Henteu bisa dipungkir, adan magrib keur nu paruasa mangrupa hal anu paling ditungguan. Rék budak atawa kolot, awéwé jeung lalaki sarua.
Hal kitu tumerap di palemburan jeung di kota. Malah di mamana gé sarua. Bisa buka dina waktuna magrib mangrupa hal anu paling ngabagjakeun.
Nu sok dilakukeun nungguan waktuna adan magrib téh nyaéta ngabuburit. Nu intina miharep sangkan nungguan adan magrib téh henteu pati karasa.
Rupa-rupa nu dilakukeun ku nu ngabuburit gumantung kana karesepna, atawa saluyu jeung kabiasaan di tempatna séwang-séwangan.
Di palemburan atawa di kota-kota anu masih aya sawah, ngabuburit téh sok ku ngurek belut. Mun teu kitu nu jauh ka kota, baheula mah sok nyareungeut lodong.
Kaasup nguseup. Malah taun 80-an mah ngabuburit ku nguseup di walungan téh ngahaja néangan tempat nu jauh. Inditna gé leumpang ti beurang kénéh. Mun di kota mah nguseup téh jelas tempatna. Aya balong séwaan nu kadang dikompétisikeun.
Di pasantrén mah tangtu béda deui. Nungguan adan magrib téh dieusian ku kagiatan kaagamaan. Pokona intina kabéh ogé sangkan ulah karasa teuing lapar atawa hanaang. Sabab keur sabagéan jalma mah nungguan magrib dina keur puasa téh asa kacida lilana.
Nu resep olahraga saperti nyapédah, pingpong, ‘jogging’ sok dilaksanakeun najan ‘porsi’na dikurangan. Komo kiwari mah baroga kaméra dina HP. Sagala rupa didokuméntasikeun mangrupa poto nu sok dijieun ‘status’ dina whatsapp atawa médsos.

Mun teu kitu ngabuburit téh saukur jalan-jalan atawa ka tempat kulinér nu dina bulan Puasa mah raména sababaraha tikeleun ti poé biasa. Jalan-jalan jadi macét. Tapi keur nu dagang mah lian bari ngabuburit téh sakalian meunang kauntungan.
Intina puasa téh bulan sucina umat Islam nu dipiharep ku sakabéh muslim dina bulan éta bakal meunang barokah anu pohara. ***
Manglé 3018
Leave a comment