Home Warta Katumbiri Ngabudayakeun Idéologi Pancasila Dibahas Pansus 2 DPRD Kota Bandung
KatumbiriWarta

Ngabudayakeun Idéologi Pancasila Dibahas Pansus 2 DPRD Kota Bandung

Share
ilustrasi. (foto; pixels)
Share

“Angot di Kota Bandung mah masarakatna hétérogén boh tina sélér, agama, ras, dugi ka Pancasila téh janten konsensus nagara nu ngabeungkeut rayatna,” ceuk Eko tandes naker.

Kota Bandung-Idéologi Pancasila jeung Wawasan Kabangsaan kudu remen ditepikeun ka masarakat. Ku kituna DPRD Kota Bandung ngaliwatan Panitia Khusus (Pansus) 2 keur ngagarap Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Pembudayaan Ideologi Pancasila dan Wawasan Kebangsaan.

Anggota Pansus 2 DPRD Kota Bandung, Eko Kurnianto W, S.T., M.PMat nétélakeun yén Perda éta boga niléy stratégis pikeun internalisasi ajén-inajén linuhung Pancasila dina kahirupan masarakat. Ajén Pancasila ngawarnaan kahirupan sosial, ékonomi, pendidikan, sarta produk hukum.

“Angot di Kota Bandung mah masarakatna hétérogén boh tina sélér, agama, ras, dugi ka Pancasila téh janten konsensus nagara nu ngabeungkeut rayatna,” ceuk Eko tandes naker.

Anggota Pansus 2 DPRD Kota Bandung  Eko Kurnianto W.ST. MPMat

Eko ngémbohan yén Perda nu keur digarap téh pikeun nguatan kasadaran nonoman kana pentingna neuleuman tur ngalaksanakeun ajén-inajén Pancasila. Dipiharep nonoman Kota Bandung mingkin pengkuh kana agama.

“Nonoman téh kedah mibanda rasa kamanusaan, ngahiji minangka sabangsa, daria dina prosés démokrasi , sarta ngalarapkeun kaadilan sosial dina raraga mayunan Indonésia emas,” pokna.

Nurutkeun Eko aya sababaraha hal nu dibahas dina Reperda Pembudayaan Ideologi Pancasila dan Wawasan Kebangsaan di antarana tétékon palaksanaan,  wangun jeung dan matéri, peran masarakat dina ngabudayakeun idéologi Pancasila, sarta pangajén ka masarakat.

“Daérah nu tas medalkeun Perda patali sareng Idéologi Pancasila téh di antawisna Surabaya sareng Yogyakarta, ” cenah.

Dina danget ayeuna, écés Eko, nonoman téh bangun nu can wanoh kana ajén-inajén Pancasila. Lantaran can aya deui program internalisasi ajén Pancasila di lingkunga nonoman, taya pelajaran di sakola, taya penataran P4 atawa program lian nu dilaksanakeun di masarakat.

 Sagigireun éta arus globalisasi nu asup téh ngalantarankeun nonoman leuwih mikawanoh budaya luar batan ajén luhung bangsa. Nurutkeun Eko, di Surabaya satutas aya Perda Pembudayaan Ideologi Pancasila mah, kaciri pisan masarakat Surabaya mibanda jiwa heroisme jeung micinta bangsa

Dina éta Perda téh, ceuk Eko, aya papagon nu jadi cecepengan pikeun wali kota dina medalkeun program ngabudayakeun idéologi Pancasila jeung wawasan kabangsaan. Eko  miharep  Perda Pembudayaan Ideologi Pancasila téh bisa ngawangun karakter jeung jati diri Sumber Daya Manusa (SDM) Indonésia, utama Kota Bandung, masing kukuh pengkuh kana ajén Panacasila luyu jeung jati diri Kota Bandung nu soméah, toleran, sarta ngabudaya. Eko nandeskeun yén Raperda éta gé ngagiring kana kaciptana kaayaan nu répéh rapih, ningkatkeun kualitas pamahaman masarakat ngeunaan Pancasila jeung karakter bangsa.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...