Home Warta Katumbiri Ngalegaan Aksés Pendidikan, Program Disdik Jabar Taun 2025 Luyu jeung Pituduh Dedi Mulyadi
Katumbiri

Ngalegaan Aksés Pendidikan, Program Disdik Jabar Taun 2025 Luyu jeung Pituduh Dedi Mulyadi

Share
Pelaksana Harian (Plh) Kepala Dinas Pendidikan Provinsi (KaDisdik) Jawa Barat (Jabar), Dr. Deden Saepul Hidayat, M.Pd., jeung wawakil ti Forum Wartawan Pendidikan Jabar, di Kantor Disdik Jabar, Jalan Radjiman No 6, Kota Bandung (31/1/2025).
Share

Pelaksana Harian (Plh) Kepala Dinas Pendidikan Provinsi (KaDisdik) Jawa Barat (Jabar), Dr. Deden Saepul Hidayat, M.Pd., nétélakeun yén program Disdik Jabar taun 2025 téh dumasar Perda Nomor 5 taun 2017, nu ngawengku ngalegaan aksés, ningkatkeun ajén, jeung panataan pendidikan.

Nurutkeun Deden, dina mangsa transisi kapamingpinan Gubernur Jabar pinilih, program Disdik disaluyukeun jeung pituduh Dedi Mulyadi. Salah sahijina maliré pisan kana aksés pendidikan dina raraga nyumponan hak sakola warga Jabar. Pikeun ngalegaan aksés pendidikan téh, écés Deden, pihakna baris ngawangun Unit Sakola Baru (USB), sarta Rohang Kelas Baru (RKB). Dipiharep dua tarékah éta bisa leuwih loba narima murid anyar.

“PPDB tas digentos ku Sistem Penerimaan Murid Baru (SPMB). Tah ku ayana USB sareng RKB mah tiasa nampi langkung seueur. Kumargi masarakat téh masih negeri minded. Jalaran kitu daya tampung téh ngalangkungan 108 persén samalah dugi ka 125 persén. Unggal daérah bénten-bénten. Sapertos di Kabupatén Bandung, Kabupatén Bogor, nu hoyong ka sakola negeri teu katadah. Janten kedah dilegaan aksés pendidikan, sangkan sadayana tiasa sakola,” ceuk Deden ka wawakil ti Forum Wartawan Pendidikan Jabar, di Kantor Disdik Jabar, Jalan Radjiman No 6, Kota Bandung (31/1/2025).

Deden ngémbohan yén tarékah éta pikeun ningkatkeun partisipasi diajar warga Jabar nu masih di angka 8,7 taun. Nya dina taun 2025 baris diwangun 11 sakola anyar, dua SLB, nu salapanna SMA/SMK. Demi pangwangunan RKB mah disawalakeun jeung Sekretaris Daerah Pemprov Jabar, angot patali jeung anggaran nu di luar Dana Alokasi Khusus. Solusi lianna, masih lumangsungna pangajaran SMATER (SMA Terbuka), jeung unit layanan disabilitas.

Patali jeung SPMB di Jabar, Deden nandeskeun yén Gubernur pinilih Jabar, tas ngasongkeun kamandang sangkan dina palaksanaanana taya pacogrégan. Kamandangna téh Disdik Jabar ngayakeun asesmen atawa ngadata saméméhna.

“Ti anggalna ditataharkeun sistim ngadata. Supados terang minat siswa kelas IX SMP  di Jawa Barat téh hoyong diteraskeun ka mana. Saupami di hiji kecamatan seuseueurna hoyong ka salah sahiji SMA, laju SMA nu sanésna teu aya nu hoyongeun, tah janten bahan evaluasi. Luyu sareng amanat Pa Gubernur, data éta kedah tas aya sateuacan Romadon 2025,” ceuk Deden tandes naker.

Pelaksana Harian (Plh) Kepala Dinas Pendidikan Provinsi (KaDisdik) Jawa Barat (Jabar), Dr. Deden Saepul Hidayat, M.Pd.,

Program lainna nyaéta pangwangunan karakter siswa, kurikulum, sistim pangajaran. Éta patali jeung desain pendidikan di Jabar. Dina hal kualitas, taun 2025, Disdik Jabar ngararancang peta jalan pendidikan nepi ka taun 2045. Keur jadi tétékon pikeun sing saha baé nu jadi gubernur sarta kepala dinas. Peta dijieun pikeun ngahontal cita-cita Manusia Unggul Jawa Barat 2045.

“Masih ngeunaan ajén, Disdik Jabar ngadorong sangkan raport mutu pendidikan (RMP) langkung saé boh tina literasi, numerasi, sareng sajabina. Pikeun mekelan lulusan nu neraskeun pendidikan atanapi didamel. Éta gé lebet kana tarékah ngirangan nu ngaligeuh, nu kasebat pangseueurna téh lulusan SMA/SMK,” pokna.

Tina tata kelola keuangan mah Disdik Jabar masih ngocorkeun dana BOPD, BPMU, jsb. Kaasup waragad pendidikan di taun 2026 nu nanjeurkeun kaadilan masarakat, nyumponan hak pendidikan sakabéh warga Jabar.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...