Ngadu muncang geus aya ti béh ditu. Najan henteu ramé siga baréto, nu ngadu muncang tetep aya. Padahal keur di sababaraha wewengkon mah aya anu nganggap tradisi warisan kolot baheula. Siga kumaha ngadu muncang téh? ***
Heuppppp! Jedak! Panakol diteunggeulkeun kana ‘pidekan’ anu geus dipasangan dua muncang keur diadu. Geus kitu cempéd awi anu neueul kana dua muncang téh diangkat sabab rék mariksa muncang anu aya dina ‘kili’kili’ (buleudan tempat neundeun muncang lamun keur diadukeun sangkan cicing). Terus ‘dipirit’ (dibuka lalaunan) mastikeun mana anu unggul, nu éléh atawa baluh. Kadang kudu sababaraha kali teunggeulan lamun kabeneran muncang duanana karuat.
Ngadu muncang dina ‘pidekan’ (paragi ngadu muncang nu dianggap modéren) ceuk Ucu urang Cibiru Bandung mah, unsur licik téh bakal bisa dikurangan.
“Margi sanaos satakerna neunggeul gé moal ‘baluh’ (éléh duanana). Iwal upami muncang duanana awon atanapi saraé. Tapi jarang da baluh mah,” ceuk Ucu anu ngaku resep muncang ti baheula.
Béda jeung baheula, ngadu muncang téh ukur dina taneuh. Asal aya awi keur cempédna tinggal der. Tungtung campéd ditincak duanana, ditakolna gé ku naon wé. Kadang ku batu. Malah keur jalma anu kuat mah ku peureup gé muncang téh sok aya anu beulah.
Hayang licik ngabubukkeun duanana, sahabekna wé teunggeul, geus pasti bakal ancur.
“Pokona langkung ‘sucéng’ (murni taya unsur licik). Dina ‘pidekan’ mah moal kajantenan kitu. Margi aya panahan husus. Upami disimpenan hiji mucang teras diteunggeul satakerna gé, moal peupeus,” ceuk Ucu deui.


Ngan tangtu aya aturan husus anu disaluyuan. Diantarana nangtukeun nu kudu dipasang di handap jeung di luhur upama muncang gedéna ampir sarua. Da upama hiji muncang leuwih gedé mah otomatis ditundana di handap. Kitu deui cara masangna, naha ngadu ‘batok’ atawa ‘huntu’. Éta kudu bener-bener sapuk anu saterusna muncang diteundeun kana ‘kili’kili’. Tuluy dibeulitan bola kasur sangkan mun diadu ulah ngagésér saméméh dibungkus ku lawon supaya mun diteunggeul henteu ngacleng.
Nurutkeun Ucu, ngadu muncang ukur aya di Tatar Sunda. Kitu gé henteu walatra. Nu paling ramé téh di Tasik, Garut, Sumedang jeung Bandung.
“Tapi minangka universitasna mah Tasik sareng Garut. Margi di dua tempat éta seueur ahlina sareng tangkalna. Sateuacan sohor muncang ti Timor Timur sareng Jawa, Garut mah tos gaduheun muncang jawara nyaéta ‘Paros’ sareng ‘Séta’,” ceuk Ucu deui.
Réa Rupana
Baheula mah ngadu muncang téh réréana dilakukeun ku barudak. Muncang ‘kelas’ ukur ‘Paros’ jeung ‘Séta’ ti Garut, sarta ‘Legok’ ti Sumedang. Réréana mah muncang sayur wé anu kiwari mah disebut muncang pasar atawa ‘dangri’.

Kadieunakeun tingpucunghul muncang haradé ti Timtim jeung Jawa anu réa pisan rupana. Ngaran-ngaranna aya anu dumasar kana tempat asal muasal éta muncang saperti Kaliwiro ti Jawa, Muara Enin ti Palémbang, Cariuk jeung Timtim anu dibagi deui sababaraha ngaran. Kitu deui aya anu dingaranan dumasar wangunna (bentukna) saperti Muncang Kaléci, Pedang, Barét, Cobra jeung sajabana.
Tapi aya ogé muncang téh dingaranan dumasar kana anu dagangna, nu boga tangkalna atawa nu pernah juara dina hiji turnamén. Aya mucang ‘Salim’, ‘Éti’, ‘Yanti’, ‘Ayu Dadah’ jeung masih réa deui ngaranna.
Di luar éta aya ogé muncang anu dingaranan teu puguh asal usulna saperti; Bagong, Mantili, Paros, Séta, Mayit jeung sajabana.
Kiwari nu dianggap muncang paling kuat nyaéta JPU (Jalim Pa Uye) nyaéta hasil persilangan muncang mayit jeung sababaraha mucang deui bogana Pa Uye anu tangkalna aya di Rajapolah Tasikmalaya. Harga hiji muncang nu masih ngagantung dina tangkalna aya anu nepi ka 2 juta.

“Duka sabaraha pangaosna upami tos diurus mah,” Ucu héraneun.
Nu dimaksud diurus téh diantara dikeueuman ku cuka, ‘dipalé’ (digosok sangkan pori-pori mucang katutupan, garing, hérang jeung kuat).
KaIalangenan ngadu muncang kiwari ramé deui saperti sabudeur Cibiru, Cileunyi, Tasik, Rancaékék jeung Garut. Dipasanggirikeun maké uang pendaptaran sarta juarana mareunang hadiah jeung sértifikat anu istilahna ‘Arisan’. Aturanana gé leuwih jelas nyaéta nu boga muncang handap bagéan masang, nu boga muncang luhur bagéan neunggeul kalawan disaksikeun ku wasit. Neunggeulna gé jelas aturanana. Biasana kumaha kasapukan. Aya anu 5 kali teunggeulan jeung 7 kali. Jadi henteu anéh lamun nu resep kana muncang tetep aya bari hargana gé geus teu kaharti ku akal. ***
Mangle 3013
Leave a comment