Carpon Barudak

Milu Ka TPS

“Hayu,” kuring heuay meni merelek. Satepina di imah, dug kuring saré luhur kasur busa. Nyaring-nyaring kagareuwahkeun ku sora ucing nu paséa, teuing marebutkeun naon.

Share
Carpon Barudak Milu ka TPS warna
Share

Kintunan ti Ani Maryani Kabupatén Bekasi

Bapa kuring rék tugas di TPS. Teuing bagian naon.


“Hayang milu,” ceuk kuring.


“Rék naon? Jauh jeung lila bapa mah,” ceuk Bapa.


“Kesel di imah mah,” ceuk kuring anu geus teu boga ema.


“Moal nyoblos ieuh manéh mah,” pokna.


Kuring maksa milu. Satepina di TPS Bapa langsung baranggawé, kuring teu merhatikeun. Gék diuk dina korsi plastik nu aya deukeut panto asup ka tempat nyoblos. Maén game.


“Ukim, jeung saha ka dieu?” tanya awéwé anu horéng Bibi.


“Jeung bapa,” jawab kuring bari salam ka adina ema.


Ku Bibi kuring dibéré duit 10 rébu. Atoh kabina-bina. Keur peré sakola mah euweuh duit bekel.


“Nuhun,” ceuk kuring ka Bibi anu rék asup ka jero kelas éta SD.


Kuring jadi kaingetan Uwa gé pasti ka TPS ieu nyoblosna. Nu dianti aya, sarua méré duit. Leuwih gedé malah, 30 rébu. Poé ieu kuring meunang rejeki anu teu disangka saacanna.

Paingan hayang milu ka TPS. Moal bébéja ka Bapa, sabab bisi teu dibekelan isuk jeung poé-poé satuluyna. Rét mata kuring ka beulah kidul, aya ibu-ibu ngariung tukang baso. Gancang kuring nyampeurkeun tukang baso anu dagangna maké roda. Saporsina 12 rébu hargana. Malaur di imah dahar sangu jeung asin nu teu matak nyari.


“Bapa mah mulangna lila kénéh,” ceuk Bapa anu teu apaleun kuring tas ngabaso.


“Mending di dieu, di imah mah kesel,” jawab kuring.


Bapa mikeun konsumsi ka kuring. Éta dus ditampanan.


“Karep atuh,” ceuk Bapa bari asup deui ka jero rohangan.


Nyedek ka wanci Duhur kuring ngarasa tunduh. Loba barangdahar meureun.


“Hayu urang bareng balik!” ceuk saurang lalaki nepak taktak.


Aya ku nyiar-nyiar piatoheun. Tatangga kuring anu nyoblos kapandeurian ngajakan balik bareng.


“Hayu,” kuring heuay meni merelek.
Satepina di imah, dug kuring saré luhur kasur busa. Nyaring-nyaring kagareuwahkeun ku sora ucing nu paséa, teuing marebutkeun naon.

Piraku marebutkeun pilihan dina pilkada mah, sato moal bet apal kana pilkada, apalna gé kana asin peda. Ucing batur. Leungeun kuring ngarampa pésak calana, naha duit kari 10 rébu? Ka mana deui? Jelas inget tadi ngan ngabaso wungkul. Duh boa ragrag di TPS, heug aya anu mulung. Bagja teu daulat atuh kaya kieu mah, mangkaning jauh ka TPS téh. Bapa teu mawa HP deuih. Boga duit gedé iraha deui.


Bapa mulang tengah peuting. Waktu Bapa ngahudangkeun kuring, kuring nyaring bari lulungu. Méméh saré mah mikiran duit, waktu nyaring geus poho kana duit.


“Yeuh duit!” ceuk Bapa.


Rasa tunduh leungit kaganti ku cénghar. Bapa manggihan duit ti handapeun korsi. Kahanjelu sirna. Teu cocéng saeutik gé. Ngan alamat moal dibekelan pikeun sababaraha poé ku Bapa.


“Tunduh? Bapa mawa sangu jeung deungeunna,” ceuk Bapa.


Kuring teu nyangu. Tadi teu hayang dahar deui sabab sareubeuh kénéh jeung kapikiran waé kana duit.


Séjén deui jeung Amir. Manéhna milu jeung bapana ka TPS tapi lain jadi patugas. Bapana dagang batagor ti isuk nepikeun ka burit. Di TPS loba anu daragang, meunang bati gedé. Amir mantuan bapana dagang.


“Iraha urang bisa milih pamingpin?” tanya kuring.


“Lila kénéh, isukan di mana geus 17 taun,” ceuk Amir anu umurna 9 taun.


“Saha anu apal isukan urang jadi calon pamingpin, jadi bupati,” ceuk kuring anu sapantar jeung manéhna.


“Kuring mah hayang jadi gubernur,” pokna.


“Ngaca ah, anak tukang batagor hayang jadi gubernur?!” ceuk Lukman anu anyar datang ka sakola.


“Mémangna ku naon mun anak tukang batagor?” tanya kuring bari neuteup éta babaturan sakelas.

Edisi majalah: 3005

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Barudak

Kuduna Mah Rudi

Ku: Hérmana Ti keur kelas hiji nepikeun ka ayeuna kelas opat, Nana...

bapak bersama anak sedang berboncengan sepeda
Carpon Barudak

Milu Dagang jeung Bapa

Ku Wulan Ratnaningrum Ti peuting mula Ara geus omat-omatan ka bapana isukan...