Ku Wulan Ratnaningrum
Ti peuting mula Ara geus omat-omatan ka bapana isukan hayang milu dagang. Isukan poé Minggu, poé peré sakola. Ara sok resepeun mun pas peré sakola milu dagang tahu jeung bapana.
Sakira pukul genep isuk-isuk, Ara geus haget mandi tuluy maké baju rada alus. Manéhna diuk di tepas hareup nungguan bapana. Teu poho sasarap heula.
“Hayu, tos bérés!” ceuk bapana ka Ara bari nuyun sapédah paragi dagang tahu.
Ara nyampeurkeun bapana. Tuluy naék kana pangboncéngan. Karanjang konténer wadah tahu dicepengan ku Ara di katuhueunana. Najan wadahna gedé ogé, tapi teu héséeun nyepenganana. Teu lila Ara jeung bapana indit ngajugjug pabrik tahu.
Aya kana lima belas menitna ka pabrik tahu téh, da teu pati jauh. Tahu 40 bungkus geus diteundeun dina kontener palastik. Sabuungkusna aya 10 siki. Konténer palastik disimpen dina pangbocéngan, ditalian. Ayeuna mah Ara diukna di hareup dina palang sapédah, nyangigir. Lebah komplék perumahan sapédah méngkol. Langganan bapana Ara geus loba di éta komplék.
“Pa, can aya nu mésér waé geuning!” ceuk Ara bari luak-lieuk nempoan imah di éta komplék.
“Tara nu hareup mah. Ké ka belah ditu pasti loba,” ceuk bapana bari jongjon ngaboséh.
Kaluar awéwé ti imah nu cétna héjo bari ngageroan bapana Ara. “Mang Dadang, tahu dua bungkus!”
Bapana Ara langsung ngeureunkeun sapédahna. Tuluy turun tina sapédah. Ara ogé milu turun. Song tahu dua bungkus. Duitna ditampanan. Ara katémbong seuri.
“Ieu kana kantongkeun artosna!” ceuk bapana. Lep duit téh diasupkeun kana kantong.
“Nuhun, Bi!” Bapana Ara ngomong kituna téh bari nuyun sapédahna. Teu eureun gogorowokan nanawarkeun tahuna. “Tahu … Tahu Kéju!”
Ara gé miluan ngagorowok tahu-tahuan. “Tahu … Tahuuu …!”
“Pa, naha teu naék sapédah deui?”
“Ké di hareup aya langgan anyar.”
Opat imah ti imah héjo, aya deui nu ngageroan. Ayeuna mah duaan nu ngageroanana téh. imahna pagigir-gigir. Meulina sabungkus séwang. Geus kitu mah jul-jol nu meuli tahu téh.
Ara ngarasa atoheun pisan. Duit pamayar ti nu meuli ayeuna mah ku manéhna ditampananana. Mun kudu dipulangan ku bapana sok dipangitungkeun heula. Beuki atoheun Ara téh mun duit pamulangan dibikeun ku nu meuli ka manéhna. Sok tuluy ngomong nuhun ka nu méréna.
“Pa, tos séép can tahuna?”
“Acan. Hayu urang pindah dagangna ka lemur belah kulon.”
Ara dititah naék deui kana sapédah. Bapana ngaboséh. Ara mah sura-seuri, da resep milu dagang jeung bapana.
Di jajalaneun rék ka lembur kuloneun komplék téa aya nu meuli hiji dua. Nepi ka lembur nu meuli teu saloba di komplék. Dagangan bapana Ara nyésa lima bungkus deui.
“Hayu urang ngaso heula di pos ronda,” ceuk bapana Ara bari nuduhkeun pos ronda nu kosong.
Sapédah distandarkeun. Ara jeung bapana diuk dina bangku pos ronda. Ara nyokot cai nu dicantélkeun dina stang sapédah. Leguk nginum. Kitu deui bapana.
“Rék uih ayeuna, Pa?”
“Kéla, aya lima siki deui. Sabar heula wé.”
Keur ngahuleng kitu, jol ibu-ibu nanyakeun tahuna. Meuli dua bungkus. Diladanganana ogé ku Ara.
“Tinggal tilu bungkus nya, Ra. Dua bungkus deui mah keur si Ema wé di imah, urang goréng. Pan Ara gé hayang goréng tahu?”
“Hoyong atuh, Pa. dikucuran kécap Ara mah resepna.”
“Tah sabungkus deui mah urang bikeun ka Mang Sapri, sok atoheun mun dibéré tahu téh.”
“Moal masihan artos atuh, Pa, mun dipasihkeun mah.”
“His, ulah kitu. Keun baé teu nanaon.”
“Enya atuh, Pa.”
“Hayu urang balik, geus beurang. Urang ngagoréng tahu dikecapan.”
“Asik. Hayu, Pa!”
Ara langsung naék kana sapédah. Bapana tuluy ngaboséh. Duaan mulang muru imahna.***
Bandung, 25 April 2024
Edisi Majalah 2978
Leave a comment