Home Warta Katumbiri Milangkala Ka-57 ISBI Bandung: Mancegkeun Patékadan Nyorang PTN BLU
Katumbiri

Milangkala Ka-57 ISBI Bandung: Mancegkeun Patékadan Nyorang PTN BLU

Share
Share

Kota Bandung-Institut Seni Budaya Bandung (ISBI Bandung) ngagelar Sidang Terbuka Senat Akademik dina raraga Dies Natalis ka-57 jeung Ngukuhkeun Guru Besar, nu lumangsung di Gedong Kasenian Sunan Ambu ISBI Bandung, Jalan Buahbatu No 212 (9/4/2025). Demi jejer milangkala taun ayeuna nyaéta “Transformasi ISBI Bandung Menuju Perguruan Tinggi Negeri Badan Layanan Umum (PTN-BLU): Preservasi dan Inovasi Kebudayaan Berbasis Teknologi dan Industri Kreatif.”

Hadir dina éta kagiatan Ketua Dewan Penyantun ISBI Bandung Erry Riyana Hardjapamekas, S.E., Ketua DPRD Jawa Barat, Dr. H. Buky Wibawa, M.Si., Wali Kota Bandung, Muhammad Farhan, S.E. Dina éta kasempetan, Farhan nétélakeun yén Kota Bandung téh puseur atikan, kaasup ayana ISBI Bandung nu jadi institut seni budaya kasohor di Indonésia.

“ISBI Bandung téh perguruan tinggi negeri nu ngatik, nalungtik, tur ngabdi ka masarakat. Pemkot Bandung ngarojong pisan kamekaran atikan di ISBI,” ceuk Farhan tandes naker.

Farhan miharep Kota Bandung jadi dayeuh nu mukakeun lawang kana asupna rupaning budaya ti saampar jagat. Ku kituna penting pikeun ISBI Bandung dina nguatan kabudayaan sarta seni tradisi Jawa Barat sangkan dipikawanoh ku masarakat dunya.

Ketua DPRD Jabar Buky miharep ISBI Bandung kukuh pengkuh ngamumulé ajén inajén kabudayaan. Seni tradisi terus weweg najan katembrag arus globalisasi jeung kamajuan téhnologi.

Helaran ngareuah-reuah Milangkala ka-57 ISBI Bandung

“DPRD Jawa Barat nuju ngabaladah Perda perkawis Pemajuan Kebudayaan. Tangtos nampi pisan bongbolongan ti dosén-dosén ISBI Bandung,” pokna.

Buky nandeskeun yén partisipasi ISBI Bandung dina program kabudayaan di Jawa Barat téh nembrag pisan. ISBI Bandung bisa némbongkeun yén kabudayaan téh bisa ngojayan arus globalisasi jeung téhnologi. Ajén inajén kabudayaan jadi warisan budaya nu luhung.

Rektor ISBI Bandung., Dr. Retno Dwimarwati, S.Sen., M.Hum., nétélakeun yén Dies Natalis ka-57 téh kasebut ahéng, lantaran dipiéling tanggal 1 April. Hal éta dumasar hasil Rapat Pleno Senat Akademik, nyoko kana ngadegna Konservatori Tari (KORI) ku medalna Surat Keputusan Walikota Madya Bandung No. 5539/68 tanggal 31 Maret 1968. Parobahan tanggal téh tinimbanganana kana aspék historis, strategis, sarta kultural dina lalakon institusi seni di Jawa Barat.

Nurutkeun Retno, loba nu kudu diteuleuman tina kabudayaan. Laju tamperan lenyepaneunana dilarapkeun, hususna dina atikan budaya ka masarakat Indonésia. ISBI Bandung jadi agén kamajuan kabudayaan di sagala séktor.

Tari Caruban pintonan bubuka Sidang Terbuka Senat Akademika ISBI Bandung

Retno ngécéskeun yén tujuan tina transformasi ISBI Bandung téh jadi PTN-BLU. Milangkala ngagedurkeun sumanget pikeun ningkatkeun fleksibilitas dina ngokolakeun waragad, ngalegaan rohang inovasi, sarta nguatan mimitran lintas séktor. Hal éta luyu jeung rarancang ngadegkeun kampus ISBI di Sumedang, Kabupatén Bandung Barat, jeung Kabupaten Bandung.

“ISBI Bandung gé nyaluyukeun kurikulum sareng kamekaran dunya industri. Ku kituna dihangkeutkeun fasilitas dina raraga medalkeun Sumber Daya Manusa nu tiasa ngajomantara,” ceuk Retno tandes naker.

Dina éta acara gé, ISBI Bandung ngukuhkeun dua Guru Besar anyar, nyaéta Prof. Dr. Benny Yohannes Timmerman, S.Sen., M.Hum., salaku Guru Besar widang Ilmu Estetika Teater Fakultas Seni Pertunjukan (FSP), kalayan nepikeun orasi ilmiah nu judulna: Beberapa Hipotesis Karakteristik Estetika Urban. Laju Prof. Dr. Husen Hendriyana, S.Sn., M.Ds., salaku Guru Besar widang Ilmu Seni Kriya di Fakultas Seni Rupa dan Desain (FSRD), kalayan nepikeun orasi ilmiah nu judulna: Sustainable Craft Design dan Environmental Craftpreneurship: Pendekatan Inovasi Produk Kriya untuk Mendukung Pencapaian Tujuan SDGs Nasional dan Global.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...