Kota Bandung-Anggota Pansus 3 DPRD Kota Bandung Dr.Uung Tanuwidjaja S.E., M.M., nétélakeun yén Raperda reklame téh keur dikeureuyeuh ku Pansus 3 DPRD Kota Bandung. Satacan bérés mah baris dilarapkeun moratorium réklame. Kawijakan éta pikeun nyegah sangkan teu nambahan jumlah réklame di tempat-tempat nu dilarang. Moratorium éta dilaksanakeun sabari prosés dijieunna perda réklame.
Nurutkeun Uung, Pansus 3 nu keur ngabahas perda réklame téh nyaéta revisi tina perda nu saacanna. Aya sababaraha hal nu disarungrum nyaéta patalina jeung izin ngawangun, nu ayeuna mah dipahing diwangun di rohang milik jalan (rumija). Ka hareupna mah, réklame kudu napel na témbok sangkan teu ngahalangan pamandangan.
“Janten dipahing aya réklame di rumija. Kumargi katawisna sareukseuk, ngareksak éstetika kota,” ceuk Uung tandes naker.
Nepi ka danget ayeuna, ceuk Uung, masih loba nu ngarempak palanggeran salila dilarapkeunana moratorium. Buktina aya waé patingpucunghul réklame anyar. Utamana reklame nu pangusaha ti luar Kota Bandung. Uung nandeskeun yén Pemkot Bandung kudu nanjeurkeun aturan.

Ceuk éta Pulitisi Nasdem DPRD Kota Bandung téh, keur nyingkahkeun réklame nu kagok tas aya di rumija, éstu énténg bangga. Lantaran butuh waragad nu lain lumayan. Keur nebas réklame téh butuh pakakas. Upama Pemkot Bandung can boga pakakasna, nya kudu nyéwa. Sagigireun ngaluarkeun dana keur nyéwa téh, meuli pakakas gé butuh anggaran nu gedé.
Pasualan éta béda jeung di Jakarta. Pamaréntahna laluasa nindak réklame nu dianggap ngarempak. Lantaran leading sektor tina Raperda nata réklame téh aya di Satpol PP. sagigireun éta Jakarta boga pakakas keur nebas.
“Jakarta téh pada miroséa. Janten upami teu rancingeus mah asa kamalinaan. Aya nu ngarempak langsung baé dibérésan,” pokna.
Uung ngécéskeun yén di Kota Bandung mah masih héngkér nanjeurkeun aturan, salah sahijina lantaran nu ngarempakna aya di wewengkon lian. Pamaréntah daérah séjén mah tas teu ngidinan masang réklame roko. Atuh réklame roko téh balatak di Kota Bandung, kaasup aya di di kawasan nu dipahing. Uung nandeskeun yén dina nata réklame téh loba aspék nu kudu dibebenah.***
Leave a comment