Lebaran teu bisa dipisahkeun tina urusan mudik. Mudik kaasup nu dirarancang ti anggangna kénéh sangkan dina prakna aya dina kalancaran sarta saluyu jeung nu dipikahayang. Kumaha mudik dina Lebaran 2025 ayeuna? ***

Mudik rék iraha baé sigana ampir taya bédana. Malah nu intina mah mulang ka lembur nepungan kolot atawa dulur anu dianggap saluhureun pikeun nyacapkeun kasono bari silih hampura.
Keur masarakat Indonésia, mudik geus dianggap prah. Di mamana dilakukeun. Hal kitu bisa kasaksén dina berita-berita anu aya dina telepisi, surat kabar jeung lian ti éta.
Mudik nu ngagunakeun pesawat terbang atawa kapal udara, diberitakeun kumaha kaayaan di bandara saperti naék atawa turunna perséntase jumlah panumpang ti taun saméméhna. Nu ngagunakeun kapal laut atawa féri sarua beritana teu eureun-eureun. Kitu nu deui nu ngagunakeun kandaraan darat saperti karétaapi, beus, mobil pribadi nepi ka anu maraké motor henteu leupas tina berita.
Di titik-titik jalan anu sok macét, sabaraha menit sakali beritana terus murudul. Nu dipiharep keur nu mudik bisa ngira-ngira, kudu jam sabaraha, poé naon upama ngaliwat ka dinya sangkan perjalanan aman jeung lancar.
Biasana anu dianggap mudik mah anu mulangna jauh atawa rada jauh saperti nu ti Jawa Barat ka Jawa Tengah, Jawa Timur, meuntas pulo jeung lian ti éta. Da ari nu deukeut mah saperti ti Cibiru Kota Bandung ka Jatinangor Sumedang najan béda kabupatén tara disebutkeun mudik.
Ayeuna mah mudik maké kandaraan umum téh leuwih praktis. Upamana tumpak karétaapi. Asal dipesen tikét ti jauhna kénéh bakal aman. Moal aya paribasa pagegelek paheula-heula sieun teu kabagéan korsi da geus puguh aya tempatna.
Moal kabéjakeun deui panumpang dariuk di handap pabaliut jeung nu leumpang atawa anu ngamén. Atawa narangtung nahan cangkeul ti mimiti indit nepi ka nu dituju. Éstu sagalana geus tarapti bari harga karcisna gé kawilang murah.
Najan masih aya anu nékad ngagunakeun kandaraan umum saperti beus jeung ‘elf’. Ngan keur anu kitu mah tangtu waé mimilikan. Naha bakal kabagéan kandaraan atawa henteu. Dina kabagéanana gé geus pasti kudu adu tawar heula harga bari jam inditna ogé moal bisa sakahayang anu geus direncanakeun.

Pikeun anu tumpak kandaraan roda dua atawa motor, ti taun ka taun kawasna siga henteu ngurangan. Sangkan kulawarga kabawa kabéh kaasup jeung barang anu dibawa, bélaan motor téh dimodifikasi. Nyieun sarupa bagasi tina kai atawa awi di tukangeun motor keur nunda babawaan. Anu jelas hal kitu téh sabenerna mah kurang aman keur nu tumpakna.
Tapi tetep dilakukeun. Rék ripuh atawa capé cenah mah teu jadi soal. Pilakadar sataun sakali. Capé atawa ripuh mah wajar.
Tempat Favorite
Lamun aya mudik tangtu aya ogé anu disebut arus balik. Nyaéta nu mudik mulang deui ka tempatna. Biasana barang anu dibawa leuwih loba batan keur inditna. Sabab sok dibahanan ku nu ti lembur. Contona mun mulangna ti Rancah atawa sabudeur Ciamis, minangka oléh-oléhna téh Saroja atawa kembang goyang nu jadi ciri kulinér di éta tempat.

Anu mulang ti sabudeur Kuningan, nu sok dibahankeun téh Jeniper atawa Jeruk Nipis Peres jeung peuyeum ketan. Anu mulang ti Jawa Tengah aya nu mawa jenang, ti Jawa Timur nu mekel bérem. Nu ti Garut dibahanan dodol, nu ti Cililin marawa wajit jeung anu lianna. Pokona kulinér asli ti wilayahna masing-masing.
Keur nu tumpak kandaraan umum mah rék mudik atawa arus balik, henteu bisa eureun di mana baé. Tapi keur anu maké kandaraan pribadi, hususna motor, bisa eureun dimana baé sakahayangna.

Pikeun nu sok ngaliwat ka Nagrég mah, nya di éta tempat nu sok dipaké pangreureuhan téh. Utamana dina tanjakan anu di luhurna aya jalan karétaapi jeung dina Lorong Nagrég anu siga torowongan anu sabenerna mah henteu dimeunangkeun ku pulisi sabab ngaganggu kana kalancaran patalimarga. Bari isitirahat téh sakalian popotrétan. Malah bari jarajan sabab loba anu daragang. ***
Manglé 3020
Leave a comment