Home Gaya Hirup Implik-implik Monas (Monumén Nasional) Tetep Jadi Primadona Wisatawan
Implik-implik

Monas (Monumén Nasional) Tetep Jadi Primadona Wisatawan

Moal kaitung ceuk paribasana tempat wisata anu aya di Jakarta. Ti mimiti anu biasa-biasa nepi ka anu méwah aya. Kumaha ari Monumén Nasional atawa anu sering disebut Monas? Naha masih tetep Jadi pangjugjugan Masarakat?

Share
Implik Monas 1
Monumen Nasional (Monas)
Share

Pikeun nu resep ulin atawa wisata ngabrangbrangkeun pikir, Monumén Nasional atawa nu geus lumrah sok pada nyebut Monas mangrupa tempat anu wajib didatangan. Komo deui Monas lain ukur tugu biasa. Tapi pangéling ngéling kana perlawanan sarta perjuangan rayat Indonésia dina ngarebut kamerdékaan ti pamaréntahan kolonial Karajaan Belanda.

Sakumaha anu kasaksén waktu Manglé lolongok ti deukeutna (25/05/2024), Monas kacida raména. Teuing harita pédah poé Saptu atawa mémang sapopoéna gé teu jauh ti kitu. Tempat parkir mobil ampir pinuh. Kitu deui motor siga anu diéntép.

Hartina urang Jakartana waé réa pisan nu daratang ka Monas lamun nilik lobana motor anu diparkir mah. Sababna ampir teu mungkin lamun wisatawan saperti ti Bandung atawa Sukabumi mah kana motor.

Nu jelas taya waragad alias meuli karcis ka Monas harita mah. Wisatawan bisa langsung asup anu saméméhna pasti ngaliwatan heula Pasar Lenggang Jakarta nu masih salingkungan jeung Monas.

Ilaharna nu disebut pasar, ampir sagala rupa aya. Kulinér, pakéan, barang karajinan minangka supenir anu idéntik jeung ciri Tugu Monas aya. Daster, kaos, asbak aya gambar atawa logo Monasna.

Hargana gé lumrah. Henteu marahal. Sarua we ilaharna siga di tempat séjén.

Di luar, di jalan raya saméméh asup ka gapura aréa Monas, ngajréngjréng délman séwaan. Nu  dirarangkénan ku hiasan nu sok biasa aya dina ondél-ondél. Nyirikeun kabudayaan Batawi.

Sakaluarna ti aréa pasar anu teu sabaraha lega, nya brasna ka jalan nu lega pisan. Ti dinya wangunan Tugu Monas atra katingal. Wisatawan gé beuki sumanget hayang leuwih ngadeukeutan kana Tugu Monas.

Kudu Apal Carana

Aya sababaraha mobil anu disiapkeun ku nu ngokolakeun. Pikeun nganteurkeun wisatawan ti tempat meuli karcis ka Tugu Monas anu teu sabaraha jauh. Éta gé upama rék asup ka jerona atawa naék ka menarana. Kitu deui sabalikna. Da ari ukur hayang nyaksian tugu ti deukeutna mah teu kudu mayar pisan.

Kabeh kandaraan téh teu maraké jandéla kitu deui henteu dipantoan. Mungkin maksudna supaya ulah hareudang lamun pinuh ku muatan.

Keur urang daérah di luar Jakarta, aya pilihan lamun hayang ka Monas tapi henteu kapegat macét. Nyaéta ngagunakeun kandaraan umum. Nu penting apal cara-carana. Nu pasti bakal sababaraha kali ganti kandaraan. Bisa tumpak karéta heula saperti MRT atawa LRT, nu engkéna mah bisa dituluykeun kana Beus Trans Jakarta anu boga jalur sorangan.

Ngan mun rék kikituan wayahna kudu apal kana téknologi. Sabab sagala rupa pembayaran ngagunakeun E-Money, nyaéta instrumen pembayaran mangrupa duit éléktronik nu ngamangpaatkeun téknologi pikeun kagiatan operasionalna. Mangrupa kartu anu tinggal ditémpélkeun kana hiji alat sarta dijaga ku patugas.

Da ari soal tujuan jurusan mah moal sasab asal leukeun jeung ulah éra tatanya ka patugas atawa néangan katerangan dina handphone.

Hareupeun Tugu Monas réréana mah wisatawan ukur popotoan. Aya ogé anu dariuk atawa istirahat di taman. Dina suasana harita anu hawana teu panas teuing, wisatawan kacida gumbirana. Arinyana saseubeuhna jutrak jetrék popotrétan, sangkan pangalaman ulin ka Monas téh aya dokuméntasina.

Tugu Monas anu ngadeg persis di tengah Lapangan Medan Merdeka Jakarta Pusat téh pangwangunanana dimimitian 17 Agustus 1961 jaman Presidén Soekarno. Tapi dibuka keur umum mah 12 Juli 1975.

Dina puncak tugu anu jangkungna 132 méter téh aya mahkota mangrupa seuneu ngaléntab dina bahan anu cenah mah aya emasna. Ngalambangkeun sumanget perjuangan nu ngabebela ti rahayat nu hayang merdéka. Pikeun pangéling-ngéling kana perlawawan sarta perjuangan rayat Indonésia mangsa ngarebut kamerdékaan ti pamaréntahan Kolonial Hindia Belanda.

Edisi majalah: 2983

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Implik-implik

Banjarmasin Kota Sarébu Walungan

Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut...

Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan...

Implik-implik

Tebing Karaton Éndahna Pamandangan di Lamping Gunung

Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan...

Implik-implik

Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar

Keur sabagian jalma, kopi dianggap jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi...