Di bumina, Jalan Cibatumulya, Kalurahan Pasir Jati, Kacamatan Ciléngkrang Kabupatén Bandung, Naura Anindira Nusayba sadidintenna sok pada nyebat Nau.
Karesepna maca buku jeung olahraga. Diantarana taékwondo jeung voly. Tapi kana seni ogé resep deuih. Buktina Naura nu kiwari sakola di SD Terpadu Krida Nusantara kelas 2 kungsi Juara 1 Lomba Menyanyi Solo Level 1.

Kitu deui Naura nu mikaresep warna bungur (ungu) téh pernah Juara 1 Tahfidz di sakolana.
Naura putra Bapa Yosep Muharom S.T sareng Ibu Rendita Khotimah S.Si., jangkungna 130 cm. Mana pantes mun kiwari olahraga nu diteuleumanana nyaéta voly.

“Di kleup Voly Kharisma Premium latihan mah,” ceuk Naura di bumina.
Naura nu lahir di Bandung, 31 Oktober 2016 kiwari keur resep pisan kana olahraga voly. Hal kitu karojong ku dedegan awakna anu jangkung gedé. Ari cita-cita?
“Hoyong janten atlét voly,” ceuk Naura Anindira Nusayba tandes naker. Mugia Néng, tinekanan. ***
Leave a comment