Kota Bandung — Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) Kota Bandung ngeunaan Sosialisasi Pembinaan Ideologi Pancasila dan Wawasan Kebangsaan keur dikeureuyeuh ku Panitia Khusus (Pansus) 2 Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung. Pasal-pasal nu baris dibahas téh patali jeung finalisasi nu dilaksanakeun kalayan ngondang tim hukum ti Provinsi Jawa Barat, pikeun mastikeun Raperda luyu jeung régulasi.
Ketua Pansus 2 DPRD Kota Bandung Aa Abdul Rozak, S.Pd.I., M.Ag. nétélakeun yén dina nyusun Raperda di Kota Bandung patali jeung Sosialisasi Pembinaan Ideologi Pancasila dan Wawasan Kebangsaan téh tas ngalaksanakeun sababaraha studi tiru diantarana ka MPR RI jeung Kementerian Pertahanan RI.

“Diwangunna Pansus 2 téh margi aya kamelang tos méngpar pamahaman sareng implementasi ajén inajén Pancasila dina kahirupan bangsa,” pokna.
Nurutkeun Ketua Pansus 2, Pancasila téh tas lian tétékon dina interaksi kahirupan bangsa. Ku kituna ajén inajén Pancasila kudu dibalikkeun kana fungsina nu larap di sakabéh aspék kahirupan masarakat, hususna nonoman nu jadi pilar bangsa Indonésia.
“Pemerintah kedah hadir pikeun mageuhan prinsip-prinsip atanapi norma-norma hirup bangsa. Copong payung hukum nu ngatur perkawis pendidikan atanapi ngamasarakatkeun Pancasila sareng wawasan kabangsaan dina kahirupan masarakat,” ceuk Aa Abdul Rozak tandes naker.
DPRD Kota Bandung baris mastikeun yén rékomendasi jeung kawijakan wedalan Pansus 2 téh luyu, aplikatif, jeung bisa mairan tangtangan jaman globalisasi tanpa ngapilainkeun jati diri bangsa. Nilik kana hal éta penting pikeun diajar ka MPR RI jeung Kemenhan.
Dina éta kunjungan téh, Ketua Pansus 2 Aa Abdul Rozak, S.Pd.I., M.Ag., dibarengan ku Wakil Ketua Pansus 2, Erick Darmadjaya, B.Sc. M.K.P., sarta para Anggota Pansus 2 Elton Agus Marjan, S.E., Agus Hermawan, S.A.P., jeung Iqbal Mohamad Usman, S.I.P., S.H. sarta dibarengan ku H. Bambang Sukardi salaku Kepala Badan Kesbangpol Kota Bandung, Aswin S. Utama Kabid Ideologi Wawasan Kebangsaan dan Karakter Bangsa, Abdul Aziz salaku Bagian Hukum dan Sekretariat DPRD Kota Bandung.
Di MPR RI, Pansus 2 DPRD Kota Bandung, ditarima ku Sekjen MPR RI Wachid Nugroho, SIP, M.I.P., Kepala Biro Persidangan dan Pemasyarakatan Konstitusi dan Dennis Taufik Rachman, SH, M.H., Kepala Bagian Sekretariat Badan Sosialisasi. Demi di Kementerian Pertahanan (Kemenhan) mah ditarima ku Direktur Bela Negara Direktorat Jenderal Potensi Pertahanan Kementerian Pertahanan Republik Indonesia, Brigjen TNI G. Eko Sunarto.
Dipiharep ayana Panitia Khusus (Pansus) ngeunaan Idéologi Pancasila jeung Wawasan Kabangsaan téh ngawengku rupaning aspék, boh sacara strategis sarta implementatif. Pikeun nguatan wawasan kabangsaan mangsa ancaman disintegrasi, saperti intoleransi, radikalisme, jeung separatisme.
“Dina kawijakan Pendidikan dipiharep aya tarékah pikeun ngajarkeun wawasan kabangsaan sacara leuwih masif dina sistim pendidikan nasional. Tarékah ngayonan ancaman idéologi lian. Ku ayana Pansus mah tiasa diidentifikasi sareng disinglarkeun ancaman-ancaman ideologi transnasional nu pagedrug sareng Pancasila,” ceuk Aa Abdul Rozak.
Sinergi antar lembaga Pansus téh jadi pameungkeut antara lembaga nagara, organisasi masarakat, jeung masarakat umum dina ngajaga idéologi Pancasila. Pansus baris ngajak diskusi masarakat ngeunaan idéologi jeung wawasan kabangsaan, sangkan karasa inklusif jeung relevan. Kampanye Niléy Pancasila téh ditaratas ku Pansus. ***
Leave a comment