Kota Bandung – Anggota Panitia Khusus (Pansus) 2 Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung, Iqbal Mohamad Usman, S.Ip, S.H., nétélakeun yén pihakna keur ngeureuyeuh Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) Pembudayaan Ideologi Pancasila dan Wawasan Kebangsaan. Dina bahasanana téh tas nepi ka Focus Group Discussion (FGD). Pansus Ideologi Pancasila tas ngalaksanakeun FGD nu diteruskeun kana bahasan finalisasi.
“Didamelna ieu Perda téh tiasa nguatan pendidikan karakter kabangsaan sareng pamahaman perkawis Idéologi Pancasila nu tiasa dilarapkeun dina kahirupan sadidinten. Idéologi Pancasila kedah dugi ka masarakat, hususna ka nonoman, margi kapungkur kanto saya pendidikan P4,” ceuk Iqbal tandes naker.
Iqbal ngémbohan yén ku ayana Perda Idéologi Pancasila téh bisa leluasa ngalaksanakeun sosialisasi ka nonoman.Ngalarapkeun ajén inajén Pancasila ka nonoman téh baris kaunggel dina Perda. Ideologi Pancasila bisa dilarapkeun di sakola ngaliwatan kagiatan intrakulikuler jeung ekstrakulikuler ngeunaan wawasan kabangsaan jeung dilarapkeunana Idéologi Pancasila.
“Nu diteueulkeun kana Raperda perkawis idélogi Pancasila téh nyaéta masarakat, husuna nonoman, sasarengan ngawangun karakter kabangsaan sareng micinta lemah cai,” pokna.

Anggota Pansus 2 DPRD Kota Bandung gé miharep Raperda Idéologi Pancasila sagancangna ditetepkeun, lantaran Perda éta bisa jadi tétékon dina ngawangun karakter, sikep, jeung pola pikir dumasar Idéologi Pancasila.
“Dina Raperda Idéologi Pancasila sareng Wawasan Kabangsaan téh, aya Pendidikan Wawasan Kabangsaan. Hal éta janten sarana Pendidikan ka nonoman pikeun ngalenyepan ajén-inajén Pancasila ngalangkungan pendidikan karakter,” ceuk Iqbal écés naker.
Regulasi nu tas ditetepkeun dina Raperda ngeunaan pembudayaan idéologi Pancasila jeung Wawasan Kabangsaan téh, Pemerintah bisa ngalaksanakeun sosialisai jeung edukasi ka masarakat ngeunaan pentingna ajén-inajén Pancasila.Warga Kota Bandung sabilulungan dina kahirupan sapopoéna.
Pansus 2 DPRD Kota Bandung tas ngalaksanakeun studi banding ka Surabaya jeung Yogyakarta lantaran dua kota éta tas miboga Perda patali jeung Idéologi Pancasila. ***
Leave a comment