Home Warta Katumbiri Najan Aya Isu Dibekukeun PWI Jabar Tetep Solid  Ngadukung KLB
KatumbiriWarta

Najan Aya Isu Dibekukeun PWI Jabar Tetep Solid  Ngadukung KLB

Share
Halal Bihalal jeung Rapat Koordinasi PWI Jawa Barat. (éép nr)
Share

BANDUNG – Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Provinsi Jawa Barat jeung Ketua PWI Kab/Kota sa-Jawa Barat negeskeun deui komitmenna tetep ngadukung kapangurusan hasil Kongres Luar Biasa (KLB) Januari 2024 nu geus kaliwat.

Hilman Hidayat dina acara Halal Bihalal jeung Rapat Koordinasi PWI Jawa Barat. (éép nr)

Komitmen éta ditandeskeun dina pernyataan sikep saréngséna acara halal bihalal di aula PWI Jawa Barat Jalan Wartawan II No. 23, Léngkong, Kota Bandung, Saptu (12/4/2025).

Lian pangurus Jawa Barat, dihadiran ogé panaséhat jeung 20 Ketua PWI Kab/Kota sarta sekretaris jeung bendahara. Sedengkan ketua kabupatén/kota nu teu bisa hadir, panceg ngadukung putusan rapat koordinasi (Rakor) harita.

Dina Rakor éta aya anu disaluyuan nyaéta:

1. Henteu ngaku ayana pembekuan pangurus PWI Provinsi Jawa Barat.

2. Henteu ngaku ayana plt Ketua PWI Provinsi Jawa Barat.

3. Taat kana hasil putusan pléno PWI Jawa Barat sarta PWI Kab/Kota 22 Séptémber 2024, sarta tetep panceg ngadukung KLB.

4.Tetep solid sapamadegan jeung nolak digelarna KLB Provinsi nu bakal dilaksanakeun ku plt versi Hendry CH Bangun.

5. Tetep ngaku Hilman Hidayat minangka Ketua PWI Provinsi Jawa Barat sarta Zulmansyah Sekedang minangka Ketua Umum PWI Pusat.

6. Tetep ngaku Oland PH Sibarani minangka Ketua DK Provinsi Jawa Barat sarta Sasongko Tedjo minangka Ketua DK PWI Pusat.

7.Ngadorong dilakukeun rékonsilisasi deui pikeun ngaréngsékeun polémik (dualisme) di PWI.

“Dinten ieu sim kuring nandeskeun yén Jawa Barat tetep solid ngadukung KLB. Sarta teu kapangaruhan ku ayana surat pembekuan Jawa Barat sarta ditunjukna plt,“ ceuk Hilman.

Hilman ogé umajak ka sakabéh Ketua PWI Kabupatén/Kota di Jabar, tetep ngalaksanakeun gawé saperti biasana.

“Ulah kapangaruhan ku ayana konflik di PWI Pusat sareng isu dualisme di PWI Jabar. Urang sadaya tetep solid sareng beraktivitas sepertos biasa,” ceuk Hilman deui.

Sangsi Tegas

Saacan Rakor ditutup, para ketua PWI Kabuptén/Kota ogé ngadesek sangkan PWI Jabar  méré sangsi tegas ka anggota nu henteu taat kana putusan pléno PWI Jawa Barat.

“Sim kuring sadaya miharep Ketua PWI Jabar sangkan nibankeun sangsi tegas ka anggota nu henteu taat kana putusan organisasi,” ceuk Nila Kusuma Ketua PWI Kabupatén Karawang nu dienyakeun ku sakabéh anu hadir.

Ka anggota anu teu nurut kana putusan organisasi, Hilman nunggu laporan ti nu haladir. “Mun tos aya laporanana, bakal aya tindak lanjutna saluyu sareng mékanisme organisasi,” Hilman nandeskeun.

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...