Home Warta Katumbiri Museum Pers Jawa Barat Bakal Ngadeg di Kota Bandung
KatumbiriWarta

Museum Pers Jawa Barat Bakal Ngadeg di Kota Bandung

Share
Ketua PWI Jawa Barat jeung para narasumber seminar dina soft lounching Museum Pers Jawa Barat. (éép nr)
Share

BANDUNG — Ku réana tokoh pers di Jawa Barat jadi pangdorong pikeun ngawangun Museum Pers Jawa Barat. Hal kitu diungkabkeun ku Ketua Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat, Hilman Hidayat nu boga gagasan pikeun  ngadegkeun Museum Pers Jawa Barat di Jalan Asia Afrika Bandung.

“Ide awalna basa sim kuring ngobrol sareng para tokoh pers Jawa Barat. Dirojong ogé ku asét anu dipimilik sarta nyumponan sarat kanggo ngadegkeun museum,” ceuk Hilman waktu biantara dina acara seminar jeung soft lounching Museum Pers Jabar, Senén (24/2/2025).

Hilman miharep dukungan ti sakabéh pihak pikeun ngawujudkeun Museum Pers Jawa Barat. Komo deui di Jawa Barat téh loba inohong Jabar atawa inohong nasional nu milu bajuang nyorakeun jeung ngagedurkeun sumanget rayat Inonésia pikeun ngarebut tanah air tina leungeun penjajah.

”Minangka penerus sim kuring gaduh kawajiban kanggo neraskeun perjuangan nu parantos dilakukeun ku para sesepuh atanapi senior urang kapungkur. Ku diadegkeunana Museum Pers Jawa Barat ieu minangka nganuhunkeun sareng wujud panghargaan urang sadaya ka para tokoh Pers di Jawa Barat,” ceuk Hilman.

Lian ti digelar seminar ogé aya soft lounching Museum Pers Jawa Barat nu ditandaan ku nandatangan babarengan minangka diawalanana pangwangunan Museum Pers Jawa Barat.

Acara seminar éta dipiluan ku PWI Pokja kota Bandung, jajaran pangurus PWI Jawa Barat, IKWI Jawa Barat sarta Ketua PWI sa-Bandung Raya.

Himan Hidayat, pangheulana nandatangan diawalanana pangwangunan Museum Pers Jawa Barat. (Dok. PWI)

Narasumber nu dihadirkeun nyaéta, Noe Firman minangka pakar Pers, Agit Maulana pakar museum, Januar  P. Ruswita ti SPSI sarta Dudi Sugandi fotographer senior jeung Sekretaris Disparbud Jabar Ani Widiani

Seminar jeung soft lounching éta bisa laksana ku sabab dukungan ti bank bjb, bjb syariah, Summarecon, Diskominfo Jabar sarata Djarum Foundation. ***

Manglé 3017

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

BRI Masrahkeun Pakét Lebaran Pikeun PWI Jawa Barat

BANDUNG – BRI Regional Office Bandung ngaliwatan program “BRI Peduli-Berbagi Bahagia Bersama...

Katumbiri

Lawungan jeung Média, ISBI Bandung Medar Rarancang: Dies Natalis ka-57, Ngukuhkeun Dua Guru Besar Anyar, Tatahar UTBK-SNBT 2025

Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung baris ngagelar runtuyan kagiatan di bulan...

Katumbiri

Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi

Kiper Persib Bandung musim 2010 – 2011, Markus Haris Maulana, ngalegaan ambahan...

TamuWarta

Halaqoh Ash-Sholawat Teu Kendat Babagi Élmu ka Lansia

Nu nyebarkeun élmu kahadéan hususna widang kaagamaan geus réa. Komo di Kota...