa tingkat ahir jurusan hukum UIN Sunan Gunung Djati Bandung.

Wisnu jeung Farhan ngararasakeun hawa seger isuk-isuk hareupeun ténda di Ranca Saladah, Gunung Papandayan.

Kitu deui pakéan atawa sapatu anu husus pikeun naék gunung. Ngan ceuk Farham, najan henteu boga gé kiwari mah geus réa anu nyéwakeun éta barang.

“Sim kuring gé nyéwa,” ceuk Farhan seuri.

Taman Wisata Alam Gunung Papandayan (TWA Gunung Papandayan) lokasina di Désa Simajaya jeung Désa Keramat Wangi, Kecamatan Cisurupan, Kabupatén Garut, sarta Désa Néglawangi, Kecamatan Kertasari, Kabupatén Bandung. Legana kurang leuwih 225,27 héktar anu ditetepkeun dumasar S.K Menteri Pertanian tanggal 8 Méi 1990 No.  226/Kpts/11/1990.

Lamun ditempuh ti Bandung mah Gunung Papandayan nu aya di 2665 mdpl kurang leuwih 89 km kalawan jalanna genaheun pisan anu jalurna ka Cikajangkeun. Kaasup gunung nu masih aktip. Pernah bitu taun 1772, 1923, 1942 jeung  2002.

Pamandangan di TWA Papandayan.

Nu matak narik kaum rumaja, di Taman Wisata Alam (TPA) Gunung Papandayan réa pisan jugjugeunana. Kawah gé aya sababaraha hiji saperti Kawah Emas, Kawah Pengantin, Kawah Nangklak jeung Kawah Baru anu réréana mah aya mitosna.

Harga tikét ka TWA Gunung Malayang keur wisatawan lokal nyaéta, Rp.20.000,- dina  poé biasa sarta Rp. 30.000,- dina poé peré atawa weekend. Parkir motor Rp. 12.000 poé biasa sarta Rp.17.000,- dina weekend. Lamun mobil roda opat Rp. 25.000,- poé biasa sarta Rp.35.000 dina poé peré.

Kémping atawa kémah ogé aya waragadna. Kitu deui foto pra wedding jeung anu lianna.

Wisnu (kénca) jeung Fahran di Hutan Mati.

Lian ti aya kawah, di Papandayan ogé aya leuweungna anu disebut Hutan Mati, balukar tutuwuhanana anu paraéh basa Gunung Papandayan bitu taun 2002. Tempat ngadegkeun kémah-kemah gé teu éléh alusna. Malah aya sababaraha hiji. “Salah sawios alesan pangna sim kuring ka TWA Gunung Papandayan téh hoyong metik kembang eidelweis sareng nyaksian sunrise,” ceuk Farhan anu dienyakeun ku babaturanana. ***

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Paniisan Cippo Tempat Ngojay di Gunung Manglayang

Lain tempat ngojay nu standar sabenerna mah. Tapi Paniisan Cippo atawa anu...

Gaya HirupImplik-implik

Khalana Villa Citengah Wisata Murah Ngaharib-harib Ubud Bali

Piknik atawa wisata mah henteu kudu mahal, nu penting bisa sugema nyukakeun...

Gaya HirupImplik-implik

Rafting di Walungan Palayangan Situ Cileunca Pangaléngan

Wisata rafting/arung jeram atawa tumpak parahu karét di walungan anu caina tarik...

Gaya HirupImplik-implik

Situ Paténggang Tempat Wisata nu Loba Mitosna

Situ Paténggang atawa Situ Paténgang bagian tina andelan tempat wisata Kabupatén Bandung...