Home Gaya Hirup Ngalukis Butuh atawa Hobi?
Gaya HirupImplik-implik

Ngalukis Butuh atawa Hobi?

Share
Bang Zoel ngalukis demi hobi jeung kabutuh. (éép nr)
Share

Sanggeus ngaranna ‘gedé’ utamana di sabudeur Bandung jeung Jawa Barat, Zufli Akmansyah nu sohor di kalangan pelukis jeung koléktor mah pada nelah Bang Zoel, tetep handap asor. Ngeureuyeuh nyalurkeun hobina ngalukis. Kumaha lalakonna? ***

Diaku ku Bang Zoel, ngaranna bisa siga ayeuna téh lalakonna panjang kacida. Bisa disebutkeun pelukis jalanan baheulana mah. Jaman nu dilukisna saperti pot kembang, jandéla jeung sapatu. Teu anéh upama réa sobatna. Pangpangna para pelukis nu sok matuh hareupeun Jogja Dept. Store Kepatihan jeung BIP Bandung.

Bang Zoel jeung karyana. (éép nr)

Ngan ku sabab inyana mah lulusan paguron luhur widang éknomi, dina cara masarkeun téh aya onjoyna batan babaturanana. Nepi ka dina hiji waktu salah saurang dosén ITB ngajak Bang Zoel sangkan ngaramékeun Taman Budaya Dago Tea House.

Malah sakumaha nu dicaritakeun ku Bang Zoel, Kemis 3 Januari 2024 di panganjrekanana anu sakaligus studiona di Gang Cisitu Lama IV, nomer 60 A/154 C RT 3 RW 10 Bandung, saacan jadi pelukis téh kungsi usaha  nyieun spanduk, kartu ondangan nu jaman harita mah masih disablon.

“Kitu téh bari kuliah,” ceuk Bang Zoel wedalan INABA nu ngaku diajar ngalukis téh di Sanggar Linggar Sari 64 jeung Sanggar Olah Seni (SOS) Babakan Siliwangi pingpinan R. Tonny Yoesoef.

Ngan sanggeus karasa hasil tina ngajual lukisan mah leuwih nguntungkeun, nepi ka kiwari Bang Zoel teu incah balilahan terus neuleuman dunya seni lukis. Malah teu dileuleungit, ladang tina ngalukis téh bisa ngahirupan kulawargana, kaasup nyakolakeun budakna nepi ka paguron luhur.

“Hobi sakaligus ngahasilkeun,” ceuk Bang Zoel deui.

Nurutkeun Bang Zoel, kuliah jurusan akuntasi jeung profésina kiwari saliwatan mah siga taya hubunganana. Tapi diaku ku Bang Zoel, hasil kuliah bari jeung aktif di kampusna téh, bisa ngarojong kana profésina.

Ceuk Bang Zoel kuliah di jurusan ékonomi teu salawasna jadi ahli ékonomi. Tapi ku élmu ékonomi éta gedé pisan pangaruhna pikeun ngarojong seni lukis nu kiwari jadi profésina. Kaasup ngayakeun paméran tunggal nu geus ngaduakalian gé teu dileuleungit, bekel élmuna tina hasil kuliah.

Jaipong

Lian ti kungsi ngayakeun dua kali paméran tunggal, Bang Zoel ogé sok diajak ngeusian paméran anu diaayakeun ku pelukis sohor saperti jeung almarhum Dadan Gandara, Edi Hermanto, Jeihan, Barli, Herri Dim, Nyoman Nuarta jeung nu lianna.

“Alhamdulillah basa sareng Nyoman Nuarta mah karya sim kuring seueur nu kaical bari hargana saé,” Bang Zoel reueus.

Kitu deui Bang Zoel aktif babarengan jeung ITB, Sanggar Olah Seni sarta jeung ISBI atawa UPI. Tapi nu pangremenna mah aktif di Taman Budaya. Kadang ngajurian, jadi instruktur atawa narasumber.

Ngan ceuk ieu asli kalahiran Bandung téh, seni lukisna nu aliran ékprésif téh lolobana midangkeun lukisan ‘Jaipong’. Hal éta geus meunang pangakuan ti seniman jeung para koléktor najan henteu sacara tinulis yén lukisan Bang Zoel mah idéntik jeung jaipong.

Hal kitu ceuk Bang Zoel aya sajarahna. Salahsahijina nyaéta taun 2006 basa Bang Zoel milu kompétisi ngalukis jeneng juara, karyana téh jaipong. Kitu deui di Jakarta dina lomba désain kaligrafi, jaipong kapilih deui.

“Nya ti harita sim kuring langkung daria ngalukis jaipong. Komo saparantos aya inohong anu sakaligus budayawan seniman di Taman Budaya anu nyarankeun sangkan sim kuring teras neuleuman ngalukis jaipong mah langkung sumanget,” ceuk Bang Zoel.

Nurutkeun Bang Zoel hasil karyana anu dihargaan murah, sedeng jeung mahal téh gumantung dimana ngajualna. Ngan nu paling kaharti mah nu dibeuli ku koléktor langsung. Ari dina paméran mah ku sabab aya anu ngokolakeunana, mungkin cenah aya sabagian leutik hasilna keur pihak panitia.

Ngan keur kiwari mah nu meuli téh réréana ku cara online. Masarkeunana dina médsos saperti facebook atawa instagram.

Salah sahiji lukisan Bang Zoel nu kungsi dipamérkeun. (éép nr)

Tina budakna anu dua, ukur Fahriz Ramdhoni minangkana mah nu resep kana seni téh. Kaahlianana nyieun karajinan tina kulit nu geus bisa dijual ka balaréa. Kitu deui inyana jadi Ketua Sanggar Patlot sarta kapentés jadi EO bagian désain.

“Béntenna, sim kuring mah neuleuman seni lukis tapi ti jurusan akuntasi, ari pun anak mah resep seni téh da mémang wedalan seni ti ISBI,” ceuk Bang Zoel nutup obrolan. ***

Manglé 2963

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Paniisan Cippo Tempat Ngojay di Gunung Manglayang

Lain tempat ngojay nu standar sabenerna mah. Tapi Paniisan Cippo atawa anu...

Gaya HirupImplik-implik

Khalana Villa Citengah Wisata Murah Ngaharib-harib Ubud Bali

Piknik atawa wisata mah henteu kudu mahal, nu penting bisa sugema nyukakeun...

Gaya HirupImplik-implik

Rafting di Walungan Palayangan Situ Cileunca Pangaléngan

Wisata rafting/arung jeram atawa tumpak parahu karét di walungan anu caina tarik...

Gaya HirupImplik-implik

Ngamangpaatkeun Poé Peré Naék ka Gunung Papandayan

Pikeun nu resep suasana alam, naék gunung mangrupa hal nu kaasup penting....