Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang Terbuka Senat Akademik dina Wisuda Periode Semester Genap Taun Akademik 2024/2025 nu lumangsung di Gedong Kasenian Sunan Ambu, ISBI Bandung, jalan Buah Batu, Kota Bandung (3/5/2025). Aya 124 Wisudawan nu diistrénan ti jenjang Diploma, Sarjana, Sarjana Terapan, jeung Magister.
Demi nu diwisuda dina Periode Semester Genap Taun Akademik 2024/2025 téh wincikanana: Fakultas Seni Pertunjukan (Seni Tari: 23 lulusan, Seni Teater: 15 lulusan, Seni Karawitan: 15 lulusan, Angklung dan Musik Bambu: 3 lulusan). Fakultas Seni Rupa dan Desain (Seni Rupa Murni: 8 lulusan, Kriya Seni: 4 lulusan, Tata Rias dan Busana: 3 lulusan), Fakultas Budaya dan Media (Televisi dan Film: 24 lulusan, Antropologi Budaya: 21 lulusan), Pascasarjana (Penciptaan dan Pengkajian Seni: 8 lulusan).

Dina éta kagiatan gé ISBI Bandung masrahkeun pangajén ka lulusan petingan, nyaéta:
– Fahdi Hasan, M.Sn., Program Studi: Penciptaan dan Pengkajian Seni, IPK: 3.91, Sangat Memuaskan
– Debora Christina Ayomi, S.Sos, Program Studi: Antropologi Budaya, IPK: 3.88-Sangat Memuaskan
– Gina Astagini Pamungkas, S.Sos., Program Studi: Antropologi Budaya, IPK: 3.88-Sangat Memuaskan
– Resfadila Febiyanti, S.Tr.Sn., Program Studi: Televisi dan Film- IPK: 3.86-Sangat Memuaskan
– Vischa Rosmawanda, S.Sn., Program Studi: Seni Karawitan, IPK: 3.83-Sangat Memuaskan
– Luthfiah Ulfi Suntara, S.Sn., Program Studi: Seni Tari, IPK: 3.81-Sangat Memuaskan
– Sandrina Dewinta Saputri Pratama, S.Sn., Program Studi: Seni Tari, IPK: 3.81-Sangat Memuaskan
– Dendi Septriyana, S.Tr.Sn., Program Studi: Angklung dan Musik Bambu, IPK: 3.81-Sangat Memuaskan
– Reza Siraj Raihan, S.Sn., Program Studi: Seni Teater, IPK: 3.64-Sangat Memuaskan
– Nada Azzahra Kamilah, A.Md.Sn., Program Studi: Kriya Seni, IPK: 3.60-Sangat Memuaskan
– Pamela Angelista, S.Sn., Program Studi: Seni Rupa Murni, IPK: 3.53-Sangat Memuaskan
– Noviani Putri Andriana, S.Tr.Sn., Program Studi: Tata Rias dan Busana, IPK: 3.53-Sangat Memuaskan
Biantara ti Wakil Wisudawan ditepikeun ku Fahdi Hasan, lulusan Program Studi Penciptaan dan Pengkajian Seni nu nyangking predikat IPK Cumlaude pangalusna dina éta mangsa. Fahdi ngarasa reueus jadi bagian ti ISBI Bandung. Inyana kukuh pengkuh ngajaga ajén inajén sarta medalkeun karya.
Demi nu macakeun Janji Alumni mah Gina Astagini Pamungkas ti Program Studi Antropologi Budaya, laju dituturkeun ku sakabéh wisudawan.

Réktor ISBI Bandung, Dr. Retno Dwimarwati, S. Sen., M. Hum., nétélakeun yén pihakna satékah polah ngawangun sinergi jeung sababaraha Kementerian, swasta, Pemerintah Daerah. Réktor miharep metode pangajaran di ISBI Bandung téh bisa dilarapkeun tur aya maslahat pikeun masarakat.
“Wisudawan sareng Wisudawati tas mahér dina seni budaya. Waktosna nebarkeun mangpaat, tur majukeun masarakat. Dumasar Undang-Undang No 5 taun 2017 perkawis Pemajuan Kebudayaan, Wisudawan sareng Wisudawati ISBI Bandung téh tiasa janten kontributor,” ceuk Rektor tandes naker.
Réktor ngémbohan yén wangun kontribusi téh bisa dina widang ékonomi kréatif nu nyetorkeun devisa pangagedéna kalayan 17 sub sektor. Kaasup pariwisata, nu jadi lahan pakasaban nu lega. Jaman kiwari, écés Réktor, salila bisa mapakan téhnologi digital mah, lahan pakasaban téh henteu kawatesanan. Atuh ISBI Bandung gé nyadiaan portal ensiklopedia Seni pertunjukan Jawa Barat, nyaéta Si Budi, Si Wati, saparakanca.
“Indonésia téh nagara Adibudaya. Janten seni budaya téh gaduh komara di dunya internasional. ISBI Ngajomantara baris ngawujud ku tarékah para Wisudawan sareng Wisudawati, nu janten agén nu majukeun kabudayaan, “Agent of Change” dina majukeun kabudayaan,” ceuk Réktor tandes naker.
Réktor ngécéskeun yén ISBI Ngajomantara téh cara dina ngokolakeun poténsi lokal sangkan bisa ngamancanagara. Pihakna mimitran jeung pemerintahan kabupaten/kota sa-Jabar dina ngokolakeun poténsi di daérahna séwang-séwangan.
“Mahasiswa ISBI Bandung ngalaksanakeun kagiatan KKN di Kabupatén Bandung Barat. Salah sahiji garapan téh ngadamel lagu mars désa. Lajeng rukun gawé sareng Pemkab Sumedang. ISBI Bandung ngarojong tarékah Sumedang Puseur Budaya Sunda. Pon kitu deui sareng daérah nu sanésna. ISBI bagian tina Jawa Barat. Ngokolakeun poténsi lokal sangkan ngajomantara ka luar negeri,” ceuk Réktor écés naker.
Wakil Réktor Bidang Akademik dan Kemahasiswaan ISBI Bandung, Indra Ridwan, S.Sos., M.Sn., M.A., Ph.D., nétélakeun yén wisuda téh dina taun ayeuna mah digelar dua kali. Patali jeung program pamaréntah nu jejerna Diktisaintek Berdampak, nurutkeun Indra, kampus kudu surti kana pangabutuh masarakat. Kampus kudu bisa ngasongkeun solusi ngaliwatan élmu nu diteuleuman.
“Seni téh sanés mung kalangenan atanapi panglipur. Aya élmu nu tiasa dilarapkeun kalayan mangpaat nu langkung lega. Kamekaran industri kreatif téh luyu sareng tarékah majukeun kabudayaan,” pokna.***
Leave a comment