Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur catur kalayan rupa-rupa jejer. Saha nu teu apal kana dongéng Si Kabayan. Loba variasi carita di saban wewengkon tatar Sunda. Némbongkeun tradisi humor nu kuat. Ngan arang nu ngaropéa tradisi humor éta dina wangun komérsil. Inggis ninggang kalimah, ngabodor hareupeun Jojon. Teu kitu keur Mo Sidik mah. Aya palakiah sangkan humor téh daria, nu daria dihumorkeun.
Mohamad Ali Sidik Zamzami (Mo Sidik) téh lahir tanggal 15 Oktober 1976. Bungsu ti dalapan sadulur téh teureuh Padang, Sumatera Barat. Bumen-bumen di Kota Bandung jadi présénter jeung penyiar radio. Ancrub ka dunya Komika mah éstu digebruskeun ku garwana. Taya carita saméméhna, Mo Sidik didaftarkeun ku garwana miluan Stand Up Comedy Indonésia (SUCI) Kompas TV.
“Ku pun bojo didaftarkeun ngiringan SUCI 1 Kompas TV taun 2011. Audisina téh di Taman Pramuka. Alhamdulillah lolos, sanaos sim kuring sareng pun bojo teu acan ngukur kamampuh dina ngabodor. Upami batur mah palaur ngabodor hareupeun Jojon, sim kuring mah wantun ngabodor payuneun Indro Warkop,” ceuk Mo Sidik dina obrolan jeung Manglé (29/12/2024).
Harita Mo Sidik ngabodor maké basa Inggris. Dieureunkeun heula da kudu ditepikeun ku basa Indonésia. Kituna téh lain gagayaan. Miang tina karesepna kana pidangan stand up comedy luar negeri. Mo Sidik boga koleksi DVD komika luar salah sahijina Gabriel Iglesias.
Pangaresep éta nu ngawewegan cara ngabodor Mo Sidik. Adumanis jeung budaya humor di sabudeureun, inyana boga pandangan yén pangaruh komédi keur soranganeun mah nya 100%. Ngan dina kahirupan batur mah gumantung pribadi jeung kaayaan. Contona baé mangsa mahabuna sasalad Corona (Covid-19) taya nu miduli kana komédi. Mo Sidik ngeusian lolongkrangna ku balantik pakakas zoom meeting.



“Waktos ngabodor mah kedah saé. Anapon mangpaat nu karaos ku nu ngadangukeun mah nya gumantung éta mah. Aya nu nyebat yén laughter is medicine, seuri téh nyéhatkeun, wadul éta mah. Sim kuring sering ngabodor mangsa sasalad, geuning teu daramang,” ceuk Mo Sidik bari gumujeng.
Lian ti dipangaruhan ku kaayaan, écés Mo Sidik, dinamika Komika mah pipindahan antara lucu jeung teu lucu. Kanyataanana mah keur ngabodor di panggung téh leuwih loba nu teu lucuna. Ninggang ka nu teu jembar manah mah matak stress. Teu matak hémeng aya Komika nu tuluy maké narkoba atawa kajiret kasus lianna.
“Sim kuring mah resep ngabodor. Janten Komika téh sanés mung ngala artos. Aya hal-hal sanés nu hoyong didugikeun,” pokna.
Tina jalan stand up comedy, Mo Sidik bisa lampar ka luar negeri di antarana ka Afganistan, Inggris, Jepang, Australia. Aya pangalaman basa nganjang ka Afganistan, harita inditna téh jeung Om Farhan (Muhammad Farhan-Wali Kota Bandung pinilih). Basa rék mulang ka lemah cai, Kabul diserang. Antukna nambahan dua poé nyicingan éta nagara. Aya kabungah basa di Kedutaan Besar Kabul ngobrol basa Sunda jeung diplomat.
“Waktos ngobrol nganggo basa Sunda di Kedubes Kabul téh, Om Farhan nyeletuk, asa nuju di Cimahi. Kituna téh sanés mung di Kedubes Afganistan, di Jepang, Malaysia, Australia gé sami. Horéng seueur urang Sunda nu jeneng diplomat,” ceuk Mo Sidik bangun reueus.
Basa Sunda nu boga tradisi ngabodor téh mangaruhan kana cara ngomong. Teu matak hémeng aya sawatara komedian nu ngandelkeun basa Sunda dina matéri bodorna. Mo Sidik gé upama aya kasempetan ngabodor di Bandung atawa daérah Jawa Barat lianna mah rajeun maké basa Sunda.
“Sim kuring tiasa rupi-rupi logat Sunda, terang ogé istilah-istilah kasundaan. Da stand up mah saé upami teu disénsor. Ngabodor ku basa Sunda upami tos dibungbuan ku unyang-anying téh langkung karaos. Waktos sapanggung sareng Anyun, Gusman, éta peupeusna téh mani mancawura!” pokna.
Nurutkeun Mo Sidik kultur Sunda téh mangaruhan pisan dina widang bobodoran mah. Ngan kudu motékar. Hususna dina originalitas. Budaya humor Sunda mah akarna story telling. Seniman Sunda nu kasohor téh nu bisa midangkeun karya original nu kuat karakter nu jadi ciri mandiri. Saperti Pidi Baiq, Budi Dalton, Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya, Kang Ibing, jsb.


Mo Sidik ngécéskeun yén seni tradisi kudu jadi roh dina karya. Srimulat kuat ku rasa Jawa. Basa diondang ku Kulawarga Pa Harto (Presiden kadua Republik Indonesia), reuwas kareureuhnakeun lantaran teu mahér nyarita ku basa Indonésia. Percaya kana pintonan khas Jawa nu nganteurkeun éta grup tinemu jaya. Conto lianna dina film ‘Agak Laén’ nu béntangna 4 Komédian Sumatera Utara. Bisa nembus rékor 9 juta panongton, ngéléhkeun Warkop.
“Urang Sunda upami nuju di luar daérah ulah ical kasundaanana. Waktos sim kuring stand up nganggo basa Sunda di Jakarta, éta nu lalajo téh sakedik. Padahal di Blok M, unggal usik pasti nguping nu nyarios basa Sunda,” pokna.
Kiwari Mo Sidik ngokolakeun komedi klub di Jakarta. Inyana gé keur getol nyieunan film jeung series. Mo Sidik terus ngalegaan ambahan dina ngabudayakeun humor, humor jadi budaya. (Tim Manglé)
Mangle No. 3010
Leave a comment