Home Warta Katumbiri Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi
Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Share
Share

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan bisa diajar di SMA. Tangtu butuh perjoangan sarta waragad nu leuwih sangkan bisa tigin diajar nepi ka lulusna. Kepala Désa Mekarwangi H. Endut Suratman miharep aya SMA Negeri di wilayahna pikeun ngadeukeutkeun aksés pendidikan ka masarakat.

Hal éta ditepikeun Endut dina kagiatan Sosialisasi Peraturan Daerah (Perda) Provinsi Jawa Barat No. 9 tahun 2014 tentang Penyelenggaraan Pembangunan Ketahanan Keluarga Taun Sidang 2024-2025, Anggota Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Provinsi Jawa Barat (Jabar), Dra. Hj. Tia Fitriani. Éta kagiatan téh lumangsung di Kampung Bojongmondro RT 02/RW 04 Désa Mekarwangi, Kecamatan Ibun, Kabupatén Bandung, Senén (28/04/2025).

 Dina éta kasempetan, Endut Suratman, nétélakeun yén pangwangunan désa bisa lumangsung lantaran pangrojong ti legislatif, kaasup DPRD Jabar. Pangwangunan jalan désa, irigasi, kitu deui sarana kaséhatan jeung pendidikan.

“Sumanget masarakat téh ageung pisan dina neraskeun atikan ka SMA. Nanging teu acan aya SMA Negeri. Lulusan SMP/Mts téh neraskeunana ka SMA Swasta. Éta gé teu lepat. Mung jarakna tebih. Janten ku ayana SMA Negeri di wewengkon Mekarwangi mah tiasa nyaketkeun sarana atikan ka masarakat,” ceuk Endut dina katerangan ka mangledigital.id di Ibun, Kabupatén Bandung, Senén (28/04/2025).

Endut ngémbohan yén Warga Mekarwangi nu nuluykeun ka SMA swasta gé jarakna masih jauh najan masih sakecamatan, saperti ka SMA Karya Pembangunan Ibun (SMA KP 1 Paséh), Madrasah Aliyah Ibun. Atuh SMA Negeri nu kaitung pangdeukeutna téh aya di Kecamatan Solokanjeruk jeung Majalaya.

“Nganggo sistim zonasi pan bujeng-bujeng nu bénten kecamatan, warga di éta kecamatan gé masih aya nu teu katampi. Lajeng ayeuna digentos tina zonasi kana domisili, sami baé pan domisili di Ibun, répot upami hoyong lebet ka SMA Negeri téh kedah ngalih domisili heula,” ceuk Endut tandes naker.

Tas aya rarancang pikeun ngawangun SMA Negeri. Nurutkeun Endut di wilayahna aya tanah nu legana 400 tumbak.Upama harepan éta tinekanan, sumanget dina nuluykeun atikan beuki ngagalura, Rata-Rata Lama Sekolah (RLS) bisa undak, nu antukna ningkatkeun Sumber Daya Manusa (SDM) warga Désa Mekarwangi.

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Legislator Tia Fitriani Medar Solusi Ngungkulan Pasualan Kulawarga

Kabupatén Bandung – Pangwangunan désa dimimitian ku kulawarga nu tohaga. Ngan sawatara...